Rabu, 31 Juli 2013

"ROMANTIKA CINTA" DI KAMPOENG NYUBLEK

Panganteur

Tepikeun ka taun 1970-an mah ieu tempat téh masih kénéh disebut Kampung Nyublek. Perenahna di sisi jalan antara Cicaheum jeung Ujungberung, pas deukeut tikungan Sukamiskin Kota Bandung tebéh wétan. Urang dinya ngalandi Nyublek, bisa jadi lantaran jalan aspal di palebah dinya nikung semu murilit jeung nurugtug mudun. Saméméh taun 1970-an, ieu tikungan téh mudun nurugtug, loba kandaraan anu cilaka, tigorobas kana jungkrang tebéh kiduleun jalan. Nu cilaka tepika tiwasna, geus teu kaitung.

Dina taun 1970-an, jalan bagéan handap diurug tepikeun ka teu mudun teuing. Ngan lamun mah kiwari masih kénéh sok loba anu cilaka, éta mah alatan kandaraan nu lalar-liwat, utamana sepéda-motor, ngajalankeun kandaraan sakama-kama.

Ku pangagung lokal nu “kréatif”, Kampung Nyublek dirobah jadi Kampung Kertasari, nuturkeun kampung peuntaseunana anu asalna Kampung Burahol, robah jadi Kampung Simpangsari, Désa Cikadut jadi Kelurahan Pamulang.

Barudak ngora di Kampung Kertasari anu apal kana ngaran asal ieu kampung, masih tetep mertahankeun, ngan supaya rada légég nulisna jadi Néwblack. Ngan ceuk hasil panalungtikan, bisa jadi teu salah-salah teuing. Lain ukur kabeneran lamun Belanda dina taun 1800-an ngalandi ieu tempat ku istilah Néw Block anu hartina kampung anu anyar dibuka.

Tepikeun ka taun 1890 mah, di sisi jalan Raya Pos Daéndéls palebah Nyublek kiwari aya gedong Belanda, mangrupa tangsi atawa asrama para pajabat lokal kalangan bangsa Belanda. Ieu kompléks tangsi Belanda katelahna Eintech Fronte (Kampung Eintech). Katelah Néw Block sabab saméméh aya pilemburan pribumi, nu pangheulana ngadeg téh nyaéta Eintech Fronte nu diwengku ku tangsi atawa asrama pagawé pertengahan bangsa Belanda. Pamaréntahan Belanda perlu nyieun perumahan di dieu sabab harita Kampung Nyublek jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan. Nya di ieu tempat ieu carita téh lumangsungna. Nona Irene, rumaja wanita kulawarga bangsawan Belanda, teu dipirido pakait ati jeung Radén Abirangga, anak tua kampung di éta tempat ngan teu dipirido ku bangsa Belanda. ***



1. Bubuka

DINA catetan buku statistik urang Belanda baheula, nyaéta buku Aardrijkskundig en Statistisch Woordeboek van Nederlandsch Indie, anu kungsi kacatet di Landsarchivaris (arsip nagara) di Batavia disebutkeun yén Ujungberung téh nyaéta Negorij Bandung Wést Oédjoéngbroéng. Ujungberung Wétan.wilayahna jauh leuwih lega batan Ujungberung kiwari anu sakadar jadi wilayah kacamatan. Baheula mah dina jaman Belanda, nyaéta sanggeus Jalan Raya Pos dijieun ku Gupernur Jénderal Daéndéls, Ujungberung téh mangrupa wilayah distrik.

Jaman Kabupatén Bandung masih di Karapyak, nyaéta saméméh taun 1810, kaéréh ka wewengkon anu disebut Ujungberung. Sanggeus pamaréntahan Belanda ngawanohkeun sistem distrik, Ujungberung dibagi dua distrik, nyaéta Distrik Ujungberung Wétan jeung Distrik Ujungberung Kulon. Tapel wates antara wétan jeung kulon téh nyaéta di Kaca-kaca Wétan atawa Parapatan Lima (Simpang Lima kuduna) mun ayeuna.

Ti mana jolna ngaran Ujungberung? Tétéla aya sababaraha vérsi. Vérsi anu pangheubeulna, nyaéta anu dipatalikeun jeung sasakala Gunung Tangkubanparahu. Basa Sangkuriang keur tihothat nyieun parahu, Dayang Sumbi kacida hariwangeunana sieun pagawéan anu dipaké pasaratan kawinan Sangkuriang laksana. Mun enya kudu kitu, piraku teuing anak ngawin indung. Dayang Sumbi unggah kana pasir ngélébétkeun karémbong mayang sangkan panonpoé geuwat mucunghul. Kapan kitu pasaratanana, daék dikawin saratna nyieun talaga sapeuting katut parahu keur lalayaran.

Lian ti ngélébét-ngélébétkeun karémbong, Dayang Sumbi gé nitah kaom ibu pikeun nutu paré dina lisung. Basa ngadéngé aya halu ramé pakentrung, atuh hayam gé carengkat hudang bari kongkorongok da disangkana geus beurang. Ngadéngé hayam ramé kongkorongok jeung kokotak, para guriang anu diparéntahkeun nyieun talaga sapeuting jadi teu neruskeun hanca gawé sabab maranéhna mah pantrang molah gawé pabeubeurang. Atuh talaga sapeuting téh teu tulus anggeus. Mireungeuh kitu, Sangkuriang ambek nataku, parahu disépak tepikeun ka nangkub, nya kiwari jadi Gunung Tangkubanparahu. Ari karémbong mayang bogana Dayang Sumbi, robah jadi Gunung Manglayang. Gunung anu kaina dialaan jang parahu, kiwari katelahna Gunung Buktitunggul.

Gunung Manglayang téh mangrupa tempat ahir Sangkuriang dina ngaberung napsu, pajah ujungna ngaberung, nya jadi Ujungberung.

Vérsi séjén dipatalikeun jeung lalampahan Dipati Ukur dina patelakna jeung Mataram. Pasukan Dipati Ukur téh abur-aburan ti tatar Ukur ka tebéh wétan, nya anjog ka tungtung urut basisir Talaga Bandung Purba. Di sisi-sisi urut basisir téh, jembet ku leuweung awi. Dipati Ukur katut balad-baladna nyumput di dinya tepikeun ka teu kapanggih ku musuh. Ieu tempat ku Mataram mah disebut ujungna hiji gerakan dina tarékah nyusul-nyusul Dipati Ukur. Ieu tempat gé dianggap tempat ngaberungna napsu dina kaambek ka Dipati Ukur. Ka dieunakeun cenah katelah baé Ujungberung. Wilayah-wilayah anu kungsi dijugjug keur ngudag Dipati Ukur téh bisa jadi ti mimiti Kampung Palintang (Demah Luhur), tepikeun ka Panyiraman (hulu Citarum) di suku Gunung Wayang. Tug ka kiwari boh di Palintang boh di Panyiraman aya kapanggih situs-situs anu dianggap kungsi jadi tempat panyumputan Dipati Ukur. Di éta dua situs aya “makam Dipati Ukur”, nyaéta makam tiruan jang nyamarkeun musuh.

Vérsi nu katilu, bisa jadi ngaran Ujungberung, dicokot tina kecap Ujungan jeung ngaberung (ngumbar). Cenah baheula, para jawara Sunda ti beulah wétan (Galuh), sataun sakali sok ngayakeun lalampahan ka tatar kulon Sunda (Pajajaran) pikeun mecak kabisa. Dina mecak kabisa téh di antara ngayakeun pertandingan ujungan. Ujungan téh nyaéta olahraga silih babuk bitis ngagunakeun hoé. Nu di pakalangan téh kudu pakuat-kuat ngababuk jeung pakuat-kuat dibabuk. Lamun keur lalampahan ti wétan muru ka kulon, sok reureuhna téh di sisieun Citarum, sabab Citarum kaasup wates antara Galuh jeung Pajajaran. Di sisi Citarum, para jawara lalatihan ujungan. Nu dibabuk ku hoé satékah polah kudu bisa ngaberung napsu, ulah ambek. Ti dinya cenah mimitina aya kecap Ujungberung téh, nyaéta hiji tarékah dina raraga ngaberung napsu dibabuk hoé dina kagiatan ujungan.

Ayeuna balik deui kana sasakala Sangkuriang. Situ Hiyang anu aya dina éta sasakala, atawa anu geus jadi ranca dina jamanna Galuh jeung Pajajaran, komo dina jamanna Dipati Ukur, basa keur ngabentuk talaga purba mah, kajadianana kira 6000 taun katukang. Éta téh balukar Gunung Sunda ( ka dieunakeun jadi Gunung Tangkubanparahu) bitu. Lava gunung geus mongpokan Citarum Purba tepikeun ka caina ngeueum padataran Bandung. Legana Situ Hiyang téh ti mimiti Cilaléngka-Ujungberung- tepikeun ka Padalarang, jauhna kurang-leuwih 50 km. Ka kalér jeung ka kidulna ti mimiti Bukit Dago-Soréang-Ciwidey, jauhna 30 km. Beungeut cai talaga, luhurna 732 méter tina beungeut laut. Buktina, di sababaraha pasir di sabudeureun Bandung kapanggih aya artéfak sésa kabudayaan manusa Bandung Purba, saperti anu kapanggih di Guha Pawon, Padalarang. Éta wewengkon téh diduga baheulana, sisi basisir Talaga Bandung Purba. Ujungberung gé bisa jadi baheulana mangrupa sisi talaga. Kecap ujung téh bisa ogé disebut tanjung. Buktina, diwewengkon séjén anu diduga baheulana basisir, katelah aya patempatan anu maké kecap tanjung, saperti Tanjungkerta, Tanjungsari, Tanjungjaya, Tanjungwangi. Kecap bojong atawa bobojong gé ngagambarkeun patempat di sisi cai, saperti tempat nu aya di sapanjang Majalaya, Banjaran tepika Cililin, aya tempat anu disebutna Bojong Malaka, Bojong Cibodas, Bojong Manggu, Bojong Pulus, Bojong Kalong, Bojong Jambu, Bojong Rangkas, Bojong Emas, Bojong Jati, Bojong Gedé, Bojong Kaso, Bojong Nangka, Bojong Peundeuy, Bojong Monyét, Bojong Gempol jeung sajabana. Di wewengkon Bandung anu kaéréh ka Districk Oédjoéngbroéng ogé aya tempat-tempat saperti Bojong Soang, Bojong Gaok, Bojong Konéng, Bojong Loa, Bojong Reungas, Bojong Kunci, Bojong Awi jeung sajabana.

Ku sabab Ujungberung euyeub ku riwayat, teu kaleuleuwihi mun Belanda ogé nganggap penting ka ieu tempat, nu matak sacara administrasi, dibenum jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan. Puseur dayeuhna lain di deukeut Alun-alun ayeuna tapi malah di Kampung Nyublek kiwari nu anggangna kira lima pal tina titik 0 km.

Ari milih Kampung Nyublek jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan, sabab ti taun 1830 di kaléreunana, nyaéta ti mimiti Kampung Rasagalor (hulu Cikadut), tepikeun ka Kampung Cigorowong (hulu Sindanglaya), néba perkebunan kopi. Hasil kopi dibawana ka Kampung Nyublek saméméh diiangkeun ka Batavia téh.

Ku sabab aya perkebunan kopi, di sabudeureun Eintech Fronte (Kampung Eintech) renung pilemburan anyar dieusian ku penduduk asli. Malah ku sabab jumlah penduduk ngalobaan, ahirna perlu aya tua kampungna, hiji turunan ménak turunan Karajaan Arcamanik, kaléreun Kampung Nyublek. Ti dieu dimimitianana ieu carita téh. ***



2. Nona Iréné

KAMPUNG Nyublek taun 1890.

Isuk-isuk keur hadé poéna. Panonpoé kakara meleték tina sela-sela mumunggang Gunung Manglayang tapi di sakuriling lembur, halimun masih kandel minuhan alam. Najan kitu ari di sisieun Jalan Raya Pos Daéndéls mah, welasan jalma nu teu dibaraju, katémbong keur pakepuk naék-naékkeun karung goni nu dieusian ku buah kopi.

Usum halodo ieu téh pelak kopi ti wewengkon Rasagalor jeung Cigorowong keur meujeuhna meuhpeuy jeung geus meujeuhna diala.

Pagawé nu keur naék-naékeun karung goni kana roda padati téh, isuk-isuk kitu geus boborot ku késang. Sababaraha urang mah malah keur jemprak dariuk sisi jalan padati bari ngarinum cai kendi.

“Geuwatkeun bisi kasoréan tepi!” ceuk mandor anu awakna besekel, kumisna baplang.

“Ieu téh badé ditarik ka mana, Gamparan?” ceuk salah-saurang pagawé.

“Nya biasa wé ka Batawi, ngan sia kabéh mah ukur kaagéhan ngakut padati tepika sisi Citarum wé, ke ti dinya eudeuk diakut kana parahu ka Tanjungpura, bangblas ka Teluknaga, geus kitu dipindahkeun, diakut kana jung muru Sundakalapa,” ceuk mandor nerangkeun.

Ceuk manéhna, Ti sisi Citarum kénéh ogé aleutan kopi téh geus nambahan da ti pakidulan tatar Ukur gé hasil panen kopi geus dikumpulkeun di Rajamandala.

