tag:blogger.com,1999:blog-79113137872437299762024-02-21T07:12:54.501-08:00Sajarah Alternatif "Ujung Galuh"Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.comBlogger38125tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-49862961069060288682013-07-31T10:33:00.001-07:002013-07-31T10:33:21.668-07:00"ROMANTIKA CINTA" DI KAMPOENG NYUBLEK
Tepikeun ka taun 1970-an mah ieu tempat téh masih kénéh disebut
Kampung Nyublek. Perenahna di sisi jalan antara Cicaheum jeung
Ujungberung, pas deukeut tikungan Sukamiskin Kota Bandung tebéh wétan.
Urang dinya ngalandi Nyublek, bisa jadi lantaran jalan aspal di palebah
dinya nikung semu murilit jeung nurugtug mudun. Saméméh taun 1970-an,
ieu tikungan téh mudun nurugtug, loba kandaraan anu cilaka, tigorobas
kana jungkrang tebéh kiduleun jalan. Nu cilaka tepika tiwasna, geus teu
kaitung.
Dina taun 1970-an, jalan bagéan handap diurug
tepikeun ka teu mudun teuing. Ngan lamun mah kiwari masih kénéh sok
loba anu cilaka, éta mah alatan kandaraan nu lalar-liwat, utamana
sepéda-motor, ngajalankeun kandaraan sakama-kama.
Ku pangagung
lokal nu “kréatif”, Kampung Nyublek dirobah jadi Kampung Kertasari,
nuturkeun kampung peuntaseunana anu asalna Kampung Burahol, robah jadi
Kampung Simpangsari, Désa Cikadut jadi Kelurahan Pamulang.
Barudak ngora di Kampung Kertasari anu apal kana ngaran asal ieu
kampung, masih tetep mertahankeun, ngan supaya rada légég nulisna jadi
Néwblack. Ngan ceuk hasil panalungtikan, bisa jadi teu salah-salah
teuing. Lain ukur kabeneran lamun Belanda dina taun 1800-an ngalandi ieu
tempat ku istilah Néw Block anu hartina kampung anu anyar dibuka.
Tepikeun ka taun 1890 mah, di sisi jalan Raya Pos Daéndéls palebah
Nyublek kiwari aya gedong Belanda, mangrupa tangsi atawa asrama para
pajabat lokal kalangan bangsa Belanda. Ieu kompléks tangsi Belanda
katelahna Eintech Fronte (Kampung Eintech). Katelah Néw Block sabab
saméméh aya pilemburan pribumi, nu pangheulana ngadeg téh nyaéta Eintech
Fronte nu diwengku ku tangsi atawa asrama pagawé pertengahan bangsa
Belanda. Pamaréntahan Belanda perlu nyieun perumahan di dieu sabab
harita Kampung Nyublek jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan. Nya
di ieu tempat ieu carita téh lumangsungna. Nona Irene, rumaja wanita
kulawarga bangsawan Belanda, teu dipirido pakait ati jeung Radén
Abirangga, anak tua kampung di éta tempat ngan teu dipirido ku bangsa
Belanda. ***
1. Bubuka
DINA catetan buku
statistik urang Belanda baheula, nyaéta buku Aardrijkskundig en
Statistisch Woordeboek van Nederlandsch Indie, anu kungsi kacatet di
Landsarchivaris (arsip nagara) di Batavia disebutkeun yén Ujungberung
téh nyaéta Negorij Bandung Wést Oédjoéngbroéng. Ujungberung
Wétan.wilayahna jauh leuwih lega batan Ujungberung kiwari anu sakadar
jadi wilayah kacamatan. Baheula mah dina jaman Belanda, nyaéta sanggeus
Jalan Raya Pos dijieun ku Gupernur Jénderal Daéndéls, Ujungberung téh
mangrupa wilayah distrik.
Jaman Kabupatén Bandung masih di
Karapyak, nyaéta saméméh taun 1810, kaéréh ka wewengkon anu disebut
Ujungberung. Sanggeus pamaréntahan Belanda ngawanohkeun sistem distrik,
Ujungberung dibagi dua distrik, nyaéta Distrik Ujungberung Wétan jeung
Distrik Ujungberung Kulon. Tapel wates antara wétan jeung kulon téh
nyaéta di Kaca-kaca Wétan atawa Parapatan Lima (Simpang Lima kuduna) mun
ayeuna.
Ti mana jolna ngaran Ujungberung? Tétéla aya
sababaraha vérsi. Vérsi anu pangheubeulna, nyaéta anu dipatalikeun jeung
sasakala Gunung Tangkubanparahu. Basa Sangkuriang keur tihothat nyieun
parahu, Dayang Sumbi kacida hariwangeunana sieun pagawéan anu dipaké
pasaratan kawinan Sangkuriang laksana. Mun enya kudu kitu, piraku teuing
anak ngawin indung. Dayang Sumbi unggah kana pasir ngélébétkeun
karémbong mayang sangkan panonpoé geuwat mucunghul. Kapan kitu
pasaratanana, daék dikawin saratna nyieun talaga sapeuting katut parahu
keur lalayaran.
Lian ti ngélébét-ngélébétkeun karémbong, Dayang
Sumbi gé nitah kaom ibu pikeun nutu paré dina lisung. Basa ngadéngé aya
halu ramé pakentrung, atuh hayam gé carengkat hudang bari kongkorongok
da disangkana geus beurang. Ngadéngé hayam ramé kongkorongok jeung
kokotak, para guriang anu diparéntahkeun nyieun talaga sapeuting jadi
teu neruskeun hanca gawé sabab maranéhna mah pantrang molah gawé
pabeubeurang. Atuh talaga sapeuting téh teu tulus anggeus. Mireungeuh
kitu, Sangkuriang ambek nataku, parahu disépak tepikeun ka nangkub, nya
kiwari jadi Gunung Tangkubanparahu. Ari karémbong mayang bogana Dayang
Sumbi, robah jadi Gunung Manglayang. Gunung anu kaina dialaan jang
parahu, kiwari katelahna Gunung Buktitunggul.
Gunung Manglayang téh mangrupa tempat ahir Sangkuriang dina ngaberung napsu, pajah ujungna ngaberung, nya jadi Ujungberung.
Vérsi séjén dipatalikeun jeung lalampahan Dipati Ukur dina patelakna
jeung Mataram. Pasukan Dipati Ukur téh abur-aburan ti tatar Ukur ka
tebéh wétan, nya anjog ka tungtung urut basisir Talaga Bandung Purba. Di
sisi-sisi urut basisir téh, jembet ku leuweung awi. Dipati Ukur katut
balad-baladna nyumput di dinya tepikeun ka teu kapanggih ku musuh. Ieu
tempat ku Mataram mah disebut ujungna hiji gerakan dina tarékah
nyusul-nyusul Dipati Ukur. Ieu tempat gé dianggap tempat ngaberungna
napsu dina kaambek ka Dipati Ukur. Ka dieunakeun cenah katelah baé
Ujungberung. Wilayah-wilayah anu kungsi dijugjug keur ngudag Dipati Ukur
téh bisa jadi ti mimiti Kampung Palintang (Demah Luhur), tepikeun ka
Panyiraman (hulu Citarum) di suku Gunung Wayang. Tug ka kiwari boh di
Palintang boh di Panyiraman aya kapanggih situs-situs anu dianggap
kungsi jadi tempat panyumputan Dipati Ukur. Di éta dua situs aya “makam
Dipati Ukur”, nyaéta makam tiruan jang nyamarkeun musuh.
Vérsi
nu katilu, bisa jadi ngaran Ujungberung, dicokot tina kecap Ujungan
jeung ngaberung (ngumbar). Cenah baheula, para jawara Sunda ti beulah
wétan (Galuh), sataun sakali sok ngayakeun lalampahan ka tatar kulon
Sunda (Pajajaran) pikeun mecak kabisa. Dina mecak kabisa téh di antara
ngayakeun pertandingan ujungan. Ujungan téh nyaéta olahraga silih babuk
bitis ngagunakeun hoé. Nu di pakalangan téh kudu pakuat-kuat ngababuk
jeung pakuat-kuat dibabuk. Lamun keur lalampahan ti wétan muru ka kulon,
sok reureuhna téh di sisieun Citarum, sabab Citarum kaasup wates antara
Galuh jeung Pajajaran. Di sisi Citarum, para jawara lalatihan ujungan.
Nu dibabuk ku hoé satékah polah kudu bisa ngaberung napsu, ulah ambek.
Ti dinya cenah mimitina aya kecap Ujungberung téh, nyaéta hiji tarékah
dina raraga ngaberung napsu dibabuk hoé dina kagiatan ujungan.
Ayeuna balik deui kana sasakala Sangkuriang. Situ Hiyang anu aya dina
éta sasakala, atawa anu geus jadi ranca dina jamanna Galuh jeung
Pajajaran, komo dina jamanna Dipati Ukur, basa keur ngabentuk talaga
purba mah, kajadianana kira 6000 taun katukang. Éta téh balukar Gunung
Sunda ( ka dieunakeun jadi Gunung Tangkubanparahu) bitu. Lava gunung
geus mongpokan Citarum Purba tepikeun ka caina ngeueum padataran
Bandung. Legana Situ Hiyang téh ti mimiti Cilaléngka-Ujungberung-
tepikeun ka Padalarang, jauhna kurang-leuwih 50 km. Ka kalér jeung ka
kidulna ti mimiti Bukit Dago-Soréang-Ciwidey, jauhna 30 km. Beungeut
cai talaga, luhurna 732 méter tina beungeut laut. Buktina, di sababaraha
pasir di sabudeureun Bandung kapanggih aya artéfak sésa kabudayaan
manusa Bandung Purba, saperti anu kapanggih di Guha Pawon, Padalarang.
Éta wewengkon téh diduga baheulana, sisi basisir Talaga Bandung Purba.
