Rabu, 31 Juli 2013

"ROMANTIKA CINTA" DI KAMPOENG NYUBLEK

Panganteur

Tepikeun ka taun 1970-an mah ieu tempat téh masih kénéh disebut Kampung Nyublek. Perenahna di sisi jalan antara Cicaheum jeung Ujungberung, pas deukeut tikungan Sukamiskin Kota Bandung tebéh wétan. Urang dinya ngalandi Nyublek, bisa jadi lantaran jalan aspal di palebah dinya nikung semu murilit jeung nurugtug mudun. Saméméh taun 1970-an, ieu tikungan téh mudun nurugtug, loba kandaraan anu cilaka, tigorobas kana jungkrang tebéh kiduleun jalan. Nu cilaka tepika tiwasna, geus teu kaitung.

Dina taun 1970-an, jalan bagéan handap diurug tepikeun ka teu mudun teuing. Ngan lamun mah kiwari masih kénéh sok loba anu cilaka, éta mah alatan kandaraan nu lalar-liwat, utamana sepéda-motor, ngajalankeun kandaraan sakama-kama.

Ku pangagung lokal nu “kréatif”, Kampung Nyublek dirobah jadi Kampung Kertasari, nuturkeun kampung peuntaseunana anu asalna Kampung Burahol, robah jadi Kampung Simpangsari, Désa Cikadut jadi Kelurahan Pamulang.

Barudak ngora di Kampung Kertasari anu apal kana ngaran asal ieu kampung, masih tetep mertahankeun, ngan supaya rada légég nulisna jadi Néwblack. Ngan ceuk hasil panalungtikan, bisa jadi teu salah-salah teuing. Lain ukur kabeneran lamun Belanda dina taun 1800-an ngalandi ieu tempat ku istilah Néw Block anu hartina kampung anu anyar dibuka.

Tepikeun ka taun 1890 mah, di sisi jalan Raya Pos Daéndéls palebah Nyublek kiwari aya gedong Belanda, mangrupa tangsi atawa asrama para pajabat lokal kalangan bangsa Belanda. Ieu kompléks tangsi Belanda katelahna Eintech Fronte (Kampung Eintech). Katelah Néw Block sabab saméméh aya pilemburan pribumi, nu pangheulana ngadeg téh nyaéta Eintech Fronte nu diwengku ku tangsi atawa asrama pagawé pertengahan bangsa Belanda. Pamaréntahan Belanda perlu nyieun perumahan di dieu sabab harita Kampung Nyublek jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan. Nya di ieu tempat ieu carita téh lumangsungna. Nona Irene, rumaja wanita kulawarga bangsawan Belanda, teu dipirido pakait ati jeung Radén Abirangga, anak tua kampung di éta tempat ngan teu dipirido ku bangsa Belanda. ***



1. Bubuka

DINA catetan buku statistik urang Belanda baheula, nyaéta buku Aardrijkskundig en Statistisch Woordeboek van Nederlandsch Indie, anu kungsi kacatet di Landsarchivaris (arsip nagara) di Batavia disebutkeun yén Ujungberung téh nyaéta Negorij Bandung Wést Oédjoéngbroéng. Ujungberung Wétan.wilayahna jauh leuwih lega batan Ujungberung kiwari anu sakadar jadi wilayah kacamatan. Baheula mah dina jaman Belanda, nyaéta sanggeus Jalan Raya Pos dijieun ku Gupernur Jénderal Daéndéls, Ujungberung téh mangrupa wilayah distrik.

Jaman Kabupatén Bandung masih di Karapyak, nyaéta saméméh taun 1810, kaéréh ka wewengkon anu disebut Ujungberung. Sanggeus pamaréntahan Belanda ngawanohkeun sistem distrik, Ujungberung dibagi dua distrik, nyaéta Distrik Ujungberung Wétan jeung Distrik Ujungberung Kulon. Tapel wates antara wétan jeung kulon téh nyaéta di Kaca-kaca Wétan atawa Parapatan Lima (Simpang Lima kuduna) mun ayeuna.