“Atuh angot beuki tepi ka Tanjungpura mah, aleutan padati nu ngakut kopi beuki loba jumlahna, sabab pelak kopi ti Leuweung Cantayan di sapanjang Citarum ogé geus diakut ka Tanjungpura deuih,” ceuk mandor deui.

“Hayoh geuwatkeun, lain tingpéléyé kitu!” ceuk mandor deui duméh pagawé jiga harayang kénéh ngaso.

“Pamugi keresan ngantosan sakedap, margi padati kagungan Tua Kampung tacan hol baé,” ceuk pagawé.

“Naha aya ku léléda, nya? Montong sok sagenahna, ulah abong jalma pangkat!” mandor kutuk-gendeng.

Ngan teu kungsi lila, ti tebéh kulon jol roda padati ditarikku munding. Hareupeunana, aya kuda nyongklang anca, nu numpakna lalaki ngora awak sembada. Umurna kira 18 taunan.

“Tuh geuning Radén Abirangga sumping ...” ceuk pagawé.

“Saha Radén Abirangga téh?” ceuk mandor naléngténg. Pagawé neuteup héran. Meureun manghérankeun piraku teu apal ka Radén Abirangga.

“Moal apaleun pan Juragan Mandor nu ieu mah nembé pisan alihan ti Rajamandala,” ceuk pagawé séjénna.

Atuh ari geus nyaho kitu mah, daradad pagawé nerangkeun.

“Radén Abirangga téh putrana Tua Kampung Radén Padminata, atawa oge katelah Radén Padmawinata” pokna nerangkeun.

“Kasép jeung gagah euy budak téh ...” mandor teu karasa ngunyem némbongkeun pamuji.

“Teu pindo damel da puguh turunan ménak karajaan.”

“Baruk?”

“Apanan kapungkur di tonggoheun urang aya Karajaan Arcamanik. Tua Kampung téh sasat turunan ménak karajaan, nun ...” ceuk pagawé. Mandor unggut-unggutan. Basa Radén Abirangga anjog tur turun tina kuda ogé, mandor mah masih kénéh unggut-unggutan.

Atuh sanajan teu apal keur jadi bahan catur, ari mireungeuh aya jalma besekel unggut mah, Radén Abirangga gé milu unggut.

“Éta padati eusina kopi?” ceuk mandor tumanya. Radén Abirangga ngaenyakeun cukup ku unggeuk.

“Sumuhun iangkeuneun ka Rajamandala, kulan?”

Pikeun kadua kalina Radén Abirangga unggeuk.

“Atuh kedah ditimbang heula, kaulanun ...” ceuk mandor.

Ngan sabot kitu, torojol jalma saurang. Awakna jangkung gedé, sapasang leungeunna tingberehil.

“Naha ieu téh ngajaredog baé lain geura-geura jung?” pokna tipopolotot. Mireungeuh kitu, mandor gé jiga gimireun.

“Ieu nun aya nu tinggaleun ...” ceuk mandor nuduhkeun ka palebah roda padati, eusina tumpukan karung ngajurungkunung jangkung bakat ku loba.

“Boga saha ieu?”

“Nu Tua Kampung, kulan...”

“Naha kakara dianteurkeun ayeuna?”

“Sabab ngala kopi kudu dipilihan nu geus karolotna, tangtu méakeun waktu,” Radén Abirangga nu némbalan mah.

“Mun hayang apik kudu ti jauhna atuh ...” jalma jangkung gedé téh cacarita teugeug. Manéhna tetep pengkuh kana aturan yén nu elat datang, ulah diakut.

“Ku Tuan Giehen van Renghern geus jangji eudeuk dibeuli, sabab pelak bapa kaula mah kopi pilihan,” témbal Radén Abirangga.

Ngadéngé ngaran Tuan Giehen van Renghern disebut, éta jalma bedang téh haténa rada sebér.

“Heug ari kitu mah, ngan ulah sakali-kali deui ngandelkeun kakawasaan,” ceuk éta jalma teuing naon maksudna cacarita kitu.

Ngakut kopi jadi rada telat sabab nimbang heula kopi bogana Tua Kampung. Ngan sanggeus réngsé ditimbang, patelak can réngsé.

“Naha ngan dibayar sakieu?” ceuk Radén Abirangga ngitung duit gulden.

“Kaula apal, ti Pamaréntah Batawi, sapikulna dibayar opat welas gulden, kitu gé ajén kopi jajar pasar. Ari ieu kopi alus, tapi naha ieu ngan nitih tujuh gulden? Saparona leungitna ogé!” Radén Abirangga protés.

“Kaula teu apal, sabab harga di Kampung Nyublek prah teu diitung kopi kumaha-kumahana!” témbal Si Jangkung Badag.

“Sok atuh bayar opatlas gulden sapikulna! Sagoni téh diitung opat pikul!” ceuk Radén Abirangga.

“Harga opatlas gulden mah ti Batawina!”

“Mémang! Sok bayar!”

“Ari ongkos padati ti mana? Ari babayar kuli ti mana?”

“Ah, kaula teu hayang nyaho da aturan nu dibikeun ka anu melak kopi mah, sapikulna bakal dibayar opatlas gulden!”

“Teu bisa!”

“Mun kitu, kopi eudeuk diakut deui, kaula moal ngajual kopi!” ceuk Radén Abirangga.

“Mun teu ngajual kopi, éta ngarempak aturan, andika baris dibérok!”

“Moal dibérok, sabab ayeuna tanam paksa geus dipupus ti taun 1830 ogé. Andika tinggaleun jaman!”

“Tapi lahan tanah mah tetep bogana Pamaréntah, Bapa andika mah ukur nengahkeun!” ceuk Si Jangkung Gedé.

“Jumali, Karta, Dongdo, akut deui tah kopi bapa kaula!” Radén Abirangga kalahka nitah badegana sabab cenah bolay ngajual kopina ogé.

Ngan sabot rék akut-akut, ka dinya reg aya nu anyar turun tina kuda. Nu saurang lalaki Belanda, nu saurang deui mah ... enon mani geulis camperenik. Radén Abirangga gé sakedapan mah olohok mata simeuteun. Ku teu disangka ka palebah dinya maké turun hiji enon anu sakitu rancunitna. Pakéanana sing sarwa bodas mani ampir babandingan jeung kulitna anu ngeplak bodas. Irungna mancung, sapasang panonna cureuleuk, halisna carentik, buukna ngarumbay panjang ombak-ombakan ngan semu konéng.

Radén Abirangga sabenerna mah geus lain sakali dua kali baé mireungeuh enon Belanda téh. Pan ku bapana remen dibawa ka kantor distrik, malah sababaraha kali larsup ka tangsi (perumahan soldadu Belanda). Malah ku remen-remenna dibabawa ka lingkungan Belanda, saeutik-eutikeun mah Radén Abirangga ngarti kana basa Belanda.

“Tapi ari enon nu ieu mah bet asa kakara panggih ...” ceuk gerentes haténa.

Basa haténa cacarita kitu, Si Enon gé keur meneran neuteup ka dirina, malah ka lalaki anu marenganana langsung tumanya.

“Wie is de man?” pokna semu ngunyem lalaunan tapi da kadéngéeun ku Radén Abirangga mah.

Lalaki anu marenganana gé milu neutep tapi ukur sajorélat, kituna téh biwirna semu ngécé.

“Hehhh ... de jongens inlander!” omong lalakina.

“Ik hou van haar, “témbal Si Enon.

Radén Abirangga teu pati opénan kana omongan Belanda lalaki anu ngahina dirina, sabab haténa kaburu ngageter sawaktu Si Enon nyarita kitu.

“Hah? Enya kitu Si Enon resepeun ka aing?” ceuk gerentes haténa mani ngageter. Ngan geterna haté mani kaganggu ku sora hiemna kuda anu ngabrét anu ditumpalkan ku Belanda lalakina. Jigana mah talina dibedol ku Si Ontohod tepika kuda nu ditumpakanana reuwaseun.

Si Lalaki Belanda téh langsung ngajak Si Enon geulis ninggalkeun éta tempat.

Atuh Si Enon gé kapaksa nuturkeun ngabedal kuda. Ngan saméméh indit, panonna ngagiler heula ka Radén Abirangga bari seuri ipis.

Ter deui haté Radén Abirangga ngageter.

Haté ieu jajaka mani asa kabedol waktu Si Enon Belanda ninggalkeun éta tempat bari nyongklang kuda. Teuteupna terus nujul ka hareup, bari ngarep-ngarep, sugan jeung sugan Si Enon Belanda ngalieuk deui ka tukang.

Tétéla kahayang haténa tinékanan sabab teu kungsi lila Si Enon Belanda téh enyaan ngarérét ka tukang bari imut.

“Hayu Adén ah, ulah kamalinaan ...’ salah-saurang badégana ngélingan.

“Saha éta enon téh, Jumali?” ceuk Radén Abirangga ka Jumali, badégana.

“Nyi Réné, éta téh ...” témbal Jumali.

Radén Abirangga ngahuleng bari kerung.

“Geuning ngaranna sarua jeung bangsa urang?” pokna.

Badéga nu séjénna ngehkey seuri sawaktu dununganana héraneun jiga kitu.

“Ari nami aslina mah Noni Irénne, namung ku pagawéna sok katelah Nyi Réné baé jeung manéhna gé resepeun disebut kitu téh,” ceuk Ki Karta nu bieu ngehkey.

“Andika nyaho ti mana?”

“Nya apal baé atuh, Radén, pan jisim abdi saendeng-endeng aya di dieu. Ari Radén mah, sataun gé teu acan. Angot ilubiung ngurus kopi mah nembé ayeuna-ayeuna ...” témbal Ki Karta. Ki Dongdo jeung Ki Jumali ngaenyakeun.

Radén Abirangga unggut-unggutan. Mémang henteu salah omongan badégana téh. Manéhna mah kakara bubulanan balik ka lembur téh, sabab ti umur wewelasan gé ku bapana geus dikirimkeun sina sakola di Cianjur.



***

LEMBUR di mana Radén Abirangga matuh téh mémang kasebut lembur anyar. Tadina mah kaéréh ka Pasri Impun. Ayana ieu lembur, nya saprakna Pamaréntahan Belanda di Jawa, nyieun jalan padati anu katelahna jalan raya pos, atawa jalan raya Daéndéls, duméh anu ngomando nyieun ieu jalan téh, nyatana Gupernur Jenderal Daéndels. Jalan téh dijieunna ti taun 1808, tepika taun 1811. Panjangna leuwih ti 1000 kilométer ti mimiti Anyer Banten, nepika Panarukan, Ujung Balambangan, Jawa Timur. Dijieun dina waktu anu bareng, sabab sakumna ambarahayat anu aya di saban wilayah kabupatian, dikerid-peuti, diwajibkeun séba tanaga.

Di wilayah anu ayeuna disebut Ujungberung, anu jadi kapala mandor jalan téh akina Radén Abirangga, katelahna Radén Gandring Angku Kusumah. Nu matak dibenum jadi mandor jalan, sabab manéhna di pilemburan kalér, nyaéta di Sékékondang, geus dipikolot ku urang lembur. Nu jadi akina Radén Abirangga gé kaasup jelema aya, bubuhan boga kebon kopi anu dibandaran ku Pamaréntahan Belanda.

Kulawarga Abirangga kacida panujuna Belanda ngawangun jalan. Sabab ceuk maranéhna, lamun aya jalan gedé anu leuwih alus, tangtu mangpaat jang pangupa-jiwa masarakat ogé bakal leuwih alus deui.

Saméméh aya jalan raya pos, ngurus pangupa-jiwa téh ukur ngaliwatan jalan peucang atawa jalan satapak. Di tebéh kalér mémang aya jalan Pajajaran, tapi pan jauh pisan, nyaéta kudu ka Sagarahérang. Pan harita gé mun ngiangkeun kopi téh ka Sagarahérang, sangkan engké bisa diakut ka Wanayasa, bangblas ka Cikao, Purwakarta.

Ayeuna sanggeus aya jalan raya Daéndéls, urusan pangupajiwa jadi leuwih énténg. Ari mangkaning pan urusan pangupa-jiwa masarakat, lain sakadar dagang kopi ka Belanda, tapi ogé loba bubutuh séjénna. Contona baé, mun butuh béas, pasti nguyangna ka Sumedang atawa Cianjur. Pon kitu deui urusan sandang, pasti ka Sumedang atawa ka Cianjur. Urusan pangan anu dijieun ku urang laut, pasti nguyangna ka Selaawi, Limbangan, sabab ti Selaawi lian ti boga hubungan dagang jeung Sumedanglarang, ogé boga hubungan dagang jeung Kasultanan Cirebon.

Ayeuna sanggeus puluh-puluh taun ti harita, rayat téh kakara ngarasa bungahna boga jalan padati. Ari sedengkeun puluhan taun kaliwat mah, nyaéta samangsa jalan raya dipigawé, rayat téh kacida ngarasa rungsingna.