Ujungberung gé bisa jadi baheulana mangrupa sisi talaga. Kecap ujung téh
bisa ogé disebut tanjung. Buktina, diwewengkon séjén anu diduga
baheulana basisir, katelah aya patempatan anu maké kecap tanjung,
saperti Tanjungkerta, Tanjungsari, Tanjungjaya, Tanjungwangi. Kecap
bojong atawa bobojong gé ngagambarkeun patempat di sisi cai, saperti
tempat nu aya di sapanjang Majalaya, Banjaran tepika Cililin, aya tempat
anu disebutna Bojong Malaka, Bojong Cibodas, Bojong Manggu, Bojong
Pulus, Bojong Kalong, Bojong Jambu, Bojong Rangkas, Bojong Emas, Bojong
Jati, Bojong Gedé, Bojong Kaso, Bojong Nangka, Bojong Peundeuy, Bojong
Monyét, Bojong Gempol jeung sajabana. Di wewengkon Bandung anu kaéréh ka
Districk Oédjoéngbroéng ogé aya tempat-tempat saperti Bojong Soang,
Bojong Gaok, Bojong Konéng, Bojong Loa, Bojong Reungas, Bojong Kunci,
Bojong Awi jeung sajabana.
Ku sabab Ujungberung euyeub ku
riwayat, teu kaleuleuwihi mun Belanda ogé nganggap penting ka ieu
tempat, nu matak sacara administrasi, dibenum jadi puseur dayeuh Distrik
Ujungberung Wétan. Puseur dayeuhna lain di deukeut Alun-alun ayeuna
tapi malah di Kampung Nyublek kiwari nu anggangna kira lima pal tina
titik 0 km.
Ari milih Kampung Nyublek jadi puseur dayeuh
Distrik Ujungberung Wétan, sabab ti taun 1830 di kaléreunana, nyaéta ti
mimiti Kampung Rasagalor (hulu Cikadut), tepikeun ka Kampung Cigorowong
(hulu Sindanglaya), néba perkebunan kopi. Hasil kopi dibawana ka Kampung
Nyublek saméméh diiangkeun ka Batavia téh.
Ku sabab aya
perkebunan kopi, di sabudeureun Eintech Fronte (Kampung Eintech) renung
pilemburan anyar dieusian ku penduduk asli. Malah ku sabab jumlah
penduduk ngalobaan, ahirna perlu aya tua kampungna, hiji turunan ménak
turunan Karajaan Arcamanik, kaléreun Kampung Nyublek. Ti dieu
dimimitianana ieu carita téh. ***
2. Nona Iréné
KAMPUNG Nyublek taun 1890.
Isuk-isuk keur hadé poéna. Panonpoé kakara meleték tina sela-sela
mumunggang Gunung Manglayang tapi di sakuriling lembur, halimun masih
kandel minuhan alam. Najan kitu ari di sisieun Jalan Raya Pos Daéndéls
mah, welasan jalma nu teu dibaraju, katémbong keur pakepuk
naék-naékkeun karung goni nu dieusian ku buah kopi.
Usum halodo ieu téh pelak kopi ti wewengkon Rasagalor jeung Cigorowong keur meujeuhna meuhpeuy jeung geus meujeuhna diala.
Pagawé nu keur naék-naékeun karung goni kana roda padati téh, isuk-isuk
kitu geus boborot ku késang. Sababaraha urang mah malah keur jemprak
dariuk sisi jalan padati bari ngarinum cai kendi.
“Geuwatkeun bisi kasoréan tepi!” ceuk mandor anu awakna besekel, kumisna baplang.
“Ieu téh badé ditarik ka mana, Gamparan?” ceuk salah-saurang pagawé.
“Nya biasa wé ka Batawi, ngan sia kabéh mah ukur kaagéhan ngakut padati
tepika sisi Citarum wé, ke ti dinya eudeuk diakut kana parahu ka
Tanjungpura, bangblas ka Teluknaga, geus kitu dipindahkeun, diakut kana
jung muru Sundakalapa,” ceuk mandor nerangkeun.
Ceuk manéhna,
Ti sisi Citarum kénéh ogé aleutan kopi téh geus nambahan da ti
pakidulan tatar Ukur gé hasil panen kopi geus dikumpulkeun di
Rajamandala.
“Atuh angot beuki tepi ka Tanjungpura mah, aleutan
padati nu ngakut kopi beuki loba jumlahna, sabab pelak kopi ti
Leuweung Cantayan di sapanjang Citarum ogé geus diakut ka Tanjungpura
deuih,” ceuk mandor deui.
“Hayoh geuwatkeun, lain tingpéléyé kitu!” ceuk mandor deui duméh pagawé jiga harayang kénéh ngaso.
“Pamugi keresan ngantosan sakedap, margi padati kagungan Tua Kampung tacan hol baé,” ceuk pagawé.
“Naha aya ku léléda, nya? Montong sok sagenahna, ulah abong jalma pangkat!” mandor kutuk-gendeng.
Ngan teu kungsi lila, ti tebéh kulon jol roda padati ditarikku munding.
Hareupeunana, aya kuda nyongklang anca, nu numpakna lalaki ngora awak
sembada. Umurna kira 18 taunan.
“Tuh geuning Radén Abirangga sumping ...” ceuk pagawé.
“Saha Radén Abirangga téh?” ceuk mandor naléngténg. Pagawé neuteup
héran. Meureun manghérankeun piraku teu apal ka Radén Abirangga.
“Moal apaleun pan Juragan Mandor nu ieu mah nembé pisan alihan ti Rajamandala,” ceuk pagawé séjénna.
Atuh ari geus nyaho kitu mah, daradad pagawé nerangkeun.
“Radén Abirangga téh putrana Tua Kampung Radén Padminata, atawa oge katelah Radén Padmawinata” pokna nerangkeun.
“Kasép jeung gagah euy budak téh ...” mandor teu karasa ngunyem némbongkeun pamuji.
“Teu pindo damel da puguh turunan ménak karajaan.”
“Baruk?”
“Apanan kapungkur di tonggoheun urang aya Karajaan Arcamanik. Tua
Kampung téh sasat turunan ménak karajaan, nun ...” ceuk pagawé. Mandor
unggut-unggutan. Basa Radén Abirangga anjog tur turun tina kuda ogé,
mandor mah masih kénéh unggut-unggutan.
Atuh sanajan teu apal keur jadi bahan catur, ari mireungeuh aya jalma besekel unggut mah, Radén Abirangga gé milu unggut.
“Éta padati eusina kopi?” ceuk mandor tumanya. Radén Abirangga ngaenyakeun cukup ku unggeuk.
“Sumuhun iangkeuneun ka Rajamandala, kulan?”
Pikeun kadua kalina Radén Abirangga unggeuk.
“Atuh kedah ditimbang heula, kaulanun ...” ceuk mandor.
Ngan sabot kitu, torojol jalma saurang. Awakna jangkung gedé, sapasang leungeunna tingberehil.
“Naha ieu téh ngajaredog baé lain geura-geura jung?” pokna tipopolotot. Mireungeuh kitu, mandor gé jiga gimireun.
“Ieu nun aya nu tinggaleun ...” ceuk mandor nuduhkeun ka palebah roda
padati, eusina tumpukan karung ngajurungkunung jangkung bakat ku loba.
“Boga saha ieu?”
“Nu Tua Kampung, kulan...”
“Naha kakara dianteurkeun ayeuna?”
“Sabab ngala kopi kudu dipilihan nu geus karolotna, tangtu méakeun waktu,” Radén Abirangga nu némbalan mah.
“Mun hayang apik kudu ti jauhna atuh ...” jalma jangkung gedé téh
cacarita teugeug. Manéhna tetep pengkuh kana aturan yén nu elat datang,
ulah diakut.
“Ku Tuan Giehen van Renghern geus jangji eudeuk dibeuli, sabab pelak bapa kaula mah kopi pilihan,” témbal Radén Abirangga.
Ngadéngé ngaran Tuan Giehen van Renghern disebut, éta jalma bedang téh haténa rada sebér.
“Heug ari kitu mah, ngan ulah sakali-kali deui ngandelkeun kakawasaan,” ceuk éta jalma teuing naon maksudna cacarita kitu.
Ngakut kopi jadi rada telat sabab nimbang heula kopi bogana Tua Kampung. Ngan sanggeus réngsé ditimbang, patelak can réngsé.
“Naha ngan dibayar sakieu?” ceuk Radén Abirangga ngitung duit gulden.
“Kaula apal, ti Pamaréntah Batawi, sapikulna dibayar opat welas gulden,
kitu gé ajén kopi jajar pasar. Ari ieu kopi alus, tapi naha ieu ngan
nitih tujuh gulden? Saparona leungitna ogé!” Radén Abirangga protés.
“Kaula teu apal, sabab harga di Kampung Nyublek prah teu diitung kopi kumaha-kumahana!” témbal Si Jangkung Badag.
“Sok atuh bayar opatlas gulden sapikulna! Sagoni téh diitung opat pikul!” ceuk Radén Abirangga.
“Harga opatlas gulden mah ti Batawina!”
“Mémang! Sok bayar!”
“Ari ongkos padati ti mana? Ari babayar kuli ti mana?”
“Ah, kaula teu hayang nyaho da aturan nu dibikeun ka anu melak kopi mah, sapikulna bakal dibayar opatlas gulden!”
“Teu bisa!”
“Mun kitu, kopi eudeuk diakut deui, kaula moal ngajual kopi!” ceuk Radén Abirangga.
“Mun teu ngajual kopi, éta ngarempak aturan, andika baris dibérok!”
“Moal dibérok, sabab ayeuna tanam paksa geus dipupus ti taun 1830 ogé. Andika tinggaleun jaman!”
“Tapi lahan tanah mah tetep bogana Pamaréntah, Bapa andika mah ukur nengahkeun!” ceuk Si Jangkung Gedé.
“Jumali, Karta, Dongdo, akut deui tah kopi bapa kaula!” Radén Abirangga
kalahka nitah badegana sabab cenah bolay ngajual kopina ogé.
Ngan sabot rék akut-akut, ka dinya reg aya nu anyar turun tina kuda. Nu
saurang lalaki Belanda, nu saurang deui mah ... enon mani geulis
camperenik. Radén Abirangga gé sakedapan mah olohok mata simeuteun. Ku
teu disangka ka palebah dinya maké turun hiji enon anu sakitu
rancunitna. Pakéanana sing sarwa bodas mani ampir babandingan jeung
kulitna anu ngeplak bodas. Irungna mancung, sapasang panonna cureuleuk,
halisna carentik, buukna ngarumbay panjang ombak-ombakan ngan semu
konéng.