Ti mana jolna ngaran Ujungberung? Tétéla aya sababaraha vérsi. Vérsi anu pangheubeulna, nyaéta anu dipatalikeun jeung sasakala Gunung Tangkubanparahu. Basa Sangkuriang keur tihothat nyieun parahu, Dayang Sumbi kacida hariwangeunana sieun pagawéan anu dipaké pasaratan kawinan Sangkuriang laksana. Mun enya kudu kitu, piraku teuing anak ngawin indung. Dayang Sumbi unggah kana pasir ngélébétkeun karémbong mayang sangkan panonpoé geuwat mucunghul. Kapan kitu pasaratanana, daék dikawin saratna nyieun talaga sapeuting katut parahu keur lalayaran.

Lian ti ngélébét-ngélébétkeun karémbong, Dayang Sumbi gé nitah kaom ibu pikeun nutu paré dina lisung. Basa ngadéngé aya halu ramé pakentrung, atuh hayam gé carengkat hudang bari kongkorongok da disangkana geus beurang. Ngadéngé hayam ramé kongkorongok jeung kokotak, para guriang anu diparéntahkeun nyieun talaga sapeuting jadi teu neruskeun hanca gawé sabab maranéhna mah pantrang molah gawé pabeubeurang. Atuh talaga sapeuting téh teu tulus anggeus. Mireungeuh kitu, Sangkuriang ambek nataku, parahu disépak tepikeun ka nangkub, nya kiwari jadi Gunung Tangkubanparahu. Ari karémbong mayang bogana Dayang Sumbi, robah jadi Gunung Manglayang. Gunung anu kaina dialaan jang parahu, kiwari katelahna Gunung Buktitunggul.

Gunung Manglayang téh mangrupa tempat ahir Sangkuriang dina ngaberung napsu, pajah ujungna ngaberung, nya jadi Ujungberung.

Vérsi séjén dipatalikeun jeung lalampahan Dipati Ukur dina patelakna jeung Mataram. Pasukan Dipati Ukur téh abur-aburan ti tatar Ukur ka tebéh wétan, nya anjog ka tungtung urut basisir Talaga Bandung Purba. Di sisi-sisi urut basisir téh, jembet ku leuweung awi. Dipati Ukur katut balad-baladna nyumput di dinya tepikeun ka teu kapanggih ku musuh. Ieu tempat ku Mataram mah disebut ujungna hiji gerakan dina tarékah nyusul-nyusul Dipati Ukur. Ieu tempat gé dianggap tempat ngaberungna napsu dina kaambek ka Dipati Ukur. Ka dieunakeun cenah katelah baé Ujungberung. Wilayah-wilayah anu kungsi dijugjug keur ngudag Dipati Ukur téh bisa jadi ti mimiti Kampung Palintang (Demah Luhur), tepikeun ka Panyiraman (hulu Citarum) di suku Gunung Wayang. Tug ka kiwari boh di Palintang boh di Panyiraman aya kapanggih situs-situs anu dianggap kungsi jadi tempat panyumputan Dipati Ukur. Di éta dua situs aya “makam Dipati Ukur”, nyaéta makam tiruan jang nyamarkeun musuh.

Vérsi nu katilu, bisa jadi ngaran Ujungberung, dicokot tina kecap Ujungan jeung ngaberung (ngumbar). Cenah baheula, para jawara Sunda ti beulah wétan (Galuh), sataun sakali sok ngayakeun lalampahan ka tatar kulon Sunda (Pajajaran) pikeun mecak kabisa. Dina mecak kabisa téh di antara ngayakeun pertandingan ujungan. Ujungan téh nyaéta olahraga silih babuk bitis ngagunakeun hoé. Nu di pakalangan téh kudu pakuat-kuat ngababuk jeung pakuat-kuat dibabuk. Lamun keur lalampahan ti wétan muru ka kulon, sok reureuhna téh di sisieun Citarum, sabab Citarum kaasup wates antara Galuh jeung Pajajaran. Di sisi Citarum, para jawara lalatihan ujungan. Nu dibabuk ku hoé satékah polah kudu bisa ngaberung napsu, ulah ambek. Ti dinya cenah mimitina aya kecap Ujungberung téh, nyaéta hiji tarékah dina raraga ngaberung napsu dibabuk hoé dina kagiatan ujungan.