Kumaha henteu rék kitu, sabab pihak Belanda kacida kerasna dina nibankeun paréntah. Séba tanaga nyieun jalan téh sipatna wajib. Ari wajib téa pan teu meunang henteu. Malah anu wangkelang mumul narima tugas mah, bakal keuna ku hukuman sagala. Sanajan henteu dirangkét gé, paling saeutik, henteu dibéré hak pikeun meuli bubutuh hirup. Kapanan sanggeus aya garapan nyieun jalan mah, sakur pagawé proyék narima hak meuli bubutuh hirup ti mimiti pangan tepika sandang. Hartina, ambarahayat teu kudu nguyang sorangan ka tempat jauh atawa meuli ka encék pindring (padagang bangsa Cina anu ngulayaban ka saban lembur mencil mamawa dagangan) bari hargana mahal kacida. Hahargaan ti urang Belanda gé tetep mahal, ngan teu jiga mun meulina ti encék pindring. Malah leuwihna ti Belanda, bubutuh hirup bisa dicokot ti heula, ngan itunganana béda. Tapi ulah salah, nu wangkelang kana paréntah Belanda, malah teu dibéré hak pikeun balanja bubutuh sapopoé.

Dina nyanghareupan kawijakan Belanda sarupa kitu, aya genah aya teu genah. Genahna, asal tuhu kana kahayang Belanda, rayat bisa hirup lumayan. Contona baé nu jadi akina Abirangga. Lamun Radén Gandring Angku Kusumah teu tuhu ka Belanda, nyaéta salaku kokolot lembur kudu bisa ngumpulkeun jalma pikeun samiuk nyieun jalan raya, kadudukanana bakal digencét. Sanajan boga kebon kopi lega di Sékékondang, ari teu dibeuli ku Belanda mah bakal ripuh.

Ari teu genahna, lamun geus narima pangaduan boh ti rayat boh ti Belanda.

Sakali mangsa aya rayat anu teu dibéré hak balanja bubutuh poko, mangadu ka akina Abirangga.

“Naha pédah naon Ki Silah?”

“Pédah jisim abdi teu ngalaksanakeun gawé nyieun jalan, nun ...”

“Mémang éta anu geus diatur ku Pamaréntah, euy ...” walon Radén Gandring Angku Kusumah.

“Tapi Pamaréntah teu adil dina ngimeutan masalahna, Gusti Radén ...” ceuk rayat anu mangadu.

“Teu adil kumaha?”

Atuh daradad si rayat téh cacarita masalahna. Cenah aya mandor anu nyieun polah nakal. Upah keur pagawé dikurangan nuturkeun kahayangna.

“Batur-batur nampa upah dua ringgit jero saminggu, jisim abdi mung opat pérak.”

“Meureun aya alesanana?”

“Enya aya. Mandor nuding jisim kaula léléda gawé. Padahal digawé mah nya lumrah baé. Ngararata taneuh dimimitian ti mangsa haneut moyan, dipungkas dina wayah lingsir ngulon ...” ceuk rayat.

Ieu masalah harita kénéh diuruskeun. Ayeuna giliran mandor anu mangadu. Cenah pangna upah dipotong, da bonganna digawé teu soson-soson, alesan keur ngingu panyakit.

“Kumaha tanggung-jawab jisim kaula ka salira saupami pagawéan teu réngsé dina waktuna?” ceuk mandor.

Kapala mandor susah kudu kumaha nya nyieun putusan anu adil. Jadi sawaktu pagawé teu tarima upah dipotong, manéhna mah cenah milih pundung wé da pangrasa leuwih milih buburuh upah ngunjalan kopi. Beer manéhna tetep boga pangupajiwa, ngan teu bisa dipaké balanja sabab ku Belanda dibaikot teu meunang balanja pangan. Tah palebah dieu teu genahna téh. *** Salajengna, aos bukuna.

Senin, 01 Juli 2013

Makam Panjang di Caringintilu


DI wewengkon Caringintilu tonggoheun Kota Bandung kapanggih aya makam dua, ngan ukuranana panjang. Sabenerna lain duméh layon anu dikurebkeun di dinya awakna jangkung. Éta mah bane baé sawaktu mimiti kapanggih, makam téh ditarétés ku tumpukan batu anu manjang.

 DINA mumunggang pasir di wewengkon Caringintilu, aya makam dua, katelahna makam panjang. Nu matak disebut kitu téh, duméh panjang ampir dua kalieun makam dina umumna.
Urang Caringintilu jeung sabudeureunna nyebutkeun yén éta téh makam Embah Sutra Kembang Wayang jeung pamajikanana nu katelahna Nyi Rempong Alis. Ku jalma ti jauhna mah sok ngahaja pada ngajarahan.
Ceuk urang dinya, Embah Sutra Kembang Wayang téh hirup dina abad 17, atawa lahir dina taun 1608 Maséhi, maot dina umur 73 taun.
Embah Sutra Kembang Wayang mah sabenerna ngaran jujuluk, da ngaran sabenerna mah Rai Buyung, atawa Ki Semah Wurung sanggeus déwasa. Lain jalma joré-joré sabab turunan ti Karajaan Kebayu. Ari Karajaan Kebayu téh, karajaan leutik nu aya di sahandapeun Karajaan Arcamanik. Perenahna Karajaan Kebayu, nya di wewengkon anu ayeuna disebut Caringintilu téa. Caringin anu jumlahna tilu ogé sajaman jeung hirupna Rai Buyung atawa Ki Semah Wurung atawa Embah Sutra Kembang Wayang. Ukur tangkal caringin biasa, teu boga kaistimewaan husus. Caringintilu mah ukur sesebutan jalma abad 20-an duméh harita di dinya aya caringin tilu jumpluk (ayeuna kari hiji).
Disebutna Karajaan Kebayu téh. Sabab sabenerna mah ukur mangrupa padépokan seni. Nu mingpin padépokan, taya lian iwal ti Embah Sutra Kembang Wayang. Malah ku sabab loba cacampuran jeung seniman, inyana ogé ahirna nikah ka salah sahiji seniwati nu katelahna Nyi Rempang Alis. Nyi Rempang Alis, harita kajojo salaku pejang sora atawa juru ngawih. Nyi Rempang Alis ogé tapis dina ngibing. Ieu salaki-pamajikan anu ngurus seni téh, boga turunan sapasang. Budak nu gedé lalaki, ngaranna  Jalaka Sunarya, adina awéwé ngaranna Nyi Masulih. Duanana jiga kolot-kolotna ngabdi kana seni.
Basa Islam geus nyebar ka éta wewengkon, anak-anakna mah arasup Islam. Jalaka Sunarya nyebarkeun Islam ngagunakeun seni heubeul. Jalaka Sunarya ngadongéng carita Rama Bharata, tapi diselapan ku syiar Islam. Ari adina mah tetep dina seni penjangsora. Saban aya tatamu karajaan, teu weléh dihibur ku haleuangna.
Teu kacaturkeun, di mana makam dua inohong ieu ayeuna. ***  

Selasa, 18 Juni 2013

Tembang Sunda


Papatet

Pajajaran kari ngaran
Pangrango geus narikolot
Mandalawangi ngaleungit
Nya dayeuh ngajadi leuweung
Nagara geus lawas pindah
Saburakna Pajajaran
Di gunung gumuruh suwung
Geus tilem jeung nagarana
Cupu manik astagina
Ditandéan sarat tangan
Dituruban apan bihari ku mandepun
Diteundeun di sisi jalan
Dibuka kunu ngaliwat
Kunu weruh di semuna
Kunu rancagé haténa
Dibuka pating haleuang
Nu ménta dilalakonkeun. ***

Karuhun Awewe

 Pringgawasi Hiji-hijina Perwira Awéwé Jaman Pajajaran

PRINGGAWASI, hiji-hijina awéwé nu jadi perwira Karajaan Pajajaran. Inyana hirup dina jaman pamaréntahan Prabu Ratu Déwata (1535-1543), kaasup  limapuluh perwira Karajaan Sunda ti jaman ka jaman dina nyumbangkeun bala-tampur (taktik tempur) anu dicatet dina Pustaka Ratuning Bala Saréwu.
Pringgawasi ti keur umur 9 taun geus diurus ku karajaan, sabab geus pahatu-lalis. Biangna,  Nyi Ami Sarih maot basa ngalahirkeun manéhna. Ari nu jadi bapa, Ki Tonggala, gugur di pangperangan sabab jadi prajurit Pajajaran dina jaman Prabu Surawisésa ( 1521-1535).
Umur 10 taun geus disuprih élmu kanuragan. Geus déwasa nyiptakeun jurus Penca Maliput, Céndra Babak Sipur, jeung Gagak Lumpat, dicatetkeun dina Pustaka Ratuning Bala Saréwu sabab éta élmu kabéh keur stratégi bala-tampur.
Ti saprak ditinggalkeun maot di pangperangan ku nu jadi bapa,Pringgawasih cita-cita keyeng, hayang milu dina kamilitéran, nu matak ti bubudak terus nyuprih élmu gelut.
Dina umur 17 taun, Pringgawasih jadi mojang anu geulis kacida tapi teu nempatkeun dirina salaku wanoja andalemi jeung camperenik, sabab sapopoéna kalah nyekel senjata.
Dina umur 20 taun geus milu dina peperangan ngalawan Cirebon. Di pangperangan gé mingpin prajurit lalaki. Naon pangna kitu, sabab Pringgawasih dina umur anu sakitu ngorana geus dibenum jadi Basanpatih Sajayangwungga ( sinatria wanoja). Saterusna manéhna katelahna téh Basanpatih Mahapatih Sajayangwungga Pringgawasi.
Dina umur 25, ieu sintaria wanoja téh nikah ka Patih Suradipapar, tepikeun ka boga budak awéwé katelahna Sulaliawasi.
Pringgawasi, maot ku panyakit stroké, jaman harita katelahna panyakit muncak. Nu jadi gara-garana, duméh mireungeuh nu jadi salaki gugur dibinasa musuh nu baruntak bari taya rasrasan. Awak Patih Suradipapar disiksik diwalang-walang, disebarkeun di pakarangan imahna. ***

Patilasan 2



Pulo Geulis  Bogor dina Taun 1557 Maséhi

AYEUNA mah cukup disebut Pulo Geulis wé wungkul. Padahal, baheula mah jaman Pajajaran, katelahna téh Pulo Geulis Parakan Baranangsiang. Nu matak disebut Pulo Geulis, sabab loba rumaja putri gareulis anak para ménak anu ngadon lalatihan karesménan atawa migawé rupa-rupa kasingeran kaum wanoja.

PULO Geulis di jero Kota Bogor, perenahna deukeut Términal Baranangsiang. Baheulana gugusan délta di tngah-tengah Walungan Ciliwung, tepikeun ka Ciliwung téh jiga kabagi dua.
Ayeuna mah jadi pilemburan anu gegek ku imah. Heurin usik deuih. Sepéda-motor lalar-liwat mapay-mapay gang leutik bari sésélékét.
Ari baheula jauh ka baheula, paling copél tepikeun ka jamanna Pakuan Pajajaran, Pulo Geulis téh mangrupa tempat anu éndah jeung asri. Nu caricingna kaum wanoja gareulis laluis jeung camperenik. Kumaha hanteu rék kitu da nu sok caricing di dinya téh rata-rata putri para ménak Pajajaran. Lain rék dipaké bumén-bumén tapi sakadar nyepi niiskeun pikir. Kituna téh bari migawé pagawéan kasingeran wanoja.
Pulo Geulis téh harita mah katelahna Pulo Geulis Parakan Baranangsiang. Dina jaman Pajajaran harita di tengah pulo aya adegan tilu, camperenik. Jiga karaton tapi lain karaton. Nya meureun sabangsa paséban atawa pasanggrahan tempat karumpulna jalma.
Harita mah anu karumpul téh nya para wanoja geulis anak para ménak Pajajaran harita.
Dina taun 1557 Maséhi, Pajajaran harita dirajaan ku Prabu Nilakéndra (1551-1567). Jamanna Pajajaran teu resep peperangan, sanajan ari musuh mah teu weléh ngintip-ngintip. Ku sabab raja leuwih resep ngajauhan kakerasan, atuh ambarahayat téh bisa hirup jongjon. Nu tani, nu malawija, nu lintar (ngala lauk) nu gawé mayang (pamayang, nelayan), katut gawé dina widang jasa jeung kabudayaan, kacida jarongjonna.
Jaman harita, para putrigeus biasa latihan atawa diajar pejangsora. Pejangsora téh mamaos atawa ngalagu. Seni lagu jaman harita geus kacida majuna. Nu jaradi ahli pejangsora atawa juru mamaos téh lolobana para wanoja gareulis palaputra kaum ménak téa. Aya kasebeut sababaraha wanoja geulis anu matak dédéngéeun sorana, saperti Nyi Lastri, Nyi Sunjali (dina UGa No.9 geus kasabit-sabit), Nyi Amrataji, Nyi Dyah Paripana jeung Nyi Suhalianji, minangka conto sawatara ahli pejang sora jaman harita.
Aya wanoja anu geulisna teu éléh ku anu séjén. Harita kacatet aya cawéné anu katelahna Nyi Ambhira Patrima, umurna 19 taun. Inyana téh anakna Ki Agung Sunyayati Kertasusma. Sasat pangagung pisan da mun ayeuna mah pangkatna téh bupati. Nyi Ambhira mah, cicing di éta tempat téh nyuprih élmu ngaput. Ceuk jaman ayeuna mah jadi penjahit. Ngan harita mah disebutna téh palasuri. Gawéna nyieunan pakéan keur para pangagung, sakutang-kurangna keur para santana (masarakat golongan menengah, saperti para sinatria jeung para patih). Atawa ogé nyieunan pakéan keur pakéeun para wanoja deui saperti sinjang, kabaya jeung salindang.
Dina jamanna, alat ngaput geus aya. Saperti jarum, disebutna sarését, dijieun tina tulang sato, saperti tulang uncal jeung sajabana. Geus puguh ari bola kantéh mah dijieun tina kapas.
Hanjakal, Nyi Ambhira Patrima, umurna teu panjang. Sanggeus boga salaki ka anggota Pasukan Basura (pasukan panah karajaan) nu ngaran Sumantri, ieu cawéné geulis téh tilar dina umur 27 taun. ***

Patilasan



Ngaran Indihiang Geus Aya ti Abad 7

AYEUNA mah jadi wilayah kacamatan di Kota Tasik. Tapi ngaran Indihiang sabenerna geus dipiwanoh ti abad ka 7 kénéh, nyokot tina ngaran kuil Hindu nu harita dingaranan Pura Wisnu Indi Hyang.