Radén Abirangga sabenerna mah geus lain sakali dua
kali baé mireungeuh enon Belanda téh. Pan ku bapana remen dibawa ka
kantor distrik, malah sababaraha kali larsup ka tangsi (perumahan
soldadu Belanda). Malah ku remen-remenna dibabawa ka lingkungan
Belanda, saeutik-eutikeun mah Radén Abirangga ngarti kana basa Belanda.
“Tapi ari enon nu ieu mah bet asa kakara panggih ...” ceuk gerentes haténa.
Basa haténa cacarita kitu, Si Enon gé keur meneran neuteup ka dirina, malah ka lalaki anu marenganana langsung tumanya.
“Wie is de man?” pokna semu ngunyem lalaunan tapi da kadéngéeun ku Radén Abirangga mah.
Lalaki anu marenganana gé milu neutep tapi ukur sajorélat, kituna téh biwirna semu ngécé.
“Hehhh ... de jongens inlander!” omong lalakina.
“Ik hou van haar, “témbal Si Enon.
Radén Abirangga teu pati opénan kana omongan Belanda lalaki anu
ngahina dirina, sabab haténa kaburu ngageter sawaktu Si Enon nyarita
kitu.
“Hah? Enya kitu Si Enon resepeun ka aing?” ceuk gerentes
haténa mani ngageter. Ngan geterna haté mani kaganggu ku sora hiemna
kuda anu ngabrét anu ditumpalkan ku Belanda lalakina. Jigana mah talina
dibedol ku Si Ontohod tepika kuda nu ditumpakanana reuwaseun.
Si Lalaki Belanda téh langsung ngajak Si Enon geulis ninggalkeun éta tempat.
Atuh Si Enon gé kapaksa nuturkeun ngabedal kuda. Ngan saméméh indit,
panonna ngagiler heula ka Radén Abirangga bari seuri ipis.
Ter deui haté Radén Abirangga ngageter.
Haté ieu jajaka mani asa kabedol waktu Si Enon Belanda ninggalkeun éta
tempat bari nyongklang kuda. Teuteupna terus nujul ka hareup, bari
ngarep-ngarep, sugan jeung sugan Si Enon Belanda ngalieuk deui ka
tukang.
Tétéla kahayang haténa tinékanan sabab teu kungsi lila Si Enon Belanda téh enyaan ngarérét ka tukang bari imut.
“Hayu Adén ah, ulah kamalinaan ...’ salah-saurang badégana ngélingan.
“Saha éta enon téh, Jumali?” ceuk Radén Abirangga ka Jumali, badégana.
“Nyi Réné, éta téh ...” témbal Jumali.
Radén Abirangga ngahuleng bari kerung.
“Geuning ngaranna sarua jeung bangsa urang?” pokna.
Badéga nu séjénna ngehkey seuri sawaktu dununganana héraneun jiga kitu.
“Ari nami aslina mah Noni Irénne, namung ku pagawéna sok katelah Nyi
Réné baé jeung manéhna gé resepeun disebut kitu téh,” ceuk Ki Karta nu
bieu ngehkey.
“Andika nyaho ti mana?”
“Nya apal baé
atuh, Radén, pan jisim abdi saendeng-endeng aya di dieu. Ari Radén mah,
sataun gé teu acan. Angot ilubiung ngurus kopi mah nembé ayeuna-ayeuna
...” témbal Ki Karta. Ki Dongdo jeung Ki Jumali ngaenyakeun.
Radén Abirangga unggut-unggutan. Mémang henteu salah omongan badégana
téh. Manéhna mah kakara bubulanan balik ka lembur téh, sabab ti umur
wewelasan gé ku bapana geus dikirimkeun sina sakola di Cianjur.
LEMBUR di mana Radén Abirangga matuh téh mémang kasebut lembur anyar.
Tadina mah kaéréh ka Pasri Impun. Ayana ieu lembur, nya saprakna
Pamaréntahan Belanda di Jawa, nyieun jalan padati anu katelahna jalan
raya pos, atawa jalan raya Daéndéls, duméh anu ngomando nyieun ieu jalan
téh, nyatana Gupernur Jenderal Daéndels. Jalan téh dijieunna ti taun
1808, tepika taun 1811. Panjangna leuwih ti 1000 kilométer ti mimiti
Anyer Banten, nepika Panarukan, Ujung Balambangan, Jawa Timur. Dijieun
dina waktu anu bareng, sabab sakumna ambarahayat anu aya di saban
wilayah kabupatian, dikerid-peuti, diwajibkeun séba tanaga.
Di
wilayah anu ayeuna disebut Ujungberung, anu jadi kapala mandor jalan
téh akina Radén Abirangga, katelahna Radén Gandring Angku Kusumah. Nu
matak dibenum jadi mandor jalan, sabab manéhna di pilemburan kalér,
nyaéta di Sékékondang, geus dipikolot ku urang lembur. Nu jadi akina
Radén Abirangga gé kaasup jelema aya, bubuhan boga kebon kopi anu
dibandaran ku Pamaréntahan Belanda.
Kulawarga Abirangga kacida
panujuna Belanda ngawangun jalan. Sabab ceuk maranéhna, lamun aya jalan
gedé anu leuwih alus, tangtu mangpaat jang pangupa-jiwa masarakat ogé
bakal leuwih alus deui.
Saméméh aya jalan raya pos, ngurus
pangupa-jiwa téh ukur ngaliwatan jalan peucang atawa jalan satapak. Di
tebéh kalér mémang aya jalan Pajajaran, tapi pan jauh pisan, nyaéta
kudu ka Sagarahérang. Pan harita gé mun ngiangkeun kopi téh ka
Sagarahérang, sangkan engké bisa diakut ka Wanayasa, bangblas ka Cikao,
Purwakarta.
Ayeuna sanggeus aya jalan raya Daéndéls, urusan
pangupajiwa jadi leuwih énténg. Ari mangkaning pan urusan pangupa-jiwa
masarakat, lain sakadar dagang kopi ka Belanda, tapi ogé loba bubutuh
séjénna. Contona baé, mun butuh béas, pasti nguyangna ka Sumedang atawa
Cianjur. Pon kitu deui urusan sandang, pasti ka Sumedang atawa ka
Cianjur. Urusan pangan anu dijieun ku urang laut, pasti nguyangna ka
Selaawi, Limbangan, sabab ti Selaawi lian ti boga hubungan dagang jeung
Sumedanglarang, ogé boga hubungan dagang jeung Kasultanan Cirebon.
Ayeuna sanggeus puluh-puluh taun ti harita, rayat téh kakara ngarasa
bungahna boga jalan padati. Ari sedengkeun puluhan taun kaliwat mah,
nyaéta samangsa jalan raya dipigawé, rayat téh kacida ngarasa
rungsingna.
Kumaha henteu rék kitu, sabab pihak Belanda kacida
kerasna dina nibankeun paréntah. Séba tanaga nyieun jalan téh sipatna
wajib. Ari wajib téa pan teu meunang henteu. Malah anu wangkelang mumul
narima tugas mah, bakal keuna ku hukuman sagala. Sanajan henteu
dirangkét gé, paling saeutik, henteu dibéré hak pikeun meuli bubutuh
hirup. Kapanan sanggeus aya garapan nyieun jalan mah, sakur pagawé
proyék narima hak meuli bubutuh hirup ti mimiti pangan tepika sandang.
Hartina, ambarahayat teu kudu nguyang sorangan ka tempat jauh atawa
meuli ka encék pindring (padagang bangsa Cina anu ngulayaban ka saban
lembur mencil mamawa dagangan) bari hargana mahal kacida. Hahargaan ti
urang Belanda gé tetep mahal, ngan teu jiga mun meulina ti encék
pindring. Malah leuwihna ti Belanda, bubutuh hirup bisa dicokot ti
heula, ngan itunganana béda. Tapi ulah salah, nu wangkelang kana
paréntah Belanda, malah teu dibéré hak pikeun balanja bubutuh sapopoé.
Dina nyanghareupan kawijakan Belanda sarupa kitu, aya genah aya teu
genah. Genahna, asal tuhu kana kahayang Belanda, rayat bisa hirup
lumayan. Contona baé nu jadi akina Abirangga. Lamun Radén Gandring
Angku Kusumah teu tuhu ka Belanda, nyaéta salaku kokolot lembur kudu
bisa ngumpulkeun jalma pikeun samiuk nyieun jalan raya, kadudukanana
bakal digencét. Sanajan boga kebon kopi lega di Sékékondang, ari teu
dibeuli ku Belanda mah bakal ripuh.
Ari teu genahna, lamun geus narima pangaduan boh ti rayat boh ti Belanda.
Sakali mangsa aya rayat anu teu dibéré hak balanja bubutuh poko, mangadu ka akina Abirangga.
“Naha pédah naon Ki Silah?”
“Pédah jisim abdi teu ngalaksanakeun gawé nyieun jalan, nun ...”
“Mémang éta anu geus diatur ku Pamaréntah, euy ...” walon Radén Gandring Angku Kusumah.
“Tapi Pamaréntah teu adil dina ngimeutan masalahna, Gusti Radén ...” ceuk rayat anu mangadu.
“Teu adil kumaha?”
Atuh daradad si rayat téh cacarita masalahna. Cenah aya mandor anu
nyieun polah nakal. Upah keur pagawé dikurangan nuturkeun kahayangna.
“Batur-batur nampa upah dua ringgit jero saminggu, jisim abdi mung opat pérak.”
“Meureun aya alesanana?”
“Enya aya. Mandor nuding jisim kaula léléda gawé. Padahal digawé mah
nya lumrah baé. Ngararata taneuh dimimitian ti mangsa haneut moyan,
dipungkas dina wayah lingsir ngulon ...” ceuk rayat.
Ieu
masalah harita kénéh diuruskeun. Ayeuna giliran mandor anu mangadu.
Cenah pangna upah dipotong, da bonganna digawé teu soson-soson, alesan
keur ngingu panyakit.
“Kumaha tanggung-jawab jisim kaula ka salira saupami pagawéan teu réngsé dina waktuna?” ceuk mandor.