Ayeuna balik deui kana sasakala Sangkuriang. Situ Hiyang anu aya dina éta sasakala, atawa anu geus jadi ranca dina jamanna Galuh jeung Pajajaran, komo dina jamanna Dipati Ukur, basa keur ngabentuk talaga purba mah, kajadianana kira 6000 taun katukang. Éta téh balukar Gunung Sunda ( ka dieunakeun jadi Gunung Tangkubanparahu) bitu. Lava gunung geus mongpokan Citarum Purba tepikeun ka caina ngeueum padataran Bandung. Legana Situ Hiyang téh ti mimiti Cilaléngka-Ujungberung- tepikeun ka Padalarang, jauhna kurang-leuwih 50 km. Ka kalér jeung ka kidulna ti mimiti Bukit Dago-Soréang-Ciwidey, jauhna 30 km. Beungeut cai talaga, luhurna 732 méter tina beungeut laut. Buktina, di sababaraha pasir di sabudeureun Bandung kapanggih aya artéfak sésa kabudayaan manusa Bandung Purba, saperti anu kapanggih di Guha Pawon, Padalarang. Éta wewengkon téh diduga baheulana, sisi basisir Talaga Bandung Purba. Ujungberung gé bisa jadi baheulana mangrupa sisi talaga. Kecap ujung téh bisa ogé disebut tanjung. Buktina, diwewengkon séjén anu diduga baheulana basisir, katelah aya patempatan anu maké kecap tanjung, saperti Tanjungkerta, Tanjungsari, Tanjungjaya, Tanjungwangi. Kecap bojong atawa bobojong gé ngagambarkeun patempat di sisi cai, saperti tempat nu aya di sapanjang Majalaya, Banjaran tepika Cililin, aya tempat anu disebutna Bojong Malaka, Bojong Cibodas, Bojong Manggu, Bojong Pulus, Bojong Kalong, Bojong Jambu, Bojong Rangkas, Bojong Emas, Bojong Jati, Bojong Gedé, Bojong Kaso, Bojong Nangka, Bojong Peundeuy, Bojong Monyét, Bojong Gempol jeung sajabana. Di wewengkon Bandung anu kaéréh ka Districk Oédjoéngbroéng ogé aya tempat-tempat saperti Bojong Soang, Bojong Gaok, Bojong Konéng, Bojong Loa, Bojong Reungas, Bojong Kunci, Bojong Awi jeung sajabana.

Ku sabab Ujungberung euyeub ku riwayat, teu kaleuleuwihi mun Belanda ogé nganggap penting ka ieu tempat, nu matak sacara administrasi, dibenum jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan. Puseur dayeuhna lain di deukeut Alun-alun ayeuna tapi malah di Kampung Nyublek kiwari nu anggangna kira lima pal tina titik 0 km.

Ari milih Kampung Nyublek jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan, sabab ti taun 1830 di kaléreunana, nyaéta ti mimiti Kampung Rasagalor (hulu Cikadut), tepikeun ka Kampung Cigorowong (hulu Sindanglaya), néba perkebunan kopi. Hasil kopi dibawana ka Kampung Nyublek saméméh diiangkeun ka Batavia téh.

Ku sabab aya perkebunan kopi, di sabudeureun Eintech Fronte (Kampung Eintech) renung pilemburan anyar dieusian ku penduduk asli. Malah ku sabab jumlah penduduk ngalobaan, ahirna perlu aya tua kampungna, hiji turunan ménak turunan Karajaan Arcamanik, kaléreun Kampung Nyublek. Ti dieu dimimitianana ieu carita téh. ***



2. Nona Iréné

KAMPUNG Nyublek taun 1890.

Isuk-isuk keur hadé poéna. Panonpoé kakara meleték tina sela-sela mumunggang Gunung Manglayang tapi di sakuriling lembur, halimun masih kandel minuhan alam. Najan kitu ari di sisieun Jalan Raya Pos Daéndéls mah, welasan jalma nu teu dibaraju, katémbong keur pakepuk naék-naékkeun karung goni nu dieusian ku buah kopi.

Usum halodo ieu téh pelak kopi ti wewengkon Rasagalor jeung Cigorowong keur meujeuhna meuhpeuy jeung geus meujeuhna diala.

Pagawé nu keur naék-naékeun karung goni kana roda padati téh, isuk-isuk kitu geus boborot ku késang. Sababaraha urang mah malah keur jemprak dariuk sisi jalan padati bari ngarinum cai kendi.