DINA abad 7 masarakat di Tasikmalaya harita ngagem Agama Hindu, nu disembahna Déwa Wisnu jeung Déwa Gandi. Déwa Gandi diwujudkeun dina arca lalaki kasép dibarengan ku gajah.
Nu ngaragem Hindu téh dina taun 608 Maséhi ngadegkeun pura nu dingaranan Wisnu Indi Hyang. Indi Hyang boga harti Sanghyang Tunggal atawa Déwa Batara Tunggal. Sakur anu rék asup ka éta wewngkon, kudu ngaliwatan lawang saketeng pura. Di dinya disucikeun heula ku pandita Hindu. Harita anu ngapalaanana katelahna Pandita Anuhir Divata.
Baréto di hareupeun pura aya prasasti anu ngabéréndél aksara palawa, ngagunakeun basa Sangsekerta, anu unina kieu: Sarawistaka sami asih, sumandipata Déwa Hyang Ku, Wisnu nan Déwa Hyang Ku Ghandhi.

Karuhun Sunda

Putri Geulis ti Karajaan Kendan

Aya Putri Geulis dina jaman Karajaan Kendan, katelahna Nyi Dewi Ayu Purnama, Putrana Resi Manikmaya ti istrina Ibu Dewi Kancana Sari. Jaman robahna karajaan Kendan  jadi Galuh, yuswa Nyi Dewi Ayu Purnama 13 taunan. Inyana nyaksian Wretikandayun ngaringkid pakaya Karajaan Kendan, pikeun dipake ngadegkeun Karajaan Galuh. "Teu sawios da jang kapentingan nu sae," ceuk Nyi Putri.
Tug nepi ka kiwari Nyi Dewi Ayu Purnama resep nyepi di ponclot gunung Sanghyang Anjung, nu aya di wilayah urut Karajaan Kendan. "Kaula resep deudeukeutan jeung alam".

Jumat, 01 Maret 2013

Jangjawokan Prabu Munding Wangi



PRABU Munding Wangi téh, raja pamungkas ti Karajaan Galih Pakuan. Ieu di handap jangjawokan inyana anu pajah mah jang pamuka pirejekieun.

Nandingan jaka warna ngempak awang
Jugjug taya di dana
Matri ieu harti
Harti pangusiran
Nu nyangking nyampring
Tétélakeun laat panincak
Eusi gebrig
Mudal kawasa Galuh
Tuh, Galuh, galeuh nu kula
Éstu Sanghyang Jagat Alam Jagat Nunggal! ***

Harta Pajajaran Di Galih Pakuan



PAJAJARAN téh tilem kakulub ku bumi. Tapi pikeun nyebutkeun Pajajaran téh kungsi aya, perlu diteundeun bukti-buktina.

MAJALAH Ujung Galuh sawatara nomer kaliwat kungsi ngabahas yén di wewengkon Karajaan Galih Pakuan, Garut, bacacar rajakaya bogana Pajajaran. Nu matak teu anéh ka ieu tempat, loba jalma anu ngahaja idek-liher néangan pependeman atawa harta karun Pajajaran. Siga dongéng tapi da nyata kabuktian. Loba anu geus manggihan pependeman Pajajaran di éta wilayah. Malah aya anu ngahaja ngaborongan lahan tanah anu diduga aya makam karamat. Aya nu geus manggihan banda kuna, kiwari dikumpulkeun di museum mini di wewengkon Pasirhuut, nyaéta wewengkon anu barétona diduga urut ngadegna Karaton Galih Pakuan.
Aya catetan anu duka ayeuna aya di mendi. Ceuk ujaring carita, éta téh catetan anu dijieun ku Sunan Rumenggong ngeunaan rajakaya Pajajaran anu disumputkeun di wewengkon Galih Pakuan.
Dina éta catetan kuna, Sunan Rumenggong nyebutkeun yén Pakuan Pajajaran tilem kakulub ku bumi. Tapi pikeun nyebutkeun yén Pajajaran kungsi aya, nya kudu diampihan bukti-buktina. Ari salah sahiji tempat anu dipaké ngampihan banda Pajajaran téh (sabab kabéjakeun di wewengkon urut Karajaan Arcamanik, Bandung Kalér, rajakaya Pajajaran ogé sarua disumputkeun.). Naha dina hiji waktu bakal diguar deui Éta pependeman jeung ku saha, teu kapaluruh. Ngan  meureun hiji waktu mah geus pasti. Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, paranti cokot tinggalkeun. Meureun ieu babasan téh ogé bisa dihartikeun sahinasna jiga kieu. Lian ti adeg-adeg Pajajaran anu engké bakal diguar deui, tapi ogé kumplit jeung hartabayana. Meureun.
Ieu di handap, béréndélan catetan beunang Sunan Rumenggong ngeunaan rupa-rupa jenis harta Pajajaran, sakabéhna dijieun tina emas murni.:

1.Kawanggé atawa geulang, boh geulang keur leungeun boh geulang keur suku.
2.catrik, hiasan emas dina pigeulang.
3.kongkorong
4.gancing atawa anting
5.luwekan atawa susumping
6.siger, hiasan  sirah putra/putri raja
7.menjangan (pakarang seukeut ngawangun tanduk uncal.
8.bedog
9.keris eluk salapan
10.bandu, taméng dada, baju zirah
11.duit kencring buatan Cina 12.makuta Binokasih Sanghyang Paké.

Nu disebut pangpandeurina, nyaéta Makuta Binokasih Sanghyang Paké mangrupa makuta raja anu baheula kungsi dipaké ku Prabu Linggabuana, Prabu Nila Wastu Kancana jeung Sri Baduga Maharaja raja Pajajaran. Basa dina jaman Pajajaran ahir, ceuk catetan sajarah anu dijieun ku ahli sajarah, pajah ieu makuta téh ku Prabu Séda raja Pajajaran pamungkas, dianteurkeun ka Sumedanglarang ku Patih Jayaperkosa. Ceuk catetan masyarakat pilemburan anu ngulik sajarah, Makuta Binokasih Sanghyang Paké teu dianteurkeun ka Sumedang, nu dianteurkeun mah ukur duplikatna. Ari makuta anu asli, disimpen di wilayah Galih Pakuan, perenahna kiwari di Kampung Simpen, wewengkon Pasirhuut, Limbangan.
Masih tina catetan Sunan Rumenggong, mun éta rajakaya Pajajaran digundukkeun di hiji tempat, bakal ngagugunung, badagna sagedé imah, mun ceuk itungan urang kiwari mah, ukuran imah 60 méter pasagi. Sunan Rumenggong umurna tepika 180 taun. Tapi boh makamna, boh buku catetan kuna bogana, teu kasabit-sabit deui. Nu bieu cikénéh diterangkeun mah ukur béja dibéjakeun deui. Urang Pasirhuut katut sababaraha penduduk Kacamatan Selaawi, nyaeta puseur wewengkon Karajaan Galih Pakuan, teu saeutik anu sok kawenehan, tengah peuting jemplang-jempling mireungeuh aleutan jalma pakean jaman baheula, maranggul peti ratus-ratus jajar. Cenah mah harta Pajajaran teh ti Galih Pakuan dipindahkeun disumputkeun di wewengkon Karajaan Arcamanik. Atuda kac ida lobana harta Pajajaran nu disumputkeun teh, sabab kungsi aya anu mireungeuh sacara gaib, ngagugunung jangkungkang ngaleuwihan gudang Dolog. Hartina mun eta harta Pajajaran kudu diampihkeun di gudang beas bogana Dolog, moal muat. ! ***

Selasa, 12 Februari 2013

Situ Gede Tasikmalaya (Panyumputan Koruptor Karajaan)


Koruptor Karajaan Sunda Nyarumput di Situ Gedé

POLAH-polah culika saperti ngagasab pakaya nagara, ti jaman Karajaan Sunda ogé geus aya. Koruptor ti jaman ka jaman, nyarumputna téh di wewengkon anu kiwari jadi Situ Gedé, Tasikmalaya.

TONG boroning urang Tasikmalaya, dalah nu séjén gé ka Situ Gedé mah geus arapaleun. Ari Situ Gedé téh, hiji objék wisata alam, perenahna di Kota Tasikmalaya. Saban poé peré jadi pangjugjugan jalma. Angot dina Lebaran jeung Taun Baru mah, loba acara jang pameungkeut turis. Sapopoéna sok diaruseupan kalawan gratis, kajaba mayar asup ka lokasi anu teu pati mahal.
Ngan deuih tong boroning urang luar, dalah urang Tasikmalayana ogé, ari kana riwayat Situ Gedé mah loba anu teu arapaleun. Kanyahoan sotéh duméh ka redaksi UGa krang-kring urang Tasikmalaya anu nelepon, cenah ménta dipangdongéngkeun Sasakala Situ Gedé.
Maluruh riwayat Situ Gedé mémang rada susah. Euweuh catetan resmi anu bisa dipaké sumber inpormasi. Manggihan sawatara kolot-kolot nu aya di sabudeureun situ, paling apal dina kajadian-kajadian jaman Belanda atawa Jepang. Kajadian béh ditu béh ditu anu jadi pangaresep  udagan tim invéstigasi UGa, teu arapaleun.
“Sanés teu aya anu apal kétah, ngan riwayat Situ Gedé mah, tos lami ditutup ku para karuhun, disumputkeun dibuni-buni teu kénging aya anu terang ...” ceuk Sumaji (60). Sumaji mah sabenerna lain urang Tasikmaaya tulén, da manéhna mah pituin urang Pangandaran. Ngan manéhna saeutik-saeutik nyaho riwayat Situ Gedé jaman baheula pisan, ladang paméré ti kolot-kolot urang dinya.
“Tos maot ari nu masihan riwayat mah.”
“Sok atuh béjakeun ka abdi, Mang ...” ceuk UGa.
“Har, nya teu bisa, pan ceuk karuhun di dieu gé ulah diuar-uar, kudu tetep disumputkeun dina lalangsé,” ceuk Sumaji.
“Naha maké kudu disumput-sumput?”
“Sabab riwayat di ieu tempat téh henteu matak agul keur para turunanana,” ceuk Sumaji.
“Enya, pédah naon maké dianggap teu mawa kaagul keur jalma kiwari téh?” UGa haben tetelepék, tur ahirna anu pajah kudu dibuni-buni téh disingraykeun teu kahaja.
Jadi, kieu cenah riwayatna téh.
Ngajengléngna Situ Gedé mah anyar pisan, sabab ayana kakara dina taun 1530 Maséhi, nyaéta sabada aya hiji gunung di éta wewengkon bitu rohaka. Éta gunung, jaman harita disebutna Gunung Pancawanaya. Naha ayeuna gunung téh aya kénéh ngan geus ganti ngaran, teu écés.
Sanggeus Gunung Pancawayana bitu, ti jero taneuh ngaburial cai, lila ku lila ngabentuk talaga atawa situ, nya Situ Gedé kiwari ngaranna.
Di Situ Gedé tug ka kiwari aya hiji pilemburan. Sabenerna éta kasebut pilemburan kuna, sabab ti baheula gé, nyaéta ti saméméh aya situ, ari lembur mah geus aya. Malah nu disebut baheula téh nyaéta ti jaman pasca Karajaan Tarumanagara kénéh.
Ti taun 1119 Maséhi, di éta tempat geus aya lembur, ngaranna Sinjang Moyang. Bisa jadi deuih, ngaran Sinjang Moyang mimiti dipiwanohna mah béh dieuna deui, nyaéta sanggeus di éta tempat kungsi aya kajadian géhgér. Ka éta tempat dina taun 1501 Maséhi datang sabubuhan pasukan karajaan Galuh, dibantuan ku karajaan-karajaan leutik nu aya di wewengkon antara Garut-Tasikmalaya jeung Ciamis harita,  ngarurug, merangan jeung ngabinasa pangeusi lembur. Ukur barudak leutik anu teu dibinasa mah.
Naha maké dirurug ku saban karajaan? Sabab Lembur Sinjang Moyang ti baheula kénéh geus dicuriga dipaké nyarumputna para koruptor. Saban pangagung karajaan anu ngagasab pakaya nagara, lumpatna téh ka Lembur Sinjang Moyang. Naha deuih pangeusi Sinjang Moyang dadaékanan ngilungan jalma jahat? Sabab urang lembur Sinjang Moyang tina ladang ngilungan jalma jahat téh maranéhna boga kauntungan, nyaéta narima bagi hasil atawa peresénan ti para pajabat korup téa.
Ladang tina nyumputkeun pajabat korup, teu weudeu Lembur Sinjang Moyang jadi medah-meduh. Raja Miri, nyaéta tua kampung Sinjang Moyang, hirupna medah-meduh teu bina ti kahirupan hiji raja baé. Nu matak dilandi Raja Miri, bisa jadi hirupna towéksa teu bina ti kahirupan raja baé. Tapi deuih, ngaran Raja Miri ogé bisa jadi lantaran manéhna téh lain turunan joré-joré, da manéhna aya getih turunan ti para Raja Galuh. Malah ka luhurna mah, masih kénéh nyambung jeung Tarumanagara. Dina taun 1119 Maséhi aya sabubuhan turunan ménak ti Tarumanagara sumebar mencar ka ditu ka dieu, di antarana aya anu bubuara di éta tempat, nurunkeun anak-incu-buyut jeung saterusna. Ngan teuing kumaha mimitina, ujug-ujug saréréa samiuk, Lembur Sinjang Moyang merenahkeun manéh jadi tempat nyumputna koruptor. Heug mangka ti jaman ka jaman lalakonna téh. Dina jaman Karajaan Sunda/Galuh aya anu nyumput bari mawa pakaya nagara kayaning emas, inten, berlian. Pon kitu deui urang Karajaan Kéndan. Parat, tepikeun ka jaman Pajajaran. Sinjang Moyang téh hartina panutup karuhun. Paripolah karuhun kudu dipindingan ulah diuar-uar. Mun enya hartina kitu, bis jadi ngaan Sinjang Moyang mah lahirna téh béh dieu béh diu nyaéta dilandi ku para turunan anu embung wiwirang karuhun diuar-uar. Bisa jadi meureun satutas taun 1501, riwayat lembur téh ditutup-tutup. Kilang kitu, lain hartina polah “nyumputkeun koruptor” jadi leungit, da kabiasaan mah terus manjang. Buktina dina jaman Pajajaran anu kajadianana béh dieu, angger we kabiasaan nulungan pajabat korup mah teu dileungitkeun. ***