Kapala mandor susah kudu kumaha nya nyieun putusan anu adil. Jadi
sawaktu pagawé teu tarima upah dipotong, manéhna mah cenah milih pundung
wé da pangrasa leuwih milih buburuh upah ngunjalan kopi. Beer manéhna
tetep boga pangupajiwa, ngan teu bisa dipaké balanja sabab ku Belanda
dibaikot teu meunang balanja pangan. Tah palebah dieu teu genahna téh.
*** Salajengna, aos bukuna.
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0Sukamiskin, Arcamanik, Bandung City, West Java, Republic of Indonesia-6.9181325 107.67184689999999-6.9181325 107.67184689999999 -6.9181325 107.67184689999999tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-46222105031229673782013-07-01T04:11:00.000-07:002013-07-01T04:11:06.227-07:00Makam Panjang di Caringintilu
DI wewengkon Caringintilu
tonggoheun Kota Bandung kapanggih aya makam dua, ngan ukuranana panjang.
Sabenerna lain duméh layon anu dikurebkeun di dinya awakna jangkung. Éta mah
bane baé sawaktu mimiti kapanggih, makam téh ditarétés ku tumpukan batu anu
manjang.
DINA
mumunggang pasir di wewengkon Caringintilu, aya makam dua, katelahna makam
panjang. Nu matak disebut kitu téh, duméh panjang ampir dua kalieun makam dina
umumna.
Urang
Caringintilu jeung sabudeureunna nyebutkeun yén éta téh makam Embah Sutra
Kembang Wayang jeung pamajikanana nu katelahna Nyi Rempong Alis. Ku jalma ti
jauhna mah sok ngahaja pada ngajarahan.
Ceuk urang dinya,
Embah Sutra Kembang Wayang téh hirup dina abad 17, atawa lahir dina taun 1608
Maséhi, maot dina umur 73 taun.
Embah Sutra
Kembang Wayang mah sabenerna ngaran jujuluk, da ngaran sabenerna mah Rai
Buyung, atawa Ki Semah Wurung sanggeus déwasa. Lain jalma joré-joré sabab
turunan ti Karajaan Kebayu. Ari Karajaan Kebayu téh, karajaan leutik nu aya di
sahandapeun Karajaan Arcamanik. Perenahna Karajaan Kebayu, nya di wewengkon anu
ayeuna disebut Caringintilu téa. Caringin anu jumlahna tilu ogé sajaman jeung
hirupna Rai Buyung atawa Ki Semah Wurung atawa Embah Sutra Kembang Wayang. Ukur
tangkal caringin biasa, teu boga kaistimewaan husus. Caringintilu mah ukur
sesebutan jalma abad 20-an duméh harita di dinya aya caringin tilu jumpluk
(ayeuna kari hiji).
Disebutna
Karajaan Kebayu téh. Sabab sabenerna mah ukur mangrupa padépokan seni. Nu
mingpin padépokan, taya lian iwal ti Embah Sutra Kembang Wayang. Malah ku sabab
loba cacampuran jeung seniman, inyana ogé ahirna nikah ka salah sahiji seniwati
nu katelahna Nyi Rempang Alis. Nyi Rempang Alis, harita kajojo salaku pejang
sora atawa juru ngawih. Nyi Rempang Alis ogé tapis dina ngibing. Ieu
salaki-pamajikan anu ngurus seni téh, boga turunan sapasang. Budak nu gedé
lalaki, ngaranna Jalaka Sunarya, adina
awéwé ngaranna Nyi Masulih. Duanana jiga kolot-kolotna ngabdi kana seni.
Basa Islam geus
nyebar ka éta wewengkon, anak-anakna mah arasup Islam. Jalaka Sunarya
nyebarkeun Islam ngagunakeun seni heubeul. Jalaka Sunarya ngadongéng carita
Rama Bharata, tapi diselapan ku syiar Islam. Ari adina mah tetep dina seni
penjangsora. Saban aya tatamu karajaan, teu weléh dihibur ku haleuangna.
Teu kacaturkeun,
di mana makam dua inohong ieu ayeuna. *** Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0Bandung, Bandung City, West Java, Republic of Indonesia-6.9147444 107.6098111-7.0408529 107.4484496 -6.7886359 107.7711726tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-60465778042759123382013-06-18T08:31:00.001-07:002013-06-18T08:31:08.642-07:00Tembang Sunda
Papatet
Pajajaran kari ngaran
Pangrango geus narikolot
Mandalawangi ngaleungit
Nya dayeuh ngajadi leuweung
Nagara geus lawas pindah
Saburakna Pajajaran
Di gunung gumuruh suwung
Geus tilem jeung nagarana
Cupu manik astagina
Ditandéan sarat tangan
Dituruban apan bihari ku mandepun
Diteundeun di sisi jalan
Dibuka kunu ngaliwat
Kunu weruh di semuna
Kunu rancagé haténa
Dibuka pating haleuang
Nu ménta dilalakonkeun. ***Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-44657823300128298242013-06-18T08:27:00.000-07:002013-06-18T08:27:38.885-07:00Karuhun Awewe Pringgawasi Hiji-hijina
Perwira Awéwé Jaman Pajajaran
PRINGGAWASI, hiji-hijina awéwé nu jadi perwira Karajaan Pajajaran. Inyana hirup
dina jaman pamaréntahan Prabu Ratu Déwata (1535-1543), kaasup limapuluh perwira Karajaan Sunda ti jaman ka
jaman dina nyumbangkeun bala-tampur (taktik tempur) anu dicatet dina Pustaka Ratuning Bala Saréwu.
Pringgawasi ti keur umur 9 taun geus diurus ku
karajaan, sabab geus pahatu-lalis. Biangna,
Nyi Ami Sarih maot basa ngalahirkeun manéhna. Ari nu jadi bapa, Ki
Tonggala, gugur di pangperangan sabab jadi prajurit Pajajaran dina jaman Prabu
Surawisésa ( 1521-1535).
Umur 10 taun geus disuprih élmu kanuragan.
Geus déwasa nyiptakeun jurus Penca
Maliput, Céndra Babak Sipur, jeung Gagak
Lumpat, dicatetkeun dina Pustaka Ratuning Bala Saréwu sabab éta élmu kabéh
keur stratégi bala-tampur.
Ti saprak ditinggalkeun maot di pangperangan
ku nu jadi bapa,Pringgawasih cita-cita keyeng, hayang milu dina kamilitéran, nu
matak ti bubudak terus nyuprih élmu gelut.
Dina umur 17 taun, Pringgawasih jadi mojang anu
geulis kacida tapi teu nempatkeun dirina salaku wanoja andalemi jeung
camperenik, sabab sapopoéna kalah nyekel senjata.
Dina umur 20 taun geus milu dina peperangan
ngalawan Cirebon. Di pangperangan gé mingpin prajurit lalaki. Naon pangna kitu,
sabab Pringgawasih dina umur anu sakitu ngorana geus dibenum jadi Basanpatih
Sajayangwungga ( sinatria wanoja). Saterusna manéhna katelahna téh Basanpatih
Mahapatih Sajayangwungga Pringgawasi.
Dina umur 25, ieu sintaria wanoja téh nikah ka
Patih Suradipapar, tepikeun ka boga budak awéwé katelahna Sulaliawasi.
Pringgawasi, maot ku panyakit stroké, jaman
harita katelahna panyakit muncak. Nu
jadi gara-garana, duméh mireungeuh nu jadi salaki gugur dibinasa musuh nu
baruntak bari taya rasrasan. Awak Patih Suradipapar disiksik diwalang-walang,
disebarkeun di pakarangan imahna. *** Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-49960295956796066912013-06-18T08:24:00.000-07:002013-06-18T08:24:26.708-07:00Patilasan 2
Pulo
Geulis Bogor dina
Taun 1557 Maséhi
AYEUNA mah cukup disebut Pulo Geulis wé wungkul. Padahal, baheula mah jaman
Pajajaran, katelahna téh Pulo Geulis Parakan Baranangsiang. Nu matak disebut
Pulo Geulis, sabab loba rumaja putri gareulis anak para ménak anu ngadon
lalatihan karesménan atawa migawé rupa-rupa kasingeran kaum wanoja.
PULO Geulis di jero Kota Bogor, perenahna deukeut Términal Baranangsiang.
Baheulana gugusan délta di tngah-tengah Walungan Ciliwung, tepikeun ka Ciliwung
téh jiga kabagi dua.
Ayeuna mah jadi pilemburan anu gegek ku imah.
Heurin usik deuih. Sepéda-motor lalar-liwat mapay-mapay gang leutik bari
sésélékét.
Ari baheula jauh ka baheula, paling copél
tepikeun ka jamanna Pakuan Pajajaran, Pulo Geulis téh mangrupa tempat anu éndah
jeung asri. Nu caricingna kaum wanoja gareulis laluis jeung camperenik. Kumaha
hanteu rék kitu da nu sok caricing di dinya téh rata-rata putri para ménak
Pajajaran. Lain rék dipaké bumén-bumén tapi sakadar nyepi niiskeun pikir.
Kituna téh bari migawé pagawéan kasingeran wanoja.
Pulo Geulis téh harita mah katelahna Pulo
Geulis Parakan Baranangsiang. Dina jaman Pajajaran harita di tengah pulo aya
adegan tilu, camperenik. Jiga karaton tapi lain karaton. Nya meureun sabangsa
paséban atawa pasanggrahan tempat karumpulna jalma.
Harita mah anu karumpul téh nya para wanoja
geulis anak para ménak Pajajaran harita.
Dina taun 1557 Maséhi, Pajajaran harita
dirajaan ku Prabu Nilakéndra (1551-1567). Jamanna Pajajaran teu resep
peperangan, sanajan ari musuh mah teu weléh ngintip-ngintip. Ku sabab raja
leuwih resep ngajauhan kakerasan, atuh ambarahayat téh bisa hirup jongjon. Nu
tani, nu malawija, nu lintar (ngala lauk) nu gawé mayang (pamayang, nelayan),
katut gawé dina widang jasa jeung kabudayaan, kacida jarongjonna.