“Geuwatkeun bisi kasoréan tepi!” ceuk mandor anu awakna besekel, kumisna baplang.

“Ieu téh badé ditarik ka mana, Gamparan?” ceuk salah-saurang pagawé.

“Nya biasa wé ka Batawi, ngan sia kabéh mah ukur kaagéhan ngakut padati tepika sisi Citarum wé, ke ti dinya eudeuk diakut kana parahu ka Tanjungpura, bangblas ka Teluknaga, geus kitu dipindahkeun, diakut kana jung muru Sundakalapa,” ceuk mandor nerangkeun.

Ceuk manéhna, Ti sisi Citarum kénéh ogé aleutan kopi téh geus nambahan da ti pakidulan tatar Ukur gé hasil panen kopi geus dikumpulkeun di Rajamandala.

“Atuh angot beuki tepi ka Tanjungpura mah, aleutan padati nu ngakut kopi beuki loba jumlahna, sabab pelak kopi ti Leuweung Cantayan di sapanjang Citarum ogé geus diakut ka Tanjungpura deuih,” ceuk mandor deui.

“Hayoh geuwatkeun, lain tingpéléyé kitu!” ceuk mandor deui duméh pagawé jiga harayang kénéh ngaso.

“Pamugi keresan ngantosan sakedap, margi padati kagungan Tua Kampung tacan hol baé,” ceuk pagawé.

“Naha aya ku léléda, nya? Montong sok sagenahna, ulah abong jalma pangkat!” mandor kutuk-gendeng.

Ngan teu kungsi lila, ti tebéh kulon jol roda padati ditarikku munding. Hareupeunana, aya kuda nyongklang anca, nu numpakna lalaki ngora awak sembada. Umurna kira 18 taunan.

“Tuh geuning Radén Abirangga sumping ...” ceuk pagawé.

“Saha Radén Abirangga téh?” ceuk mandor naléngténg. Pagawé neuteup héran. Meureun manghérankeun piraku teu apal ka Radén Abirangga.

“Moal apaleun pan Juragan Mandor nu ieu mah nembé pisan alihan ti Rajamandala,” ceuk pagawé séjénna.

Atuh ari geus nyaho kitu mah, daradad pagawé nerangkeun.

“Radén Abirangga téh putrana Tua Kampung Radén Padminata, atawa oge katelah Radén Padmawinata” pokna nerangkeun.

“Kasép jeung gagah euy budak téh ...” mandor teu karasa ngunyem némbongkeun pamuji.

“Teu pindo damel da puguh turunan ménak karajaan.”

“Baruk?”

“Apanan kapungkur di tonggoheun urang aya Karajaan Arcamanik. Tua Kampung téh sasat turunan ménak karajaan, nun ...” ceuk pagawé. Mandor unggut-unggutan. Basa Radén Abirangga anjog tur turun tina kuda ogé, mandor mah masih kénéh unggut-unggutan.

Atuh sanajan teu apal keur jadi bahan catur, ari mireungeuh aya jalma besekel unggut mah, Radén Abirangga gé milu unggut.

“Éta padati eusina kopi?” ceuk mandor tumanya. Radén Abirangga ngaenyakeun cukup ku unggeuk.

“Sumuhun iangkeuneun ka Rajamandala, kulan?”

Pikeun kadua kalina Radén Abirangga unggeuk.

“Atuh kedah ditimbang heula, kaulanun ...” ceuk mandor.

Ngan sabot kitu, torojol jalma saurang. Awakna jangkung gedé, sapasang leungeunna tingberehil.

“Naha ieu téh ngajaredog baé lain geura-geura jung?” pokna tipopolotot. Mireungeuh kitu, mandor gé jiga gimireun.

“Ieu nun aya nu tinggaleun ...” ceuk mandor nuduhkeun ka palebah roda padati, eusina tumpukan karung ngajurungkunung jangkung bakat ku loba.

“Boga saha ieu?”

“Nu Tua Kampung, kulan...”

“Naha kakara dianteurkeun ayeuna?”

“Sabab ngala kopi kudu dipilihan nu geus karolotna, tangtu méakeun waktu,” Radén Abirangga nu némbalan mah.