Si Nyai Dyah Pitaloka


LAWANG SAKETENG

Ngagali peupeuyeuman nu geus ratusan taun disidem, kiwari diguar malah mandar jadi cacaang, ka sing saha anu ngagunemcaturkeun hiji kajadian nu dibere ngaran Perang Bubat.

Sampurasun…

Lawang saketeng kiwari dibuka dina enas galur intina, nalika Majapait nu diluluguan ku Hayam wuruk nu gaduh papatih Gajah Mada. Hiji kaayaan nu tempatna di wewengkon Jawa Timur, masih na amparan hiji nusa atawa pulo, di Beulah kulon kacatur aya hiji wanoja nu kawentar ku kageulisasanana, turunan rundayan ti hiji pamangku karajaan Galuh Kawali, ieu 2 karajaan boga kamerdekaan masing-masing.
Dijentrekeun karajaan nu di beulah kulon teh, nya dipupuhuan anu gaduh asma Prabu Maharaja Lingga Buana, astakalih putrana nu binekas wastana Dyah Pitaloka Citraresmi. Nya, Nyi Putri ieu pisan anu ngajadikeun Raja Hayam Wuruk gering nangtung ngalanglayung, kabungbulengan rasa nu anteb katresna nu teu kabendung. Teu dicaturkeun kumaha mimitina, nu eces ti Galuh arindit ngetankeun diwuwuh ku sahampalan prajurit.
Cag…tunda da geus tepi ka wewengkon nu geus diperenahkeun.
Hayam Wuruk bungah anu dianti-anti geus cunduk, sakumaha ilaharna tur geus disayagakeun ti anggalna, rek dipapag ku kahormatan karajaan, nya harita direureuhkeun heula di tempat anu ngaran Bubat tea, lilana eta ngareureuh 7 poe bingbilangan.
Dina waktu keur nungguan bingbilangan kana tujuh poe, nya aya nu daratang nu ngakukeun utusan ti majapait, ti dinya kajadian gunem catur antara anu ngakukeun utusan ti Majapait jeung ti pihak karajaan Galuh. Ti pihak karajaan Galuh tetep ngadagoan nepi ka 7 poe sakumaha anu geus dirarancang tea, sedengkeun ceuk utusan nu ngakukeun ti Majapait kudu harita indit ka karaton Majapait kalawan nembongkeun surat anu dicap karajaan . Ku lantaran dina adu renyom eta pada-pada embung eleh, nya antukna kajadian garelut anu kiwari disarebut Perang Bubat.
Dina ieu hal urang lenyepan kumaha posisi Gajah Mada anu sabenerna? Nu datang ka eta tempat teh utusan anu ngaku-ngaku Patih Gajah Mada . Patih Gajah Mada anu asli harita disamunikeun ku kelompok nu ngayakeun makar ka dirina, kadatangan rombongan ti karajaan Galuh Kawali anu tujuanana rek ngadahupkeun antara Raja Hayam Wuruk jeung Putri Sunda, dijadikeun kasempetan ku maranehanana. Ieu hal dilantarankeun aya intrik politik anu memang teu resepeun kana ketak pulitikna Gajah Mada anu mangsa harita keur ngagedurkeun sumanget persatuan Nusantara.

RUMPAKA SATUTAS BUBAT
I. NYUNGSANG NA PAKEWUH NU SULAYA

Hampura ka balarea, lain rek megatkeun baraya katut rundayan tapi kitu igelna kahirupan nu geus kajamanan. Dina lolongkrang, renghap na nafas, nu tagiwur ku rasa, nyidem asmananing titis tulis, ngahanca lengkah pajueun hirup, sanggeus ngukur lampah. Muru ngetan seja nemonan pangangkir hiji raspati nu ngaguar tur mupuhuan Karajaan nu nelah tanah Majapait. Teu kaungkab dina rasa, teu kajudi dina hulu kolbu, estu mangsa nu nyerelek mawa poek. Sugan , pedah hate kebek ku kabungah diangkir ku pupuhu nagari anu didadasaran ku kameumeut rasa kacinta, tapi dalah di kumaha??? Anjog ka hiji tempat, eta mustika kabungah sirna, nu aya ngajadikeun hiji gurat kapeurih, kapait, jauh tina lukisan nu minuhan rasa nu dipiboga ku sakabeh manusa, nyatana ngagedur rasa katresna. Sanggeus apal pasungsang dina nyatana, ngabela hirup nangtungkeun hiji ajen pinajen, anu kacangkalak ku napsu kadunyaan, ngadhohirkeun nepi ka ngaleungitkeun, ngaku satria, nu aya nimbulkeun rasa haweuk, ngajauhan tur ngaragragkeun komara maranehanana nu moal leungit, geus ngawewejet nepi ka moal lila deui nagarana ancur tideuha tina jangji nu sulaya. Geura heug tarempokeun ku dulur-dulur sakabehna. Ahirna medar jurit pikeun ngabelaan basa nu cenah diangkir kalayan ngemban kaajegan nagara sewang-sewangan, ngaliurkeun rasa kaheman. Teu loba balad nu milu lumampah, matak teu kasebut tur teu bisa dilandi naha nu kitu teh perang? Da ceuk kuring luyuna mah disebut campuh garelut nu teu saimbang. Ngorolos nyalametkeun diri, paburencay, pikeun ngaleungitkeun raratan, aya nu salamet aya nu perlaya. Ngejat muru jalan ka kulonkeun malikan jalan nu geus kasorang, patebih jeung ingkang rama, dibarengan ku dalapan para dayang, teu kasusul teu kaberik, teu ngarasa aya nu ngudag, katipu ku panyamaran, malih rupa sangkar kurungan. Moal loba nu dicatur sanggeus tepi ka nagari deui, geus diniatan ti dituna moal arek ka Kaputren deui, seja lunta ngawisit diri, pikeun neangan jatining leumpang ka pamulangan. Na hiji dadampar ngarandeg rareureuh ( kiwari eta tempat disebut Randegan) teu jauh ti tempat ka luarna cai nu ngaburial lir kaluar tina tikoro ( kiwari disebut sanghyang tikoro sanes sanghiang tikoro nu aya di walungan Citarum tapi torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu ngawates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah panjangna kurang leuwih 500 meteran). Maju deui lalampahan, mangsa nu aya harita maju ka sareupna, dina gembolan dikaluarkeun makuta ( kiwari eta tempat katelah Kampung Kuta), ciciren putri nagari. Bubuara di dinya rada lila, nempatan sedong dina batu ( kiwari eta tempat katelah Kampung Sodong), bisa mamprak sila nu tumaninah komo deui pami emok. Timbul kasono na hate hayang lunta, nempo nagara tapi haben ditahan, dikuat-kuatkeun, teu mere beja ka sasaha , nya kitu deui ingkang rama waktos tepang di Cigurandil meupeujeuhan ulah rek mulang deui ka Karajaan.
Mending nyidem ngasah diri jeung deui mupus tapak, sangkan teu diudag-udag ku prajurit urang Majapait. Sabab lamun arapaleun urang teu perlaya tangtu urang Majapait teu weleh nyusul sangkan bener-bener urang perlaya pikeun ngamusnahkeun ingkang rama jeung kula, nya nyamuni tina iburna urang sakabeh perlaya, antukna boh ingkang rama Prabu Linggabuana boh kula teu marulang deui ka Kawali, da tinangtu di Galuh aya deui nu mupuhuan, ngan hanjakal, deuleu ku maraneh kabeh kajadianana ngajadikeun nyatru kabuyutan antara Majapait (Jawa) jeung Galuh (Sunda), sanajan enya hal eta kaasup manusiawi, tapi lain eta nu dipiharep.
Euweuh deui nu diseja pikeun nyungsi sajatining diri, eta nu diteangan, hayang apal ka mana jatining diri pangbalikan. Porosot tarumpah kamenakan, ngalepaskeun kadunyaan, ngabagawan ngahiap mapag ka nur jatining diri. Teu ngalandi diri, teu nembongkeun diri, da euweuh nu nganyahoankeun yen kuring Dyah Pitaloka. Kula nu nyungsi diri putri sajati terah Galuh Pakuan.
Dina sajeroning ngalalana, hiji wanci kula leumpang semu ngidul meuntas walungan anjog ka hiji mumungggang pasir nu kiwari nelah Dayeuh luhur ( hiji tempat kaasup wewengkon Jawa Tengah), pilemburan nu pinuh ku tangkal kawung. Ari jaganing geto di dinya nelah sideumna Prabu Siliwangi, eta ge tetep miceun-miceun salasah, teu jauh ti dinya peuntaseunana deukeut-deukeut ka pulo Majeti, tapi kula teu nincak ka dinya, mulang deui ka Sedong (kampung Sodong). Hiji mangsa kula lugay ka beh kaler, anjog ka hiji tangkal nu keur pinuh ku buahna, ciibun katojo panonpoe, katempona lir inten (ti harita eta tangkal nelah tangkal saninten). Kungsi deui kula molohok tur ngarasa aneh aya kadu cucukna parondok pisan (ku hal eta di dinya nelah jadi lembur Kadu Pandak).
Kula teu incah balilahan tetep tumetep di sakuriling eta tempat nu kiwari katelah KAMPUNG KUTA, nu teu jauh ti KAMPUNG SODONG ayeuna.

II. SAADEGAN TINA LALAKON
Dasar nu geulis teu pupus ku kageulisanana mangsa ngarundaykeun rambutna dina leuwi, bari ngeueum sadadaeun, dampalna napak dina batu. Rambut baseuh diangir , diluluntur ku daun dadap cangkring, diberesihan ku kembang campaka munding seungit ngadalingding satungkebing leuwi, warna-warni kukupu ngurilingan Nyi Putri tedak menak ti Galuh nu keur ngalunta ngarereb di hiji tempat Sedong pamulihan.
Tina eta kajadian unggal taun dina hiji mangsa nu maneuh, kukupu warna-warni ti saban madhab daratang ka eta tempat murulang deui lir kawas nu geus ditulisan, jaganing geto eta tempat katelah PANULISAN ( kiwari eta tempat kaasup ka wewengkon Banjar).

III. NGAWISIK DIRI
Mangsa na lumampah, kula ngebrehkeun ka balarea. Satutas kajadian anu nimbulkeun rasa hemeng dina pikiran, nu nyangkaruk dina batin, nu hese disingkahkeun, ngemu kapanasaran, jauh tina sawangan tapi nyatana kitu.
Bubat geus ngaguratkeun na jiwa nurih hate kula sangkan neuleuman tina ieu kajadian, murugulna kahayang nu teu sapagodos jeung Ki Lanceuk di Galuh nu teu satuju leumpang milampah pikeun indit ka Majapait, nemonan pangulem Ingkang Rai nu nelah Hayam Wuruk. Kula karek eunggeuh ngarumpak kapamalian awewe nemonan lalaki, Ahirna kula lumampah, leumpang muru ka beh kidul sangkan anjog ka laut kidul seja muru ka hiji wewengkon, nya Cijulang anu dituju leumpang ngembat kungsi eureun di Jati Tujuh ngarereb di hiji guha bari neda-neda ka nu Agung, Si Nyai Dyah Pitaloka neneda sangkan salamet tepi ka nu dituju wates Galuh nu cirina cai ngocor lir tina tikoro ( torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu kiwari jadi wates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah). “Anaking Ama lain tega teu babarengan dina lunta, Ama yakin jeung boga kayakinan, hidep bakal tepi ka nu diseja”.
Kula, ahirna tepi ka nu dijugjug nya ka Cijulang tea, di Cijulang tumetep teu mulang ka Kawali, bari kalan-kalan dina sajeroning ngalalakon, sok rajeun Kula leumpang ka sejen wewengkon.