Jaman harita, para putrigeus biasa latihan
atawa diajar pejangsora. Pejangsora téh mamaos atawa ngalagu. Seni lagu jaman
harita geus kacida majuna. Nu jaradi ahli pejangsora atawa juru mamaos téh
lolobana para wanoja gareulis palaputra kaum ménak téa. Aya kasebeut sababaraha
wanoja geulis anu matak dédéngéeun sorana, saperti Nyi Lastri, Nyi Sunjali
(dina UGa No.9 geus kasabit-sabit), Nyi Amrataji, Nyi Dyah Paripana jeung Nyi
Suhalianji, minangka conto sawatara ahli pejang sora jaman harita.
Aya wanoja anu geulisna teu éléh ku anu séjén.
Harita kacatet aya cawéné anu katelahna Nyi Ambhira Patrima, umurna 19 taun.
Inyana téh anakna Ki Agung Sunyayati Kertasusma. Sasat pangagung pisan da mun
ayeuna mah pangkatna téh bupati. Nyi Ambhira mah, cicing di éta tempat téh nyuprih
élmu ngaput. Ceuk jaman ayeuna mah jadi penjahit. Ngan harita mah disebutna téh
palasuri. Gawéna nyieunan pakéan keur
para pangagung, sakutang-kurangna keur para santana (masarakat golongan
menengah, saperti para sinatria jeung para patih). Atawa ogé nyieunan pakéan
keur pakéeun para wanoja deui saperti sinjang, kabaya jeung salindang.
Dina jamanna, alat ngaput geus aya. Saperti
jarum, disebutna sarését, dijieun tina tulang sato, saperti tulang uncal jeung
sajabana. Geus puguh ari bola kantéh mah dijieun tina kapas.
Hanjakal, Nyi Ambhira Patrima, umurna teu
panjang. Sanggeus boga salaki ka anggota Pasukan Basura (pasukan panah
karajaan) nu ngaran Sumantri, ieu cawéné geulis téh tilar dina umur 27 taun. *** Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-53411732469589962142013-06-18T08:18:00.000-07:002013-06-18T08:18:45.678-07:00Patilasan
Ngaran Indihiang Geus Aya ti Abad 7
AYEUNA mah jadi wilayah kacamatan di
Kota Tasik. Tapi ngaran Indihiang sabenerna geus dipiwanoh ti abad ka 7 kénéh,
nyokot tina ngaran kuil Hindu nu harita dingaranan Pura Wisnu Indi Hyang.
DINA abad 7 masarakat di Tasikmalaya harita ngagem Agama Hindu, nu disembahna
Déwa Wisnu jeung Déwa Gandi. Déwa Gandi diwujudkeun dina arca lalaki kasép
dibarengan ku gajah.
Nu ngaragem Hindu
téh dina taun 608 Maséhi ngadegkeun pura nu dingaranan Wisnu Indi Hyang. Indi
Hyang boga harti Sanghyang Tunggal atawa Déwa Batara Tunggal. Sakur anu rék
asup ka éta wewngkon, kudu ngaliwatan lawang saketeng pura. Di dinya disucikeun
heula ku pandita Hindu. Harita anu ngapalaanana katelahna Pandita Anuhir Divata.
Baréto di
hareupeun pura aya prasasti anu ngabéréndél aksara palawa, ngagunakeun basa
Sangsekerta, anu unina kieu: Sarawistaka
sami asih, sumandipata Déwa Hyang Ku, Wisnu nan Déwa Hyang Ku Ghandhi. Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-58210114988779663132013-06-18T08:00:00.001-07:002013-06-18T08:06:13.096-07:00Karuhun Sunda
Putri Geulis ti Karajaan Kendan
Aya Putri Geulis dina jaman Karajaan Kendan, katelahna Nyi Dewi Ayu Purnama, Putrana Resi Manikmaya ti istrina Ibu Dewi Kancana Sari. Jaman robahna karajaan Kendan jadi Galuh, yuswa Nyi Dewi Ayu Purnama 13 taunan. Inyana nyaksian Wretikandayun ngaringkid pakaya Karajaan Kendan, pikeun dipake ngadegkeun Karajaan Galuh. "Teu sawios da jang kapentingan nu sae," ceuk Nyi Putri.
Tug nepi ka kiwari Nyi Dewi Ayu Purnama resep nyepi di ponclot gunung Sanghyang Anjung, nu aya di wilayah urut Karajaan Kendan. "Kaula resep deudeukeutan jeung alam". Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-36730321202702340082013-03-01T19:37:00.001-08:002013-03-01T19:37:25.344-08:00Jangjawokan Prabu Munding Wangi
PRABU Munding Wangi téh, raja pamungkas ti Karajaan Galih Pakuan. Ieu
di handap jangjawokan inyana anu pajah mah jang pamuka pirejekieun.
Nandingan jaka warna ngempak awang
Jugjug taya di dana
Matri ieu harti
Harti pangusiran
Nu nyangking nyampring
Tétélakeun laat panincak
Eusi gebrig
Mudal kawasa Galuh
Tuh, Galuh, galeuh nu kula
Éstu Sanghyang Jagat Alam Jagat Nunggal! ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-81235940389827477392013-03-01T19:24:00.000-08:002013-03-01T19:24:15.480-08:00Harta Pajajaran Di Galih Pakuan
PAJAJARAN téh tilem kakulub ku bumi. Tapi pikeun nyebutkeun Pajajaran téh kungsi aya, perlu diteundeun bukti-buktina.
MAJALAH Ujung Galuh sawatara nomer kaliwat kungsi
ngabahas yén di wewengkon Karajaan Galih Pakuan, Garut, bacacar rajakaya
bogana Pajajaran. Nu matak teu anéh ka ieu tempat, loba jalma anu
ngahaja idek-liher néangan pependeman atawa harta karun Pajajaran. Siga
dongéng tapi da nyata kabuktian. Loba anu geus manggihan pependeman
Pajajaran di éta wilayah. Malah aya anu ngahaja ngaborongan lahan tanah
anu diduga aya makam karamat. Aya nu geus manggihan banda kuna, kiwari
dikumpulkeun di museum mini di wewengkon Pasirhuut, nyaéta wewengkon anu
barétona diduga urut ngadegna Karaton Galih Pakuan.
Aya catetan anu duka ayeuna aya di mendi. Ceuk ujaring carita, éta
téh catetan anu dijieun ku Sunan Rumenggong ngeunaan rajakaya Pajajaran
anu disumputkeun di wewengkon Galih Pakuan.
Dina éta catetan kuna, Sunan Rumenggong nyebutkeun yén Pakuan
Pajajaran tilem kakulub ku bumi. Tapi pikeun nyebutkeun yén Pajajaran
kungsi aya, nya kudu diampihan bukti-buktina. Ari salah sahiji tempat
anu dipaké ngampihan banda Pajajaran téh (sabab kabéjakeun di wewengkon
urut Karajaan Arcamanik, Bandung Kalér, rajakaya Pajajaran ogé sarua
disumputkeun.). Naha dina hiji waktu bakal diguar deui Éta pependeman
jeung ku saha, teu kapaluruh. Ngan meureun hiji waktu mah geus pasti.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang,
paranti cokot tinggalkeun. Meureun ieu babasan téh ogé bisa dihartikeun
sahinasna jiga kieu. Lian ti adeg-adeg Pajajaran anu engké bakal diguar
deui, tapi ogé kumplit jeung hartabayana. Meureun.
Ieu di handap, béréndélan catetan beunang Sunan Rumenggong ngeunaan
rupa-rupa jenis harta Pajajaran, sakabéhna dijieun tina emas murni.:
1.Kawanggé atawa geulang, boh geulang keur leungeun boh geulang keur suku.
2.catrik, hiasan emas dina pigeulang.
3.kongkorong
4.gancing atawa anting
5.luwekan atawa susumping
6.siger, hiasan sirah putra/putri raja
7.menjangan (pakarang seukeut ngawangun tanduk uncal.
8.bedog
9.keris eluk salapan
10.bandu, taméng dada, baju zirah
11.duit kencring buatan Cina 12.makuta Binokasih Sanghyang Paké.
Nu disebut pangpandeurina, nyaéta Makuta Binokasih Sanghyang Paké
mangrupa makuta raja anu baheula kungsi dipaké ku Prabu Linggabuana,
Prabu Nila Wastu Kancana jeung Sri Baduga Maharaja raja Pajajaran. Basa
dina jaman Pajajaran ahir, ceuk catetan sajarah anu dijieun ku ahli
sajarah, pajah ieu makuta téh ku Prabu Séda raja Pajajaran pamungkas,
dianteurkeun ka Sumedanglarang ku Patih Jayaperkosa. Ceuk catetan
masyarakat pilemburan anu ngulik sajarah, Makuta Binokasih Sanghyang
Paké teu dianteurkeun ka Sumedang, nu dianteurkeun mah ukur duplikatna.
Ari makuta anu asli, disimpen di wilayah Galih Pakuan, perenahna kiwari
di Kampung Simpen, wewengkon Pasirhuut, Limbangan.
Masih tina catetan Sunan Rumenggong, mun éta rajakaya Pajajaran
digundukkeun di hiji tempat, bakal ngagugunung, badagna sagedé imah, mun
ceuk itungan urang kiwari mah, ukuran imah 60 méter pasagi. Sunan
Rumenggong umurna tepika 180 taun. Tapi boh makamna, boh buku catetan
kuna bogana, teu kasabit-sabit deui. Nu bieu cikénéh diterangkeun mah
ukur béja dibéjakeun deui. Urang Pasirhuut katut sababaraha penduduk
Kacamatan Selaawi, nyaeta puseur wewengkon Karajaan Galih Pakuan, teu
saeutik anu sok kawenehan, tengah peuting jemplang-jempling mireungeuh
aleutan jalma pakean jaman baheula, maranggul peti ratus-ratus jajar.
Cenah mah harta Pajajaran teh ti Galih Pakuan dipindahkeun disumputkeun
di wewengkon Karajaan Arcamanik. Atuda kac ida lobana harta Pajajaran
nu disumputkeun teh, sabab kungsi aya anu mireungeuh sacara gaib,
ngagugunung jangkungkang ngaleuwihan gudang Dolog. Hartina mun eta harta
Pajajaran kudu diampihkeun di gudang beas bogana Dolog, moal muat. !