“Mun hayang apik kudu ti jauhna atuh ...” jalma jangkung gedé téh cacarita teugeug. Manéhna tetep pengkuh kana aturan yén nu elat datang, ulah diakut.

“Ku Tuan Giehen van Renghern geus jangji eudeuk dibeuli, sabab pelak bapa kaula mah kopi pilihan,” témbal Radén Abirangga.

Ngadéngé ngaran Tuan Giehen van Renghern disebut, éta jalma bedang téh haténa rada sebér.

“Heug ari kitu mah, ngan ulah sakali-kali deui ngandelkeun kakawasaan,” ceuk éta jalma teuing naon maksudna cacarita kitu.

Ngakut kopi jadi rada telat sabab nimbang heula kopi bogana Tua Kampung. Ngan sanggeus réngsé ditimbang, patelak can réngsé.

“Naha ngan dibayar sakieu?” ceuk Radén Abirangga ngitung duit gulden.

“Kaula apal, ti Pamaréntah Batawi, sapikulna dibayar opat welas gulden, kitu gé ajén kopi jajar pasar. Ari ieu kopi alus, tapi naha ieu ngan nitih tujuh gulden? Saparona leungitna ogé!” Radén Abirangga protés.

“Kaula teu apal, sabab harga di Kampung Nyublek prah teu diitung kopi kumaha-kumahana!” témbal Si Jangkung Badag.

“Sok atuh bayar opatlas gulden sapikulna! Sagoni téh diitung opat pikul!” ceuk Radén Abirangga.

“Harga opatlas gulden mah ti Batawina!”

“Mémang! Sok bayar!”

“Ari ongkos padati ti mana? Ari babayar kuli ti mana?”

“Ah, kaula teu hayang nyaho da aturan nu dibikeun ka anu melak kopi mah, sapikulna bakal dibayar opatlas gulden!”

“Teu bisa!”

“Mun kitu, kopi eudeuk diakut deui, kaula moal ngajual kopi!” ceuk Radén Abirangga.

“Mun teu ngajual kopi, éta ngarempak aturan, andika baris dibérok!”

“Moal dibérok, sabab ayeuna tanam paksa geus dipupus ti taun 1830 ogé. Andika tinggaleun jaman!”

“Tapi lahan tanah mah tetep bogana Pamaréntah, Bapa andika mah ukur nengahkeun!” ceuk Si Jangkung Gedé.

“Jumali, Karta, Dongdo, akut deui tah kopi bapa kaula!” Radén Abirangga kalahka nitah badegana sabab cenah bolay ngajual kopina ogé.

Ngan sabot rék akut-akut, ka dinya reg aya nu anyar turun tina kuda. Nu saurang lalaki Belanda, nu saurang deui mah ... enon mani geulis camperenik. Radén Abirangga gé sakedapan mah olohok mata simeuteun. Ku teu disangka ka palebah dinya maké turun hiji enon anu sakitu rancunitna. Pakéanana sing sarwa bodas mani ampir babandingan jeung kulitna anu ngeplak bodas. Irungna mancung, sapasang panonna cureuleuk, halisna carentik, buukna ngarumbay panjang ombak-ombakan ngan semu konéng.

Radén Abirangga sabenerna mah geus lain sakali dua kali baé mireungeuh enon Belanda téh. Pan ku bapana remen dibawa ka kantor distrik, malah sababaraha kali larsup ka tangsi (perumahan soldadu Belanda). Malah ku remen-remenna dibabawa ka lingkungan Belanda, saeutik-eutikeun mah Radén Abirangga ngarti kana basa Belanda.

“Tapi ari enon nu ieu mah bet asa kakara panggih ...” ceuk gerentes haténa.

Basa haténa cacarita kitu, Si Enon gé keur meneran neuteup ka dirina, malah ka lalaki anu marenganana langsung tumanya.

“Wie is de man?” pokna semu ngunyem lalaunan tapi da kadéngéeun ku Radén Abirangga mah.

Lalaki anu marenganana gé milu neutep tapi ukur sajorélat, kituna téh biwirna semu ngécé.

“Hehhh ... de jongens inlander!” omong lalakina.

“Ik hou van haar, “témbal Si Enon.