Ageman Prabu Siliwangi


“ SASAKALA PRABU SILIWANGI”

Kaula Prabu Siliwangi nyakenkeun ka sadayana jamaah
Diya sakayan kaula nu Insya Allah ngabalai
Diya nyusuk nu dihapurankeun kaagama Islam
Nyian anaka arang-arang nuka kaula di wastupun
Nyakeun hate diyaya sakala dikailkeun di kaitkeun
Dipahetkeun nyakeun lelembut diyaya sakala arang-arang marifat
Puran kayan kegeugeuh diyayakeun ka gusti Allah
Diya dihampurakeun ka agama Islamna
Haturan dajar nyakeun hapur kaula kasabab
Neuteup diyaya teu nyakeun diaya sakala bisa musrik
Sakitu nu kaula bisa dibantoskeun diya kecapna
Susuhun dihampura diya kecap parit ieu upami aya kalepatan
Kaula Prabu Siliwangi Pangeran Pamanah Rasa”)

Manawi ieu pam dibasakeunana dina jaman kiwari janten unina kieu :

Kaula Prabu Siliwangi ngayakinkeun ka sakabeh jama’ah
Maneh sakabeh (ra’yat) kaula nu Insya Alloh netepkeun
Maneh asup ka agama Islam heug dihampura tur geus nyararita sumanggem ka kaula
Nya heug neangan kajayaan ulah kagok sing bener sing yakin
Eta intina ngararomong supaya jadi ma’rifat
Gusti Alloh nu ngawasa ieu alam, maka kajayaan sampurna
Tah lamun kitu asup ka agama Islam teh kafah
Tapi poma ulah ngayakeun na jero hate tur ngagung-ngagungkeun Siliwangi
Eta bisa musyrik
Sakitu kaula mere dina kecap kaula menta dihampura kaula bisi aya kecap kaula salah
Kaula Prabu Siliwangi Pamanah Rasa

Surahan tina Surahan harfiah Sasakala Prabu Siliwan

Beberkeun !
Bejakeun ka balarea, sangkan nyaraho yen kula ngagem ajaran KaRosulan, poma ulah jadi papasean jeung adu renyom anu ngajadikeun nur dhohir nur batin pasolengkrah, da deukeut-deukeutna tina suudzon. Tanbih aranjeun kudu longkewang ceuk basa, ceuk rasa, kabeh kudu bisa nganteur sangkan bashiroh muncul dina sakabeh alur getih nu aya dina raga. Mangka aranjeun kabeh ulah rek gasab dina harti lamun teu neundeun entong nyokot, hartina urang sakabeh kudu mepende hate, engkening jaga bakal patemu bakal panggih pangbalikan, pan urang kabeh geus arapal urang balik ka Alloh.
Ari ngaji larapna sakabeh gegebeng aya dina waruga urang, kudu ikhlas jeung teu weleh syukuran , naon atuh anu dipake agul ku urang, urang mah teu daya teu upaya. Sanggeus ngaji karek ngaju, neuleuman sakabeh ciciptaan nu dhohir jeung nu teu dhohir sangkan panggih jeung Mari’fatna Alloh, eta sakabeh urang kudu muhit. Laju kana ngaja, ngajalankeun sakabeh parentahNa nu digelar ngalangkungan Sang Rosul, sakabeh ageman tina Al Qur’an.

Catetan :
Prabu Siliwangi ngabasakeun Al Qur’an ku istilah Cupu Manik. Agama Islam diistilahkeun ku anjeunna Ageman KaRosulan.

Dina hiji waktu kula ngimpi dibawa kana hiji riungan nu gunem catur ngeunaan ageman, di antara dina eta riungan aya Syeh Quro.
Puspa Sarining Rahayu nu ngenas jaman harita di mana jelema nu surti ka diri nyaah ka awak heman kana renghapna napas sadami-sadami nyusud tepus ngahontal darajat kahirupan dina enggoning hirup di marcapada, nya eta neangan pangbalikan anu harita kacatet Hyang Aji Nalendra, nya eta anu geus nyiptakeun saged sadunya anu mere obor panonpoe nyatana eta ageman the ngawincik jero-jeroan ati meulah alur-alurna getih sangkan wanoh jeung sifat opat anu aya dina urang sakabeh , nya balikna urang sakabeh hayang balik ka nu nyiptakeun .
Sakabeh guntrengan dina eta impian ahirna kula wacis jeung ngarti gening luyu ageman anu diagem ku anak incu kula nyatana AGAMA ISLAM, mere warna ka nu di luhur (Puspa Sarining Rahayu) nya kula sumujud ti harita ngikrarkeun diri seja nyembah ka Yang Agung nu murbeng alam nyatana ALLOH nu ngagaduhan sifat Irodat 99 Asma anu Agung.
Bray caang tandes pisan batu hideung ngajegir, harita kula dibawa ngurilingan batu hideung, dibawa deui lulumpatan bari ngalung-ngalungkeun batu, diinuman ku cai nu ngagenyas.

Senin, 11 Februari 2013

Tsunami Pangandaran Panineungan Pait 2006

 Musibat Alam

MUSIBAT Tsunami di Pangandaran téh lumangsung dina tanggal 17 Juli 2006  poé Senén wayah soré. Cacak lamun kajadian  lumangsung poé Minggu kamarina, tangtu nu jadi korbanna ogé bakal jauh leuwih loba.

CEURIKNA urang Pangandaran katut wilayah   pakidulan, lain baé dina poéan kajadian musibat tsunami baé, tapi nepikeun ka dua taun sabada kajadian mah, lara-balangsak téh terus ngukuntit.
“Balangsak, margi usaha di objék wisata teu jalan salila dua taun campleng ...” ceuk Mang Dudu (54) nu puluhan taun usaha kana lauk baseuh.
Ceuk manéhna, tepika dua taun sabada Tsunami,  Pangandaran téh tiiseun baé,  suwung ku turis. Mun saméméh Tsunami,  saban malem Saptu, Malem Minggu terpika malem Senén, hotél-hotél loba pangeusina, ari sabada kajadian Tsunami mah, tiseun kabina-bina. Tepika genep bulan sabada Tsunami, hotél di Pangandaran lolobana suwung teu ngampihan turis. Malem Minggu di  Pangandaran, ngalaman sepi-jempling euweuh turis nu ngulampreng. Kaayaan karasa geueuman. Kumaha henteu rék kitu sabab mun peuting, anjing babaung di antara ruruntuk bangunan hotél anu geus rata jeung tanah alatan kasapu ombak Tsunami.
Kasangsara anu mawa kasedih ogé kaalaman ku pangusaha beuleum lauk. Nu biasana warung-warungna saban poé peré digarimbung ku turis anu balakécrakan dalahar beuleum lauk, meunang dua taun mah disebutkeun sepi, towong ku anu balanja.
“Mangkaning ari lauk baseuh mah keuna ku buruk. Tepika opat poé masih bisa diakalan diteundeun dina peti és, ngan ari lila  ku  lila mah, tetep bari. Ari diteundeun dina peti és, pan beuki  lila diteundeun, ongkosna beuki mahal da haben meulian és balok,” ceuk Dudu. Antukna cenah, lauk bari téh ditungtut dijualan dimurah-maréh ka tatangga.Lain hayang mulangkeun duit modal,  tapi ulah teu kapuluk teuing.
“Kantos ngamodal, balanja  lauk dua jutaeun, nu mulang ukur tilu ratus rébu,” pokna.
Pamayang gé nasibna teu béda ti anu ngandelkeun rejeki ti turis. Teu dibeulioan ku pangusaha rumah makan di Pangandaran, dicoba lunta ka Cilacap, tapi nya da saréréa keur pada ruksak,  nurunkeun  lauk di Cilacap gé hasilna teu sapira.
Musibat Tsunami di  Pangandaran téh kajadianana dina poé Senén tanggal 17 Juli 2006. Henteu nyangka sacongo buuk, Pangandaran anu sakitu éndahna dina kamarina,  Pangandaran anu sakitu gegekna ku turis dina kamarina, naha atuh ari isukna pasosoré, datang lambak satangtung tangkal kalapa. Nu geus dibéjaan ti awalna alatan aya lini, geus nyingkah ngajauhan basisir, tapi  loba anu haré-haré.
Wilayah anu parna kasapu lambak téh lolobana anuperenahna di Basisir Kulon  sabab éta mah wilayah anu langsung nojo ka samudera. Di éta wilayah,ampir kabéh adegan kaléléd ombak gedé. Nu saralamet mah anu unggah ka bangunan loténg weweg wé. Atawa aya deui anu nérékél  kana tangkal kalapa.
Kajadian datangna ombak gedé téh teu pati lila,  ukur memenitan. Ngan waktu anu singget kitu téh geus ngarobah kaayaan Pangandaran anu tadina éndah jadi burakrakan.
“Pangandaran téh disasaakna dua kali.  Mimitina ditarajang ku ombak luhur, geus kitu ku cai anu mulang deui ka tengah,” ceuk Dudu.
Sawaktu cai balik deui ka tengah, loba anu kaséréd kabawa ka sisi basisir, tapi teu  kurang-kurang anu nyangsang dina naon wé. Puluhan awak jalma nyarelap dina naon, naha dina kamalir, naha dina sela-sela kai, naha nyangsang dina dahan kai jeung sajabana. Jalma anu saralamet loba anu tingga kalongeun, boro ka bisa nulungan nu séjén. Aya anu gogorowokan nyalukan kulawargana anu nyao aya di mana- naha salamet naha cilaka. Atawa aya baé anu  kurah-koréh néangan banda bogana tina ruruntuk  imahna.
“Abdi leungit sepeda motor,  kulkas, katut televisi,” ceuk Bu Imas.  Cenah loba anu leungiteun harta-banda, sakitu gedé saperti sepeda motor, teu kapanggih deui.
Aya 197 urang anu tiwas jeung 85 urang leungit. Dina kapanggihna, loba layon anu teu kanyahoan si saha si sahana. Boa bakal jauh leuwih loba lamun kajadian téh lumangsung poé Minggu kamarina sabab loba jalma anu piknik.
Di Astana Buda, basisir kulon, aya 70 makam nu teu kacatet saha-sahana sabab éta kapanggihna geus teu mangrupa.
“Mugia ulah kaalaman ku anak-ncu ...” ceuk Dudu.
Ari Sumpena mah anu harita jadi pamayang, ti bada musibat tsunami téh eureun ngala laukna sabab baluas.
Basa pas kajadian tsunami, manéhna katut sababaraha baturna keur ngangkleung di tengah laut.
“Teu karaos aya ombak gedé ari lain karasa aya anu ngariyeg mah. Ngala lauk téh jongjon wé. Ngan basa abdi balik ka darat, kaayaan basisir mungguh pangling, teu apal ka mana nya kudu hanjat da sagalana jadi baréda jeung pikaketireun,” ceuk Sumpena.
Sanggeus nyaho yén cikénéh Basisir Pangandaran kaléléd tsunami, kakara panik. Imahna geus euweuh. Ngan kulawargana salamet da cenah basa cai laut ngadadak saat,  geus dibéjaan baka;l aya tsunami, atuh ngarungsi ka jauhna.
“Abdi baluas, hariwang ninggalkeun kulawarga, matak ayeuna mah milih ngabéca wé di Pangandaran téh,” ceuk Sumpena. ***

Senin, 04 Februari 2013

Investigasi Kebon Raya Bogor


Di Kebon Raya Bogor Ngaleuya Bahan Kageulisan

INVESTIGASI sajarah Pajajaran di wewengkon Bogor anu ku tim investigasi Sajarah Allternatif dipilampah minggu kamari, ngahasilkeun béja-béja anu mungguh matak pikaaguleun. Nu kapanggih di wilayah Bogor,  lain baé sajarah ngeunaan nu sifatna istana centris Karaton Sri Bima  Punta Narayana Madura Suradipati baé, tapi manggihan béja-béja séjénna di saluareun kahirupan pulitik jeung tata nagara jaman Pajajaran.
“Naon margina para putri Pajajaran gareulis maranis eung camperenik?” ceuk  urang Kampung Pulo sawatara waktu samemehna. Nu nulis ngabigeu.
“Sabab dina jaman Pajajaran harita, bacacar ahli kecantikan, mun ceuk jaman harita mah,” omongna.
Atuh saterusna mah dararad Bah Juhana nerangkeun. Teu panjang-lébar, teu  gemet, tapi intina manéhna nerangkeun yén di Pajajaran harita beunghar ku ramuan kageulisan. Cenah loba jenis tutuwuhan anu lamun diramu dihijikun, bakal bisa dipaké ngarawat awak, ngarawat kulit ngarawat beungeut jeung awét ngora. Kitu sababna cenah para putri dina jaman Pajajaran baroga keureutan beungeut anu geulis jeung awét ngora. Kabéh ogé cenah tina ramuan alami anu dihasilkeun tina tutuwuhan anu aya di sabudeureun Pajajaran, kaasup nu aya dikebon raja.
“Tuh, di  Kebun Raya Bogor, sakumna tutuwuhan jang kageulisan tepika kiwari gé  masih kénéh aya jeung euweuh nu leungit,” ceuk Bah Juhana. Ngan sawaktu nu nulis ménta penjelasan sacara mérélé, Bah Juhana urang Kampung Pulo harita nolak sapajodogan.
“Kahiji moal dipercaya, kaduana mun dipercaya sieun tutuwuhan di Kebun Raya loba nu leungit,” pokna. Ceuk manéhna, geus wé da urang mah cenah sok leuwih percaya kana produk deungeun batan nu aya di lembur sorangan.
Jadi inget kana kajadian sawatara taun ka tukang. Kungsi aya urang Sunda anu manggihan ramuan kageulisan tradisi masarakat Pajajaran.Basa ku manéhna ditatawarkeun ku industri nasional, euweuh nu daék nampa da teu percaya. Ari basa ditatawarkeun ka Nagri Koréa,   mani babari nyanggutna. Ayeuna hak patent ramuan Pajajaran geus gubrag ka bangsa Koréa. “Jeung moal aya label Pajajaran,” ceuk Bah Juhana.