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-85803931580759570452013-02-12T06:13:00.000-08:002013-02-12T06:13:38.791-08:00Situ Gede Tasikmalaya (Panyumputan Koruptor Karajaan)
Koruptor Karajaan Sunda Nyarumput di Situ Gedé
POLAH-polah culika saperti ngagasab pakaya nagara, ti jaman
Karajaan Sunda ogé geus aya. Koruptor ti jaman ka jaman, nyarumputna téh
di wewengkon anu kiwari jadi Situ Gedé, Tasikmalaya.
TONG boroning urang Tasikmalaya, dalah nu séjén gé
ka Situ Gedé mah geus arapaleun. Ari Situ Gedé téh, hiji objék wisata
alam, perenahna di Kota Tasikmalaya. Saban poé peré jadi pangjugjugan
jalma. Angot dina Lebaran jeung Taun Baru mah, loba acara jang
pameungkeut turis. Sapopoéna sok diaruseupan kalawan gratis, kajaba
mayar asup ka lokasi anu teu pati mahal.
Ngan deuih tong boroning urang luar, dalah urang Tasikmalayana ogé,
ari kana riwayat Situ Gedé mah loba anu teu arapaleun. Kanyahoan sotéh
duméh ka redaksi UGa krang-kring urang Tasikmalaya anu nelepon, cenah
ménta dipangdongéngkeun Sasakala Situ Gedé.
Maluruh riwayat Situ Gedé mémang rada susah. Euweuh catetan resmi anu
bisa dipaké sumber inpormasi. Manggihan sawatara kolot-kolot nu aya di
sabudeureun situ, paling apal dina kajadian-kajadian jaman Belanda atawa
Jepang. Kajadian béh ditu béh ditu anu jadi pangaresep udagan tim
invéstigasi UGa, teu arapaleun.
“Sanés teu aya anu apal kétah, ngan riwayat Situ Gedé mah, tos lami
ditutup ku para karuhun, disumputkeun dibuni-buni teu kénging aya anu
terang ...” ceuk Sumaji (60). Sumaji mah sabenerna lain urang Tasikmaaya
tulén, da manéhna mah pituin urang Pangandaran. Ngan manéhna
saeutik-saeutik nyaho riwayat Situ Gedé jaman baheula pisan, ladang
paméré ti kolot-kolot urang dinya.
“Tos maot ari nu masihan riwayat mah.”
“Sok atuh béjakeun ka abdi, Mang ...” ceuk UGa.
“Har, nya teu bisa, pan ceuk karuhun di dieu gé ulah diuar-uar, kudu tetep disumputkeun dina lalangsé,” ceuk Sumaji.
“Naha maké kudu disumput-sumput?”
“Sabab riwayat di ieu tempat téh henteu matak agul keur para turunanana,” ceuk Sumaji.
“Enya, pédah naon maké dianggap teu mawa kaagul keur jalma kiwari
téh?” UGa haben tetelepék, tur ahirna anu pajah kudu dibuni-buni téh
disingraykeun teu kahaja.
Jadi, kieu cenah riwayatna téh.
Ngajengléngna Situ Gedé mah anyar pisan, sabab ayana kakara dina taun
1530 Maséhi, nyaéta sabada aya hiji gunung di éta wewengkon bitu
rohaka. Éta gunung, jaman harita disebutna Gunung Pancawanaya. Naha
ayeuna gunung téh aya kénéh ngan geus ganti ngaran, teu écés.
Sanggeus Gunung Pancawayana bitu, ti jero taneuh ngaburial cai, lila
ku lila ngabentuk talaga atawa situ, nya Situ Gedé kiwari ngaranna.
Di Situ Gedé tug ka kiwari aya hiji pilemburan. Sabenerna éta kasebut
pilemburan kuna, sabab ti baheula gé, nyaéta ti saméméh aya situ, ari
lembur mah geus aya. Malah nu disebut baheula téh nyaéta ti jaman pasca
Karajaan Tarumanagara kénéh.
Ti taun 1119 Maséhi, di éta tempat geus aya lembur, ngaranna Sinjang
Moyang. Bisa jadi deuih, ngaran Sinjang Moyang mimiti dipiwanohna mah
béh dieuna deui, nyaéta sanggeus di éta tempat kungsi aya kajadian
géhgér. Ka éta tempat dina taun 1501 Maséhi datang sabubuhan pasukan
karajaan Galuh, dibantuan ku karajaan-karajaan leutik nu aya di
wewengkon antara Garut-Tasikmalaya jeung Ciamis harita, ngarurug,
merangan jeung ngabinasa pangeusi lembur. Ukur barudak leutik anu teu
dibinasa mah.
Naha maké dirurug ku saban karajaan? Sabab Lembur Sinjang Moyang ti
baheula kénéh geus dicuriga dipaké nyarumputna para koruptor. Saban
pangagung karajaan anu ngagasab pakaya nagara, lumpatna téh ka Lembur
Sinjang Moyang. Naha deuih pangeusi Sinjang Moyang dadaékanan ngilungan
jalma jahat? Sabab urang lembur Sinjang Moyang tina ladang ngilungan
jalma jahat téh maranéhna boga kauntungan, nyaéta narima bagi hasil
atawa peresénan ti para pajabat korup téa.
Ladang tina nyumputkeun pajabat korup, teu weudeu Lembur Sinjang
Moyang jadi medah-meduh. Raja Miri, nyaéta tua kampung Sinjang Moyang,
hirupna medah-meduh teu bina ti kahirupan hiji raja baé. Nu matak
dilandi Raja Miri, bisa jadi hirupna towéksa teu bina ti kahirupan raja
baé. Tapi deuih, ngaran Raja Miri ogé bisa jadi lantaran manéhna téh
lain turunan joré-joré, da manéhna aya getih turunan ti para Raja Galuh.
Malah ka luhurna mah, masih kénéh nyambung jeung Tarumanagara. Dina
taun 1119 Maséhi aya sabubuhan turunan ménak ti Tarumanagara sumebar
mencar ka ditu ka dieu, di antarana aya anu bubuara di éta tempat,
nurunkeun anak-incu-buyut jeung saterusna. Ngan teuing kumaha mimitina,
ujug-ujug saréréa samiuk, Lembur Sinjang Moyang merenahkeun manéh jadi
tempat nyumputna koruptor. Heug mangka ti jaman ka jaman lalakonna téh.
Dina jaman Karajaan Sunda/Galuh aya anu nyumput bari mawa pakaya nagara
kayaning emas, inten, berlian. Pon kitu deui urang Karajaan Kéndan.
Parat, tepikeun ka jaman Pajajaran. Sinjang Moyang téh hartina panutup
karuhun. Paripolah karuhun kudu dipindingan ulah diuar-uar. Mun enya
hartina kitu, bis jadi ngaan Sinjang Moyang mah lahirna téh béh dieu béh
diu nyaéta dilandi ku para turunan anu embung wiwirang karuhun
diuar-uar. Bisa jadi meureun satutas taun 1501, riwayat lembur téh
ditutup-tutup. Kilang kitu, lain hartina polah “nyumputkeun koruptor”
jadi leungit, da kabiasaan mah terus manjang. Buktina dina jaman
Pajajaran anu kajadianana béh dieu, angger we kabiasaan nulungan pajabat
korup mah teu dileungitkeun. ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-34463032416063588692013-02-12T06:04:00.000-08:002013-02-12T06:04:52.321-08:00Si Nyai Dyah Pitaloka
Ngagali peupeuyeuman nu geus ratusan taun disidem, kiwari diguar malah
mandar jadi cacaang, ka sing saha anu ngagunemcaturkeun hiji kajadian nu
dibere ngaran Perang Bubat.
Sampurasun…
Lawang
saketeng kiwari dibuka dina enas galur intina, nalika Majapait nu
diluluguan ku Hayam wuruk nu gaduh papatih Gajah Mada. Hiji kaayaan nu
tempatna di wewengkon Jawa Timur, masih na amparan hiji nusa atawa pulo,
di Beulah kulon kacatur aya hiji wanoja nu kawentar ku kageulisasanana,
turunan rundayan ti hiji pamangku karajaan Galuh Kawali, ieu 2 karajaan
boga kamerdekaan masing-masing.
Dijentrekeun karajaan nu di beulah
kulon teh, nya dipupuhuan anu gaduh asma Prabu Maharaja Lingga Buana,
astakalih putrana nu binekas wastana Dyah Pitaloka Citraresmi. Nya, Nyi
Putri ieu pisan anu ngajadikeun Raja Hayam Wuruk gering nangtung
ngalanglayung, kabungbulengan rasa nu anteb katresna nu teu kabendung.
Teu dicaturkeun kumaha mimitina, nu eces ti Galuh arindit ngetankeun
diwuwuh ku sahampalan prajurit.
Cag…tunda da geus tepi ka wewengkon nu geus diperenahkeun.
Hayam Wuruk bungah anu dianti-anti geus cunduk, sakumaha ilaharna tur
geus disayagakeun ti anggalna, rek dipapag ku kahormatan karajaan, nya
harita direureuhkeun heula di tempat anu ngaran Bubat tea, lilana eta
ngareureuh 7 poe bingbilangan.
Dina waktu keur nungguan bingbilangan
kana tujuh poe, nya aya nu daratang nu ngakukeun utusan ti majapait, ti
dinya kajadian gunem catur antara anu ngakukeun utusan ti Majapait
jeung ti pihak karajaan Galuh. Ti pihak karajaan Galuh tetep ngadagoan
nepi ka 7 poe sakumaha anu geus dirarancang tea, sedengkeun ceuk utusan
nu ngakukeun ti Majapait kudu harita indit ka karaton Majapait kalawan
nembongkeun surat anu dicap karajaan . Ku lantaran dina adu renyom eta
pada-pada embung eleh, nya antukna kajadian garelut anu kiwari disarebut
Perang Bubat.
Dina ieu hal urang lenyepan kumaha posisi Gajah Mada
anu sabenerna? Nu datang ka eta tempat teh utusan anu ngaku-ngaku Patih
Gajah Mada . Patih Gajah Mada anu asli harita disamunikeun ku kelompok
nu ngayakeun makar ka dirina, kadatangan rombongan ti karajaan Galuh
Kawali anu tujuanana rek ngadahupkeun antara Raja Hayam Wuruk jeung
Putri Sunda, dijadikeun kasempetan ku maranehanana. Ieu hal
dilantarankeun aya intrik politik anu memang teu resepeun kana ketak
pulitikna Gajah Mada anu mangsa harita keur ngagedurkeun sumanget
persatuan Nusantara.