Radén Abirangga teu pati opénan kana omongan Belanda lalaki anu ngahina dirina, sabab haténa kaburu ngageter sawaktu Si Enon nyarita kitu.

“Hah? Enya kitu Si Enon resepeun ka aing?” ceuk gerentes haténa mani ngageter. Ngan geterna haté mani kaganggu ku sora hiemna kuda anu ngabrét anu ditumpalkan ku Belanda lalakina. Jigana mah talina dibedol ku Si Ontohod tepika kuda nu ditumpakanana reuwaseun.

Si Lalaki Belanda téh langsung ngajak Si Enon geulis ninggalkeun éta tempat.

Atuh Si Enon gé kapaksa nuturkeun ngabedal kuda. Ngan saméméh indit, panonna ngagiler heula ka Radén Abirangga bari seuri ipis.

Ter deui haté Radén Abirangga ngageter.

Haté ieu jajaka mani asa kabedol waktu Si Enon Belanda ninggalkeun éta tempat bari nyongklang kuda. Teuteupna terus nujul ka hareup, bari ngarep-ngarep, sugan jeung sugan Si Enon Belanda ngalieuk deui ka tukang.

Tétéla kahayang haténa tinékanan sabab teu kungsi lila Si Enon Belanda téh enyaan ngarérét ka tukang bari imut.

“Hayu Adén ah, ulah kamalinaan ...’ salah-saurang badégana ngélingan.

“Saha éta enon téh, Jumali?” ceuk Radén Abirangga ka Jumali, badégana.

“Nyi Réné, éta téh ...” témbal Jumali.

Radén Abirangga ngahuleng bari kerung.

“Geuning ngaranna sarua jeung bangsa urang?” pokna.

Badéga nu séjénna ngehkey seuri sawaktu dununganana héraneun jiga kitu.

“Ari nami aslina mah Noni Irénne, namung ku pagawéna sok katelah Nyi Réné baé jeung manéhna gé resepeun disebut kitu téh,” ceuk Ki Karta nu bieu ngehkey.

“Andika nyaho ti mana?”

“Nya apal baé atuh, Radén, pan jisim abdi saendeng-endeng aya di dieu. Ari Radén mah, sataun gé teu acan. Angot ilubiung ngurus kopi mah nembé ayeuna-ayeuna ...” témbal Ki Karta. Ki Dongdo jeung Ki Jumali ngaenyakeun.

Radén Abirangga unggut-unggutan. Mémang henteu salah omongan badégana téh. Manéhna mah kakara bubulanan balik ka lembur téh, sabab ti umur wewelasan gé ku bapana geus dikirimkeun sina sakola di Cianjur.



***

LEMBUR di mana Radén Abirangga matuh téh mémang kasebut lembur anyar. Tadina mah kaéréh ka Pasri Impun. Ayana ieu lembur, nya saprakna Pamaréntahan Belanda di Jawa, nyieun jalan padati anu katelahna jalan raya pos, atawa jalan raya Daéndéls, duméh anu ngomando nyieun ieu jalan téh, nyatana Gupernur Jenderal Daéndels. Jalan téh dijieunna ti taun 1808, tepika taun 1811. Panjangna leuwih ti 1000 kilométer ti mimiti Anyer Banten, nepika Panarukan, Ujung Balambangan, Jawa Timur. Dijieun dina waktu anu bareng, sabab sakumna ambarahayat anu aya di saban wilayah kabupatian, dikerid-peuti, diwajibkeun séba tanaga.

Di wilayah anu ayeuna disebut Ujungberung, anu jadi kapala mandor jalan téh akina Radén Abirangga, katelahna Radén Gandring Angku Kusumah. Nu matak dibenum jadi mandor jalan, sabab manéhna di pilemburan kalér, nyaéta di Sékékondang, geus dipikolot ku urang lembur. Nu jadi akina Radén Abirangga gé kaasup jelema aya, bubuhan boga kebon kopi anu dibandaran ku Pamaréntahan Belanda.

Kulawarga Abirangga kacida panujuna Belanda ngawangun jalan. Sabab ceuk maranéhna, lamun aya jalan gedé anu leuwih alus, tangtu mangpaat jang pangupa-jiwa masarakat ogé bakal leuwih alus deui.