Jumat, 25 Januari 2013

Hartabaya Karuhun



Hartabaya Karuhun Aya di Bank Mancanagara

AYA kurang-leuwih 400 karajaan nu bacacar di Nusantara, boh gedé boh leutik. Mustahil tina sakitu lobana, teu barogaeun pakaya. Tapi lamun enya aya, di mana ditareundeunna?
 
DINA ieu majalah sawatara nomer anu kaliwat kungsi dipedar, loba karajaan Pajajaran Leutik, anu nyumputkeun hartabaya Pajajaran sabab bisi dijabel ku musuh.

Ari anu disebut Pajajaran Leutik téh nyaéta karajaan-karajaan leutik anu araya kénéh sabada burakna Pajajaran, saperti Karajaan Galih Pakuan di Selaawi, Limbangan Garut. Aya ogé karajaan leutik anu diadegkeun sabada Pajajaran burak, tur tugasna ngamankeun hartabaya Pajajaran tina gangguan musuh. Salah sahiji di antarana nyaéta Karajaan Arcamanik di mumunggang Gunung Manglayang. Ieu karajaan diadegkeun taun 1580, sataun sabada Pajajaran burak. Nu jadi rajana Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Karajaan Arcamanik diadeghkeun sabab boga pancén nyumputkeun jeung ngamankeun harta Pajajaran bisi dijabel ku musuh. Ieu kungsi jadi béja papatalépa, tur ti taun 1920 kénéh (malah tepika kiwari), sok aya anu rerencepan kula-kali, bisi enya di sabudeureun Gunung Manglayang aya hartabaya Pajajaran. Nu sok kukulunuan “néangan hartabaya kuna” téh oge aya anu daratang ka wilayah urut karaton Galih Pakuan di Limbangan tebéh kalér sanggeus maranéhna apal kana sajarah lisan yén baheula Galih Pakuan dipaké nyumputkeun harta Pajajaran.

Mémang bener aya urang Limbangan anu kungsi maranggihan pependeman saperti logam emas jiga duit, cucuk gelung tona emas, ogé rupa-rupa perhiasan tina emas. Malah aya penduduk anu boga daftar pependem,an nu aya di wilayah urut Karaton Galih Pakuan.

“Tapi da sanés disumputkeun diruang di handapeun taneuh jiga ceuk pamikiran urang. Mun mah enya aya, tangtu disumputkeun sacara gaib,” ceuk kolot urang Selaawi, Limbangan.

Kajadian sarupa kieu, tangtu lain di tatar Sunda baé. Maksudna, karajaan-karajaan anu bacacar di Nusantara, mana sanggup lana kumelendang ogé, salian ti boga tatanan militér anu kuat, tatanan ékonomi anu kuat, tangtu nagara boga pakaya anu kuat. Ngan sanggeus éta karajaan leungit, naha hartabayana milu leungit deuih?

Henteu kitu. Sakurang-kurangna tug ka kiwari, masih loba urang Indonésia anu percaya yén Nusantara beunghar ku pakaya, boh anu dipendem disumputkeun sacara demit, boh anu diteundeun sacara resmi. Geuning dina jaman Orba, sawaktu nagara milu kapangaruhan ku krisis ékonomi global, loba isu ngeunaan ayana harta Nusantara anu diteundeun di bank-bank dunya, saperti di Swiss contona. Malah ku geder-peterna ieu isu, sawatara pajabat nagara gé aya anu ngahaja ihtiar tetelepék ka nagri batur, hayang muguhkeun aya euweuhna harta Nusantara di bank-bank internasional.

Sawatara taun nu kaliwat, aya investigasi ti salah-saurang wartyawan Nasional ngaran Safari ANS, barétona digawé jadi wartawan Warta Ékonomi. Manéhna ngayakeun panalitian ngeunaan harta Nusantara anu diteundeun di lembaga keuangan internasional, tur ngarasa yakin yén bener, Indonésia téh boga hartabaya anu kawilang mucekil, diteundeun sacara resmi ku Présidén Sukarno. Jumlahna sabaraha, moal kaitung ku kalkulator gé cenah sabab dikitna kurang mun dibandingkeun jeung béréndélan pakaya Nusantara. Ngan kumaha cara nyokotna, éta anu jadi masalah.

Ceuk éta laporan, jang ngamankeun harta Nusantara, Bung Karno ukur mercaya sababaraha urang, kitu gé lain aparat nagara. Kitu gé lain bagéan ti kulawargana. Bung Karno hayang, éta harta Nusantara, hiji waktu bisa dimangpaatkeun jang kamaslahatan bangsa, lain dimonyah-monyah keur kapentingan pribadi atawa kelompok.

“Satungtung can manggihan pamaréntahan anu bisa dipercaya, anu jujur digawé meleg-meleg keur kapentingan bangsa jeung nagara, harta Nusantara anu aya di lembaga keuangan internasional ulah dicairkeun,” kitu ceuk salah sahiji jalma anu kungsi nepungan Ujung Galuh tapi ménta ngaranna tong diumumkeun. Isu ngeunaan harta Nusantara téh geus ti jaman béh ditu kénéh, tapi sakitu ambarahayat di ieu nagara ngalaman pait-peuheurna kahirupan, dimana loba rayat anu balangsak “harta Nusantara” teu kungsi dicairkeun ku alesan aya kecap “ulah dicairkeun satungtung can manggihan pamingpin anu jujur”.

Ceuk Safari ANS, anu dipercaya dipihapéan harta Nusantara téh nyaéta hiji lembaga keuangan internasional nu katelahna FED. Bung Karno dina ajamanna ngasongkeun claim yén Indonésia boga saham badag harta Nusantara, kungsi diteundeun ku para raja Nusantara.

Ceuk Bung Karno, baheula jaman para Raja Nusantara jaya, maranéhna neundeun pakaya nagara ku rupa batangan emas. Dina jaman Belanda, diteundeunna di De Javasche Bank (DJB), bank sentral pamarintah kolonial Belanda di Batavia anu saterusna robah jadi Bank Indonésia kiwari. Tapi aya ogé pakaya Nusantara bentuk batangan emas anu dirampas ku VOC sacara paksa. Harta rampasan sarupa kitu, harita kénéh diakut ka Belanda. Ngan sanggeus Belanda éléh perang dina ngalawan Jerman, NAZI ngakut hartabaya Belanda ka Jerman. Dina Perang Dunia II, Jerman diéléhkeun ku Amérika, atuh hartabaya Jerman (tina ladang ngajabel ti Belanda) téh diboyong ka Amerika, anu saterusna dipaké modal jang ngadegkeun The FED. Dina harti séjén, Indonésia boga saham pakaya pikeun ngadegkeun lembaga keuangan internasional anu katelahna The FED. Ieu lembaga anu tug ka kiwari jadi lembaga donor jang kamajuan lembaga keuangan Amerika saperti IMF jeung World Bank téh, ku Bung Karno kungsi disusul-susul. Bung Karno salaku Presidén RI, sacara resmi ngayakeun rundingan jeung pangagung ti Amerika jeung Eropa. Eusi rundingan, muguhkeun yén Indonésia boga pakaya di The FED tur salila éta saham Indonésia terus-terusan digolangkeun jang kauntungan bisnis. Ku kapinteran cacarita/diplomasi Bung Karno, ogé ku kayakinan nagara Amerika jeung Eropa, yén bener aya harta Indonesia anu digolangkeun di The FED, ngan lamun mah The FED teu mulangkeun atawa teu masrahkeun SHU, ku sabab harta Indonésia asup kana harta pampasan perang. Ieu rundingan téh katelahna Hiltron Agreement, lumangsung taun 1961. Usaha Bung Karno, henteu cukup ku kitu. Samulangna tina éta rundingan, Bung Karno ngajak ka sakumna bangsa-bangsa di dunya sangkan ngadegkeun hiji beungkeutan ngeunaan sajarah antarbangsa di dunya. Bung Karno nyebutkeun yén anu kudu milu néken kontrak dina traktat internasional éta téh nyaéta ogé para utusan karajaan Sa Nusantara anu meleg-meleg ngabogaan harta téa. Atuh sakumna raja-raja di dunya karumpul ngabahas ha lieu. Utusan ti Indonésia dipercayakeun ka raja ti Karaton Solo. Ieu Raja dianggap wijak. Samulangna tina tepung lawung jeung para raja di sakulioah dunya, Raja Karaton Solo mikeun mandate ka Bung Karno. Tug ka kiwari, anu boga hak nyokot dit harta Nusantara téh nyaéta Bung Karno. Kitu anu kacatet di The FED. Ngan baé mun dina hiji waktu Bung Karno tilar dunya saméméh nguruskeun harta Nusantara, bakal mikeun mandate ka jalma anu dipercaya.

Hanjakalna tug ka danget kiwari di The FED can kacatet, saha anu narima mandate nyokot éta harta Nusantara téh.

“Bung Karno ukur ngabéjaan ka lembaga otoritas keuangan internasional Trh FED, yén anu dipercaya ku manéhna téh geus aya, tur dibéré cirri-cirina. Nu nyaho kana éta cirri “utusan Bung Karno” téh ukur para patinggi The FED nu sacara turun-tumurun dipasrahkeun ka patinggi nu ngagantikeunana.

Tug ka kiwari, di kantor The FED loba pagawé anu lancara cacarita ku basa Indonésia. Ceuk urang The FED, hartabaya karajaan nu aya di dunya, bakal aman salila 400 taun jeung henteu bisa diganggu-gugat ku sing saha baé, kaasup ku Amerika anu ayeuna keur kekelepekan butuh watagad badag jang nyalametkeun ékonomi dunya anu keur kacow. ***

Kamis, 24 Januari 2013

Walungan Citanduy di palebah Kali Pucang


Banjar Karang Pamidangan
Ku HR.Hidayat Suryalaga )*


BANJAR téh kota transito, gerbang Sunda nu napel wates jeung Provinsi Jawa Tengah. Kota Banjar kudu sanggup ngawakilan beungeut budaya Sunda. Kota Banjar ogé kudu sanggup naratas jalan ékonomi sangkan bisa nepungkeun kamajuan pakidulan.