RUMPAKA SATUTAS BUBAT
I. NYUNGSANG NA PAKEWUH NU SULAYA
Hampura ka balarea, lain rek megatkeun baraya katut rundayan tapi kitu
igelna kahirupan nu geus kajamanan. Dina lolongkrang, renghap na nafas,
nu tagiwur ku rasa, nyidem asmananing titis tulis, ngahanca lengkah
pajueun hirup, sanggeus ngukur lampah. Muru ngetan seja nemonan
pangangkir hiji raspati nu ngaguar tur mupuhuan Karajaan nu nelah tanah
Majapait. Teu kaungkab dina rasa, teu kajudi dina hulu kolbu, estu
mangsa nu nyerelek mawa poek. Sugan , pedah hate kebek ku kabungah
diangkir ku pupuhu nagari anu didadasaran ku kameumeut rasa kacinta,
tapi dalah di kumaha??? Anjog ka hiji tempat, eta mustika kabungah
sirna, nu aya ngajadikeun hiji gurat kapeurih, kapait, jauh tina lukisan
nu minuhan rasa nu dipiboga ku sakabeh manusa, nyatana ngagedur rasa
katresna. Sanggeus apal pasungsang dina nyatana, ngabela hirup
nangtungkeun hiji ajen pinajen, anu kacangkalak ku napsu kadunyaan,
ngadhohirkeun nepi ka ngaleungitkeun, ngaku satria, nu aya nimbulkeun
rasa haweuk, ngajauhan tur ngaragragkeun komara maranehanana nu moal
leungit, geus ngawewejet nepi ka moal lila deui nagarana ancur tideuha
tina jangji nu sulaya. Geura heug tarempokeun ku dulur-dulur sakabehna.
Ahirna medar jurit pikeun ngabelaan basa nu cenah diangkir kalayan
ngemban kaajegan nagara sewang-sewangan, ngaliurkeun rasa kaheman. Teu
loba balad nu milu lumampah, matak teu kasebut tur teu bisa dilandi naha
nu kitu teh perang? Da ceuk kuring luyuna mah disebut campuh garelut nu
teu saimbang. Ngorolos nyalametkeun diri, paburencay, pikeun
ngaleungitkeun raratan, aya nu salamet aya nu perlaya. Ngejat muru jalan
ka kulonkeun malikan jalan nu geus kasorang, patebih jeung ingkang
rama, dibarengan ku dalapan para dayang, teu kasusul teu kaberik, teu
ngarasa aya nu ngudag, katipu ku panyamaran, malih rupa sangkar
kurungan. Moal loba nu dicatur sanggeus tepi ka nagari deui, geus
diniatan ti dituna moal arek ka Kaputren deui, seja lunta ngawisit diri,
pikeun neangan jatining leumpang ka pamulangan. Na hiji dadampar
ngarandeg rareureuh ( kiwari eta tempat disebut Randegan) teu jauh ti
tempat ka luarna cai nu ngaburial lir kaluar tina tikoro ( kiwari
disebut sanghyang tikoro sanes sanghiang tikoro nu aya di walungan
Citarum tapi torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu ngawates
antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah panjangna kurang leuwih
500 meteran). Maju deui lalampahan, mangsa nu aya harita maju ka
sareupna, dina gembolan dikaluarkeun makuta ( kiwari eta tempat katelah
Kampung Kuta), ciciren putri nagari. Bubuara di dinya rada lila,
nempatan sedong dina batu ( kiwari eta tempat katelah Kampung Sodong),
bisa mamprak sila nu tumaninah komo deui pami emok. Timbul kasono na
hate hayang lunta, nempo nagara tapi haben ditahan, dikuat-kuatkeun, teu
mere beja ka sasaha , nya kitu deui ingkang rama waktos tepang di
Cigurandil meupeujeuhan ulah rek mulang deui ka Karajaan.
Mending
nyidem ngasah diri jeung deui mupus tapak, sangkan teu diudag-udag ku
prajurit urang Majapait. Sabab lamun arapaleun urang teu perlaya tangtu
urang Majapait teu weleh nyusul sangkan bener-bener urang perlaya pikeun
ngamusnahkeun ingkang rama jeung kula, nya nyamuni tina iburna urang
sakabeh perlaya, antukna boh ingkang rama Prabu Linggabuana boh kula
teu marulang deui ka Kawali, da tinangtu di Galuh aya deui nu mupuhuan,
ngan hanjakal, deuleu ku maraneh kabeh kajadianana ngajadikeun nyatru
kabuyutan antara Majapait (Jawa) jeung Galuh (Sunda), sanajan enya hal
eta kaasup manusiawi, tapi lain eta nu dipiharep.
Euweuh deui nu
diseja pikeun nyungsi sajatining diri, eta nu diteangan, hayang apal ka
mana jatining diri pangbalikan. Porosot tarumpah kamenakan, ngalepaskeun
kadunyaan, ngabagawan ngahiap mapag ka nur jatining diri. Teu ngalandi
diri, teu nembongkeun diri, da euweuh nu nganyahoankeun yen kuring Dyah
Pitaloka. Kula nu nyungsi diri putri sajati terah Galuh Pakuan.
Dina
sajeroning ngalalana, hiji wanci kula leumpang semu ngidul meuntas
walungan anjog ka hiji mumungggang pasir nu kiwari nelah Dayeuh luhur (
hiji tempat kaasup wewengkon Jawa Tengah), pilemburan nu pinuh ku
tangkal kawung. Ari jaganing geto di dinya nelah sideumna Prabu
Siliwangi, eta ge tetep miceun-miceun salasah, teu jauh ti dinya
peuntaseunana deukeut-deukeut ka pulo Majeti, tapi kula teu nincak ka
dinya, mulang deui ka Sedong (kampung Sodong). Hiji mangsa kula lugay ka
beh kaler, anjog ka hiji tangkal nu keur pinuh ku buahna, ciibun katojo
panonpoe, katempona lir inten (ti harita eta tangkal nelah tangkal
saninten). Kungsi deui kula molohok tur ngarasa aneh aya kadu cucukna
parondok pisan (ku hal eta di dinya nelah jadi lembur Kadu Pandak).
Kula teu incah balilahan tetep tumetep di sakuriling eta tempat nu
kiwari katelah KAMPUNG KUTA, nu teu jauh ti KAMPUNG SODONG ayeuna.
II. SAADEGAN TINA LALAKON
Dasar nu geulis teu pupus ku kageulisanana mangsa ngarundaykeun
rambutna dina leuwi, bari ngeueum sadadaeun, dampalna napak dina batu.
Rambut baseuh diangir , diluluntur ku daun dadap cangkring, diberesihan
ku kembang campaka munding seungit ngadalingding satungkebing leuwi,
warna-warni kukupu ngurilingan Nyi Putri tedak menak ti Galuh nu keur
ngalunta ngarereb di hiji tempat Sedong pamulihan.
Tina eta kajadian
unggal taun dina hiji mangsa nu maneuh, kukupu warna-warni ti saban
madhab daratang ka eta tempat murulang deui lir kawas nu geus ditulisan,
jaganing geto eta tempat katelah PANULISAN ( kiwari eta tempat kaasup
ka wewengkon Banjar).
III. NGAWISIK DIRI
Mangsa na lumampah, kula ngebrehkeun ka balarea. Satutas kajadian anu
nimbulkeun rasa hemeng dina pikiran, nu nyangkaruk dina batin, nu hese
disingkahkeun, ngemu kapanasaran, jauh tina sawangan tapi nyatana kitu.
Bubat geus ngaguratkeun na jiwa nurih hate kula sangkan neuleuman tina
ieu kajadian, murugulna kahayang nu teu sapagodos jeung Ki Lanceuk di
Galuh nu teu satuju leumpang milampah pikeun indit ka Majapait, nemonan
pangulem Ingkang Rai nu nelah Hayam Wuruk. Kula karek eunggeuh ngarumpak
kapamalian awewe nemonan lalaki, Ahirna kula lumampah, leumpang muru ka
beh kidul sangkan anjog ka laut kidul seja muru ka hiji wewengkon, nya
Cijulang anu dituju leumpang ngembat kungsi eureun di Jati Tujuh
ngarereb di hiji guha bari neda-neda ka nu Agung, Si Nyai Dyah Pitaloka
neneda sangkan salamet tepi ka nu dituju wates Galuh nu cirina cai
ngocor lir tina tikoro ( torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu
kiwari jadi wates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah).
“Anaking Ama lain tega teu babarengan dina lunta, Ama yakin jeung boga
kayakinan, hidep bakal tepi ka nu diseja”.
Kula, ahirna tepi ka nu
dijugjug nya ka Cijulang tea, di Cijulang tumetep teu mulang ka Kawali,
bari kalan-kalan dina sajeroning ngalalakon, sok rajeun Kula leumpang ka
sejen wewengkon.
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-21328956910412861272013-02-12T05:43:00.002-08:002013-02-12T05:43:20.367-08:00Ageman Prabu Siliwangi
Kaula Prabu Siliwangi nyakenkeun ka sadayana jamaah
Diya sakayan kaula nu Insya Allah ngabalai
Diya nyusuk nu dihapurankeun kaagama Islam
Nyian anaka arang-arang nuka kaula di wastupun
Nyakeun hate diyaya sakala dikailkeun di kaitkeun
Dipahetkeun nyakeun lelembut diyaya sakala arang-arang marifat
Puran kayan kegeugeuh diyayakeun ka gusti Allah
Diya dihampurakeun ka agama Islamna
Haturan dajar nyakeun hapur kaula kasabab
Neuteup diyaya teu nyakeun diaya sakala bisa musrik
Sakitu nu kaula bisa dibantoskeun diya kecapna
Susuhun dihampura diya kecap parit ieu upami aya kalepatan
Kaula Prabu Siliwangi Pangeran Pamanah Rasa”)
Manawi ieu pam dibasakeunana dina jaman kiwari janten unina kieu :
Kaula Prabu Siliwangi ngayakinkeun ka sakabeh jama’ah
Maneh sakabeh (ra’yat) kaula nu Insya Alloh netepkeun
Maneh asup ka agama Islam heug dihampura tur geus nyararita sumanggem ka kaula
Nya heug neangan kajayaan ulah kagok sing bener sing yakin
Eta intina ngararomong supaya jadi ma’rifat
Gusti Alloh nu ngawasa ieu alam, maka kajayaan sampurna
Tah lamun kitu asup ka agama Islam teh kafah
Tapi poma ulah ngayakeun na jero hate tur ngagung-ngagungkeun Siliwangi
Eta bisa musyrik
Sakitu kaula mere dina kecap kaula menta dihampura kaula bisi aya kecap kaula salah
Kaula Prabu Siliwangi Pamanah Rasa
Surahan tina Surahan harfiah Sasakala Prabu Siliwan
Beberkeun !