Saméméh aya jalan raya pos, ngurus pangupa-jiwa téh ukur ngaliwatan jalan peucang atawa jalan satapak. Di tebéh kalér mémang aya jalan Pajajaran, tapi pan jauh pisan, nyaéta kudu ka Sagarahérang. Pan harita gé mun ngiangkeun kopi téh ka Sagarahérang, sangkan engké bisa diakut ka Wanayasa, bangblas ka Cikao, Purwakarta.

Ayeuna sanggeus aya jalan raya Daéndéls, urusan pangupajiwa jadi leuwih énténg. Ari mangkaning pan urusan pangupa-jiwa masarakat, lain sakadar dagang kopi ka Belanda, tapi ogé loba bubutuh séjénna. Contona baé, mun butuh béas, pasti nguyangna ka Sumedang atawa Cianjur. Pon kitu deui urusan sandang, pasti ka Sumedang atawa ka Cianjur. Urusan pangan anu dijieun ku urang laut, pasti nguyangna ka Selaawi, Limbangan, sabab ti Selaawi lian ti boga hubungan dagang jeung Sumedanglarang, ogé boga hubungan dagang jeung Kasultanan Cirebon.

Ayeuna sanggeus puluh-puluh taun ti harita, rayat téh kakara ngarasa bungahna boga jalan padati. Ari sedengkeun puluhan taun kaliwat mah, nyaéta samangsa jalan raya dipigawé, rayat téh kacida ngarasa rungsingna.

Kumaha henteu rék kitu, sabab pihak Belanda kacida kerasna dina nibankeun paréntah. Séba tanaga nyieun jalan téh sipatna wajib. Ari wajib téa pan teu meunang henteu. Malah anu wangkelang mumul narima tugas mah, bakal keuna ku hukuman sagala. Sanajan henteu dirangkét gé, paling saeutik, henteu dibéré hak pikeun meuli bubutuh hirup. Kapanan sanggeus aya garapan nyieun jalan mah, sakur pagawé proyék narima hak meuli bubutuh hirup ti mimiti pangan tepika sandang. Hartina, ambarahayat teu kudu nguyang sorangan ka tempat jauh atawa meuli ka encék pindring (padagang bangsa Cina anu ngulayaban ka saban lembur mencil mamawa dagangan) bari hargana mahal kacida. Hahargaan ti urang Belanda gé tetep mahal, ngan teu jiga mun meulina ti encék pindring. Malah leuwihna ti Belanda, bubutuh hirup bisa dicokot ti heula, ngan itunganana béda. Tapi ulah salah, nu wangkelang kana paréntah Belanda, malah teu dibéré hak pikeun balanja bubutuh sapopoé.

Dina nyanghareupan kawijakan Belanda sarupa kitu, aya genah aya teu genah. Genahna, asal tuhu kana kahayang Belanda, rayat bisa hirup lumayan. Contona baé nu jadi akina Abirangga. Lamun Radén Gandring Angku Kusumah teu tuhu ka Belanda, nyaéta salaku kokolot lembur kudu bisa ngumpulkeun jalma pikeun samiuk nyieun jalan raya, kadudukanana bakal digencét. Sanajan boga kebon kopi lega di Sékékondang, ari teu dibeuli ku Belanda mah bakal ripuh.

Ari teu genahna, lamun geus narima pangaduan boh ti rayat boh ti Belanda.

Sakali mangsa aya rayat anu teu dibéré hak balanja bubutuh poko, mangadu ka akina Abirangga.

“Naha pédah naon Ki Silah?”

“Pédah jisim abdi teu ngalaksanakeun gawé nyieun jalan, nun ...”

“Mémang éta anu geus diatur ku Pamaréntah, euy ...” walon Radén Gandring Angku Kusumah.

“Tapi Pamaréntah teu adil dina ngimeutan masalahna, Gusti Radén ...” ceuk rayat anu mangadu.

“Teu adil kumaha?”

Atuh daradad si rayat téh cacarita masalahna. Cenah aya mandor anu nyieun polah nakal. Upah keur pagawé dikurangan nuturkeun kahayangna.

“Batur-batur nampa upah dua ringgit jero saminggu, jisim abdi mung opat pérak.”

“Meureun aya alesanana?”