SACARA administratif  wilayah Pamaréntahan Kota Banjar téh ngadegna anyar kénéh pisan. Mun ceuk babasan mah kakara saumur jagong. Najan kitu, sabenerna ari ditingali tina peta sajarah kabudayaan tatar Sunda mah, geus lila dipiwanohna. Nu nulis téh lahir di Banjarsari, hiji kota leutik nu teu pati jauh ti Kota Banjar. Taun 1950-an, kuring geus narima riwayat Banjar katut Walungan Citanduy jeung patempatan anu aya di sapanjang éta walungan.  Nu sok caarita téh jalma anu geus karolot, nya kaasup bapa sorangan.
Ceuk arinyana, ceuk kamus basa Kawi mah, banjar téh hartina lingkungan. Ari ceuk kamus basa dina karawitan Sunda, banjar téh hartina runtuyan anu pinuh aturan. Dina istilah basa Indonésia ogé aya. Banjar nada, maksudna luhur handapna nada anu nungturun pinuh ku aturan. Dina basa militér, banjar téh ngabaris rapih ka tukang. Ceuk kamus Basa Sunda, banjar téh barang atawa pakarangan.Boh nuturkeun étimologi (kosakata) boh nurutkeun perlambang (heurmanetika), tétéla kecap banjar boga makna anu positif. Nyaéta ngagambarkeun tempat atawa lingkungan anu rapih ti mimiti dayeuh tepika ka poloksokna. Ku apal kana éta makna, jadi sawadina anu ngokolakeun Kota Banjar kudu tetep kudu bisa ngajaga Kota Banjar jadi tempat anu rapih, anu bérés, anu asri, sabab mun kayaananana rarujit jeung keumeuh, ngaranna geus lain banjar deui. Ngaran téh kudu luyu jeung kaayaanana. Banjar Patroman téh ngaran séjé jang Kota Banjar. Malah ari baheula mah, katelahna ogé Banjar Patroman, asal kecap tina banjar pataruman. Ari tarum téh hiji pepelakan anu tumuwuhna di sisi-sisi walungan. Nu matak aya katelah Walungan Citarum gé, bisa jadi di sapanjang éta walungan loba tangkal tarum. Ari tarum téh daunna sok dipaké warna pakéan. Laon bodas dicelep ku godogan daun tarum, nya bakal ngahasilkeun warna semu gondola.(indigo) atawa bulao kolot.Lamun Pataruman dihartikeun puseurna tangkal tarum, moal mah baheu;la di Banjar aya puseur industri lawon? Hal ieu perlu ditalungtik leuwih gemet. Malah lamun para ahli bisa nyieun panalungtikan, boa bakal leuwih netepkeun fungsi Kota Banjar salaku puseur industri tekstil bari boga warna ciri has Kota Banjar, nyaéta ku ngagunakeun warna tina daun tarum.(gradasi warna héjo tepikeun ka warna bulao kolot”, pan wewengkon Galuh baréto kakoncara puseurna batik ciamisan.
Nu écés, ti baheula mula gé Kota Banjar téh  tetep jadi gerbang tatar Sunda tebéh wétan sabab Kota Banjar téh a[el-wates jeung wilayah Provinsi Jawa Tengah. Banjar téh kota transit anu nyambungkeun dua provinsi, yaéta Provinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Minangka kota transito, geus diguratkeun yén Kota Banjar kudu diwangun bari pinuh ku rarancang anu asak, ulah wawayagon. Urang gé percaya, tangtu Pemda Kota Banjar geu boga “cétak biru” anu ku urang saréréa kudu dirojong.sangkan ngawujud bari bener. Pemda Kota Banjar kudu soson-soson mere sosialisasi ka masarakat tepika sakumna warga apal kana peran anu kudu dipigawéna. Kota Banjar  “pintu gerbang” Tatar Sunda tebéh wétan, kudu sanggup némbongkeun beungeut budaya anu has Sunda. Kota Banjar kudu sanggup ngawakilan “beungeut Sunda”. Minangka kota transito, Banjar ogé kudu sanggup jadi gerbangna kamajuan pakidulan. Ngaliwatan Banjar, jalan ka pakidulan kudu bangblas, nepungkeun sarana sosial-ékonomi kota jeung urang pakidulan bari jeung henteu ngaruksak lingkungan alam. Kapan dina mitologi Sunda mah, alam, tutuwuhan, gunung, walungan jeung sajabana sok dipersonifikasikeun salaku anggota badan manusa. Hal ieu ukur ngécéskeun yén konsép manusa anu nyobat jeung lingkungan téh kacida dalitna. Geuning ceuk kolot ogé “Diri urang téh nyaeta alam sagir kekembaranana alam kabir. Lamun kualitas ajén diri alam sagir hadé – alam kabir ogé bakal milu jadi hadé. Sabalikna upama kualitas ajén alam sagirna goréng – alam kabirna ogé bakal narima balukarna anu goréng. Kitu deui sabalikna alam kabir ruksak, lahir sagir manusa ogé bakal kapangaruhan jadi ruksak”. Konsép kesadaran lingkungan anu sakitu harmonis ieu, horéng ayeuna mah ampir disingkirkeun, diganti ku rupa-rupa kasarakahan dina ngaruksak alam. Ceuk  Seyyed Hossein Nasr  sosiolog-réligius ti Mesir ogé cenah, alam téh geus dijadikeun pelacur anu ajén dirina geus dikuras bébéakan demi kasarakahan manusa.
Baheula mah kasadaran urang kana perluna alam lingkungan téh, teu ngawates sakadar aya hubungan natural tapi dipasieup ku makna salaku berkah Illahi. Jagat raya kaasup eusina,geus mangrupa hiji harmonisasi aku pinuh ku aturan, kaharmonisan anu diciptakeun ku Sang Maha Kawasa. Ayeuna mah urang téh geus teu paham deui kana ageman atawa amanah Prabu Wastu Kancana ti Karajaan Galuh (1371-1475 Maséhi)  anu ditulis dina prasasti Kawali VIII yén: “Ulah bobotoh bisi kokoro ( u;lah sarakah bisi sangsara).
Ieu di handap aya tarjamahan Al.Quran dina basa Sunda wangun pupuh nu disebut Nur Hidayahan
• Al Hajj. Surat ka-22 Ayat 18 Pupuh Dangdanggula: Bumi alam sadayana wiridan ngagungkeun asma Alloh SWT. • XVII/:22/18 Naha anjeun tacan kénéh yakin, saeusina alam jagat raya, wiridan ka Gusti Alloh, ka Alloh nya sumujud, saeusining bumi jeung langit, panonpoé jeung bulan, béntang katut gunung jeung sato anu ngarayap, kitu deui lolobana mungguh jalmi, nyembah Alloh Ta’ala. • XVII/:22/=18 Tapi loba ti antara jalmi, nu geus pasti katetepanana, diajab ku Gusti Alloh, diajab ku Nu Agung, jeung sing saha baé nya jalmi, ku Alloh sina hina, ‘mo aya nu nulung, taya anu ngangkat mulya. Satemenna Alloh sakersa ngajadi, sagala sakersa-Na. *** 
)* Drs.HR Hidayat Suryalaga parantos ngantunkeun sawatara waktos kapengker.


Banjar Ceuk Vérsi
Invéstigasi Ujung Galuh

BANJAR téh geus jadi tempat anu ramé ti abad 12. Saméméh kajadian Pasunda Bubat, hubungan bilateral antara Sunda jeung Majapahit kacida dalitna. Ku sabab kitu, Darmaga Banjar harita jadi palabuan anu nepungkeun hubungan ékonomi antara Sunda jeung Majapahit. Ékspor batik Sunda ka Majapahit mayeng diayakeun.

KARAJAAN Majapahit geus mayeng meulian batik sunda ti Karajaan Galuh Ciamis. Jadi lamun di Ciamis kungsi sohor batik ciamisan, sabenerna sohorna téh ku alatan urang Majapahit kacida resepeunana ku corak batik Sunda. Kitu anu kaalaman dina abad 12, nyaéta samangsa hubungan bilateral antara Karajaan Sunda Galuh jeung Majapahit.
Ku naon antara Sunda jeung Majapahit perlu ngayakeun hubungan anu sakitu dalitna, éta ku sabab salian ti taat kana maklumat Darmasiksa ( ulah silih musuhan, kajaba kudu silih bantuan). Alesan anu kadua, boh Karajaan Sunda boh Karajaan Majapahit, sabenerna ku musuh-musuhna geus kajudi mangrupa sapasang paseuk kakuatan di Pulo Jawa. Kakuatan di wétan dicekel ku Majapahit jeung kakuatan di tatar kulon dicekel ku Karajaan Sunda. Ceuk para musuh-musuhna, Pulo Jawa bakal bisa direbut, saupama éta dua kakuatan dipisahkeun (ulah ngahiji).
Pihak Majapahit ogé sadar kana ieu hal téh. Kitu sababna, Majapahit teu weléh hayang ngayakeun hubungan anu dalit. Bubutuh ékonomi naon anu di Majapahit euweuh, nya nguyangna ka Galuh. Contona baé, sacara mayeng balanja batik sunda ti Karajaan Galuh. Lian ti kitu, Majapahit ogé mayeng balanja daun tarum ngaliwatan Darmaga Banjar.  Ku sabab Majapahit loba butuheun daun tarum jang indutri tekstil di Jawa, atuh Karajaan Galuh, perlu muka kebon tarum saloba-lobana di sapanjang Walungan Citanduy. Jadi, henteu matak anéh, lamun baheula, Kota Banjar ogé katelahna Banjar Patroman, tina asal kecap Banjar Pataruman, atawa Banjar tempat tumuwuhna pelak tarum.
Baheula dina abad 12, kapal dagang Majapahit biasa turun jangkar di Darmaga Banjar, nurunkeun uyah pesenan Karajaan Sunda, bari sakalian naékkeun batik ratus-ratus pikul katut daun tarum.
Pegatna hubungan dagang antara Galuh jeung Majapahit téh sanggeus bitu Palagan Bubat.  ***   

Silalatu Gunung Salak


1.Tepung  jeung Ki Mas Tanu

WEWENGKON Bogor, 1600-an.
Basa Sanaya anjog ka sisi walungan, wanci geus ngagayuh ka magrib.
Kaayaan geus kacida medemna, bubuhan di palebah dinya mah harieum ku kakayon. Padahal mun mireungeuh ka luhur ngaliwatan sela-sela dangdaunan, saenyana langit teh tacan poek-poek teuing.
Ret Sanaya ka palebah walungan. Caina ombak-ombakan anca. Bangun¬na teh teu pati jero, ngan palebah dasarna tangtu loba batu cadas anu taringgul seukeut.
Sanaya ngahuleng sakedapan bari angger neuteup beungeut cai.
"Emh, mun aing kukucuprakan kitu bae, meureun ieu calana komprang teh geus baseuh deui bae. Mangkaning ieu tempat teh hawana mani kacida tiisna ..." cenah ngagerendeng sorangan.
Ku manehna diukur ku wangwangan. Ceuk itunganana, rubakna eta walungan teh moal leuwih ti lima deupa ( mun ceuk ukuran ayeuna mah sadeupa teh kurang leuwih 1,698 meter).
"Ke, ke, ke ... Tapi lamun ku aing diajlengan, kahontal moal kitu, nya?" Sanaya geus ngahuleng deui bae. Ras eta jajaka teh inget ka guruna di Lemahputih wewengkon Karat¬uan Talaga. Guruna anu nelahna Ki Santa dua taun ka tukang kungsi ngalatih dirina malar bisa ngajleng jauh.
"Sok etah ajlengan Walungan Cilanjung teh!" ceuk Ki Santa harita.
"Ajlengan? Leuh rubak kacida eta walungan teh. Boa kami tikose¬wad, Aki ..." walon Sanaya.
"Lamun keukeuh teu gableg kaludeung, nepi ka buluan belut oge sia mah moal boga pangabisa, Sanaya. Hayoh ajlengan siah!" Ki Santa sesentak semu keuheul ka muridna bari panon beureum bubuncelikan. Kumisna anu cokrom bodas jeung janggotna anu rambay nepi kana harigu teh katembong oyag-oyagan kabawakeun ku eundeurna sora.
Diomongan kitu Sanaya mah anggur ngahuleng. Sakeudeung panonna anu ngenclang herang kawas sorot panon heulang teh neuteup seukeut ka guruna.
"Hayoh siah, rek ngajleng atawa moal?" Ki Santa geus ngagerem deui bae. Malah ayeuna mah leungeunna make jeung ngajewang dahan selong anu ngaroyom ka sisi cai. Peletak! Peletak! Ukur sakali ngajewang, dahan selong anu sagede pigeulang kolot teh ngabeletak potong. Eta popotongan dahan selong teh diamang-amang kawas rek dipake neunggeul bobokong Sanaya.
"Ampun Aki!" Sanaya undur bari ngagorowok semu muringis.
Ngan ku sabab ku guruna hantem disingsieunan rek dibabuk bobokongna, atuh daek teu daek Sanaya ngaheumbatkeun tanaga. Lain tanaga satanaga-tanagana tapi tanaga anu dibarengan ku elmu Peucang Mesat.
 Ceuk Ki Santa guruna, saliwat mah peucang teh siga sato anu letoy taya kahayang. Mun leumpang ngalenghoy jeung rundag-randeg bangun asa-asa loba kasieun. Teu kaop aya sora anu ngagorobas dina rungkun, peucang mah sok ngejat bangun reuwas jeung kasima. Tapi sakalina peucang lumpat, tarikna lir jamparing anu mesat tina gondewa.
Tah, elmu Peucang Mesat anu diciptakeun ku Ki Guru Santa oge mangrupa elmu lumpat anu niron-niron paripolah peucang.
"Pangabisa sato mah teu dibarengan ku akal deuleu. Sagalana ukur dipigawe ku dumasar kana naluri. Sabalikna, manusa mah kapan leubeut ku akal. Jadi saupama urang salaku manusa sanggup ngahijikeun akal jeung naluri, piraku pangabisa urang teu bisa ngaleu¬wihan sato?" ceuk Ki Santa mapagahan."Hayoh siah ngajleng!" omong Ki Santa bari ngamang-ngamang popotongan dahan selong deui.
Ari ku hantem dipaksa mah, Sanaya teu burung ngajleng. Hiji ...Dua ... Tilu .... Heup! Gajleng Sanaya ngajleng. Ngajlengna bari museurkeun tanaga tina pingping kana bitis, turun kana indung suku anu ditotolkeun semu jengke kana tungtung batu anu rada nonjol.
Gorobas, gajleng! Gajleng!
Sanaya tepi ka peuntas Walungan Cilanjung bari teu sakara-kara.
Sanaya atoh. Genep bulan latihan meuntasan walungan Cilanjung, kakara ayeuna bisa meuntas bari teu tikerebek. Padahal samemehna mah, meusmeus tigujubar, meusmeus tigujubar, sababaraha kali awakna rancucut ku cai.
Inget kana pangalaman dua taun nu kaliwat bieu, Sanaya seuri mesem. Enya harita teh geus bisa ngajlengan walungan. Tapi asana, da Walungan Cilanjung mah henteu rubak kawas walungan anu ieu. Katambah-tambah, basa ngalatih elmu Peucang Mesat meuntasan Walungan Cilanjung mah, aya ambahan keur ngawahan. Ari walungan  nu ayeuna, di sapanjang sisi-sisi walungan teh mani rembet ku kakayon sabangsaning eurih jeung saliara. Malah mah tutuwuhan cucuk-cucukan oge mani bala di ditu di dieu. Atuh beh anggangna ti eta, dahan kareumbi jeung carik angin mani kekep, sasat ngahalangan manehna mun hayang ngajleng meuntasan eta walungan.........(hanca)

Parantos medal bukuna tiasa di pesen langsung kana FB Aan Merdeka Permana