“Enya aya. Mandor nuding jisim kaula léléda gawé. Padahal digawé mah nya lumrah baé. Ngararata taneuh dimimitian ti mangsa haneut moyan, dipungkas dina wayah lingsir ngulon ...” ceuk rayat.

Ieu masalah harita kénéh diuruskeun. Ayeuna giliran mandor anu mangadu. Cenah pangna upah dipotong, da bonganna digawé teu soson-soson, alesan keur ngingu panyakit.

“Kumaha tanggung-jawab jisim kaula ka salira saupami pagawéan teu réngsé dina waktuna?” ceuk mandor.

Kapala mandor susah kudu kumaha nya nyieun putusan anu adil. Jadi sawaktu pagawé teu tarima upah dipotong, manéhna mah cenah milih pundung wé da pangrasa leuwih milih buburuh upah ngunjalan kopi. Beer manéhna tetep boga pangupajiwa, ngan teu bisa dipaké balanja sabab ku Belanda dibaikot teu meunang balanja pangan. Tah palebah dieu teu genahna téh. *** Salajengna, aos bukuna.

Senin, 01 Juli 2013

Makam Panjang di Caringintilu


DI wewengkon Caringintilu tonggoheun Kota Bandung kapanggih aya makam dua, ngan ukuranana panjang. Sabenerna lain duméh layon anu dikurebkeun di dinya awakna jangkung. Éta mah bane baé sawaktu mimiti kapanggih, makam téh ditarétés ku tumpukan batu anu manjang.

 DINA mumunggang pasir di wewengkon Caringintilu, aya makam dua, katelahna makam panjang. Nu matak disebut kitu téh, duméh panjang ampir dua kalieun makam dina umumna.
Urang Caringintilu jeung sabudeureunna nyebutkeun yén éta téh makam Embah Sutra Kembang Wayang jeung pamajikanana nu katelahna Nyi Rempong Alis. Ku jalma ti jauhna mah sok ngahaja pada ngajarahan.
Ceuk urang dinya, Embah Sutra Kembang Wayang téh hirup dina abad 17, atawa lahir dina taun 1608 Maséhi, maot dina umur 73 taun.
Embah Sutra Kembang Wayang mah sabenerna ngaran jujuluk, da ngaran sabenerna mah Rai Buyung, atawa Ki Semah Wurung sanggeus déwasa. Lain jalma joré-joré sabab turunan ti Karajaan Kebayu. Ari Karajaan Kebayu téh, karajaan leutik nu aya di sahandapeun Karajaan Arcamanik. Perenahna Karajaan Kebayu, nya di wewengkon anu ayeuna disebut Caringintilu téa. Caringin anu jumlahna tilu ogé sajaman jeung hirupna Rai Buyung atawa Ki Semah Wurung atawa Embah Sutra Kembang Wayang. Ukur tangkal caringin biasa, teu boga kaistimewaan husus. Caringintilu mah ukur sesebutan jalma abad 20-an duméh harita di dinya aya caringin tilu jumpluk (ayeuna kari hiji).
Disebutna Karajaan Kebayu téh. Sabab sabenerna mah ukur mangrupa padépokan seni. Nu mingpin padépokan, taya lian iwal ti Embah Sutra Kembang Wayang. Malah ku sabab loba cacampuran jeung seniman, inyana ogé ahirna nikah ka salah sahiji seniwati nu katelahna Nyi Rempang Alis. Nyi Rempang Alis, harita kajojo salaku pejang sora atawa juru ngawih. Nyi Rempang Alis ogé tapis dina ngibing. Ieu salaki-pamajikan anu ngurus seni téh, boga turunan sapasang. Budak nu gedé lalaki, ngaranna  Jalaka Sunarya, adina awéwé ngaranna Nyi Masulih. Duanana jiga kolot-kolotna ngabdi kana seni.
Basa Islam geus nyebar ka éta wewengkon, anak-anakna mah arasup Islam. Jalaka Sunarya nyebarkeun Islam ngagunakeun seni heubeul. Jalaka Sunarya ngadongéng carita Rama Bharata, tapi diselapan ku syiar Islam. Ari adina mah tetep dina seni penjangsora. Saban aya tatamu karajaan, teu weléh dihibur ku haleuangna.
Teu kacaturkeun, di mana makam dua inohong ieu ayeuna. ***