Bejakeun ka balarea, sangkan nyaraho yen kula ngagem ajaran KaRosulan,
poma ulah jadi papasean jeung adu renyom anu ngajadikeun nur dhohir nur
batin pasolengkrah, da deukeut-deukeutna tina suudzon. Tanbih aranjeun
kudu longkewang ceuk basa, ceuk rasa, kabeh kudu bisa nganteur sangkan
bashiroh muncul dina sakabeh alur getih nu aya dina raga. Mangka
aranjeun kabeh ulah rek gasab dina harti lamun teu neundeun entong
nyokot, hartina urang sakabeh kudu mepende hate, engkening jaga bakal
patemu bakal panggih pangbalikan, pan urang kabeh geus arapal urang
balik ka Alloh.
Ari ngaji larapna sakabeh gegebeng aya dina waruga
urang, kudu ikhlas jeung teu weleh syukuran , naon atuh anu dipake agul
ku urang, urang mah teu daya teu upaya. Sanggeus ngaji karek ngaju,
neuleuman sakabeh ciciptaan nu dhohir jeung nu teu dhohir sangkan
panggih jeung Mari’fatna Alloh, eta sakabeh urang kudu muhit. Laju kana
ngaja, ngajalankeun sakabeh parentahNa nu digelar ngalangkungan Sang
Rosul, sakabeh ageman tina Al Qur’an.
Catetan :
Prabu Siliwangi ngabasakeun Al Qur’an ku istilah Cupu Manik. Agama Islam diistilahkeun ku anjeunna Ageman KaRosulan.
Dina hiji waktu kula ngimpi dibawa kana hiji riungan nu gunem catur ngeunaan ageman, di antara dina eta riungan aya Syeh Quro.
Puspa Sarining Rahayu nu ngenas jaman harita di mana jelema nu surti ka
diri nyaah ka awak heman kana renghapna napas sadami-sadami nyusud
tepus ngahontal darajat kahirupan dina enggoning hirup di marcapada, nya
eta neangan pangbalikan anu harita kacatet Hyang Aji Nalendra, nya eta
anu geus nyiptakeun saged sadunya anu mere obor panonpoe nyatana eta
ageman the ngawincik jero-jeroan ati meulah alur-alurna getih sangkan
wanoh jeung sifat opat anu aya dina urang sakabeh , nya balikna urang
sakabeh hayang balik ka nu nyiptakeun .
Sakabeh guntrengan dina eta
impian ahirna kula wacis jeung ngarti gening luyu ageman anu diagem ku
anak incu kula nyatana AGAMA ISLAM, mere warna ka nu di luhur (Puspa
Sarining Rahayu) nya kula sumujud ti harita ngikrarkeun diri seja
nyembah ka Yang Agung nu murbeng alam nyatana ALLOH nu ngagaduhan sifat
Irodat 99 Asma anu Agung.
Bray caang tandes pisan batu hideung
ngajegir, harita kula dibawa ngurilingan batu hideung, dibawa deui
lulumpatan bari ngalung-ngalungkeun batu, diinuman ku cai nu ngagenyas.
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-52526353852757481382013-02-11T09:25:00.003-08:002013-02-11T09:25:41.820-08:00Tsunami Pangandaran Panineungan Pait 2006
Musibat Alam
MUSIBAT Tsunami di Pangandaran téh lumangsung dina tanggal 17
Juli 2006 poé Senén wayah soré. Cacak lamun kajadian lumangsung poé
Minggu kamarina, tangtu nu jadi korbanna ogé bakal jauh leuwih loba.
CEURIKNA urang Pangandaran katut wilayah
pakidulan, lain baé dina poéan kajadian musibat tsunami baé, tapi
nepikeun ka dua taun sabada kajadian mah, lara-balangsak téh terus
ngukuntit.
“Balangsak, margi usaha di objék wisata teu jalan salila dua taun
campleng ...” ceuk Mang Dudu (54) nu puluhan taun usaha kana lauk
baseuh.
Ceuk manéhna, tepika dua taun sabada Tsunami, Pangandaran téh
tiiseun baé, suwung ku turis. Mun saméméh Tsunami, saban malem Saptu,
Malem Minggu terpika malem Senén, hotél-hotél loba pangeusina, ari
sabada kajadian Tsunami mah, tiseun kabina-bina. Tepika genep bulan
sabada Tsunami, hotél di Pangandaran lolobana suwung teu ngampihan
turis. Malem Minggu di Pangandaran, ngalaman sepi-jempling euweuh turis
nu ngulampreng. Kaayaan karasa geueuman. Kumaha henteu rék kitu sabab
mun peuting, anjing babaung di antara ruruntuk bangunan hotél anu geus
rata jeung tanah alatan kasapu ombak Tsunami.
Kasangsara anu mawa kasedih ogé kaalaman ku pangusaha beuleum lauk.
Nu biasana warung-warungna saban poé peré digarimbung ku turis anu
balakécrakan dalahar beuleum lauk, meunang dua taun mah disebutkeun
sepi, towong ku anu balanja.
“Mangkaning ari lauk baseuh mah keuna ku buruk. Tepika opat poé masih
bisa diakalan diteundeun dina peti és, ngan ari lila ku lila mah,
tetep bari. Ari diteundeun dina peti és, pan beuki lila diteundeun,
ongkosna beuki mahal da haben meulian és balok,” ceuk Dudu. Antukna
cenah, lauk bari téh ditungtut dijualan dimurah-maréh ka tatangga.Lain
hayang mulangkeun duit modal, tapi ulah teu kapuluk teuing.
“Kantos ngamodal, balanja lauk dua jutaeun, nu mulang ukur tilu ratus rébu,” pokna.
Pamayang gé nasibna teu béda ti anu ngandelkeun rejeki ti turis. Teu
dibeulioan ku pangusaha rumah makan di Pangandaran, dicoba lunta ka
Cilacap, tapi nya da saréréa keur pada ruksak, nurunkeun lauk di
Cilacap gé hasilna teu sapira.
Musibat Tsunami di Pangandaran téh kajadianana dina poé Senén
tanggal 17 Juli 2006. Henteu nyangka sacongo buuk, Pangandaran anu
sakitu éndahna dina kamarina, Pangandaran anu sakitu gegekna ku turis
dina kamarina, naha atuh ari isukna pasosoré, datang lambak satangtung
tangkal kalapa. Nu geus dibéjaan ti awalna alatan aya lini, geus
nyingkah ngajauhan basisir, tapi loba anu haré-haré.
Wilayah anu parna kasapu lambak téh lolobana anuperenahna di Basisir
Kulon sabab éta mah wilayah anu langsung nojo ka samudera. Di éta
wilayah,ampir kabéh adegan kaléléd ombak gedé. Nu saralamet mah anu
unggah ka bangunan loténg weweg wé. Atawa aya deui anu nérékél kana
tangkal kalapa.
Kajadian datangna ombak gedé téh teu pati lila, ukur memenitan. Ngan
waktu anu singget kitu téh geus ngarobah kaayaan Pangandaran anu tadina
éndah jadi burakrakan.
“Pangandaran téh disasaakna dua kali. Mimitina ditarajang ku ombak
luhur, geus kitu ku cai anu mulang deui ka tengah,” ceuk Dudu.
Sawaktu cai balik deui ka tengah, loba anu kaséréd kabawa ka sisi
basisir, tapi teu kurang-kurang anu nyangsang dina naon wé. Puluhan
awak jalma nyarelap dina naon, naha dina kamalir, naha dina sela-sela
kai, naha nyangsang dina dahan kai jeung sajabana. Jalma anu saralamet
loba anu tingga kalongeun, boro ka bisa nulungan nu séjén. Aya anu
gogorowokan nyalukan kulawargana anu nyao aya di mana- naha salamet naha
cilaka. Atawa aya baé anu kurah-koréh néangan banda bogana tina
ruruntuk imahna.
“Abdi leungit sepeda motor, kulkas, katut televisi,” ceuk Bu Imas.
Cenah loba anu leungiteun harta-banda, sakitu gedé saperti sepeda motor,
teu kapanggih deui.
Aya 197 urang anu tiwas jeung 85 urang leungit. Dina kapanggihna,
loba layon anu teu kanyahoan si saha si sahana. Boa bakal jauh leuwih
loba lamun kajadian téh lumangsung poé Minggu kamarina sabab loba jalma
anu piknik.
Di Astana Buda, basisir kulon, aya 70 makam nu teu kacatet saha-sahana sabab éta kapanggihna geus teu mangrupa.
“Mugia ulah kaalaman ku anak-ncu ...” ceuk Dudu.
Ari Sumpena mah anu harita jadi pamayang, ti bada musibat tsunami téh eureun ngala laukna sabab baluas.
Basa pas kajadian tsunami, manéhna katut sababaraha baturna keur ngangkleung di tengah laut.
“Teu karaos aya ombak gedé ari lain karasa aya anu ngariyeg mah.
Ngala lauk téh jongjon wé. Ngan basa abdi balik ka darat, kaayaan
basisir mungguh pangling, teu apal ka mana nya kudu hanjat da sagalana
jadi baréda jeung pikaketireun,” ceuk Sumpena.
Sanggeus nyaho yén cikénéh Basisir Pangandaran kaléléd tsunami,
kakara panik. Imahna geus euweuh. Ngan kulawargana salamet da cenah basa
cai laut ngadadak saat, geus dibéjaan baka;l aya tsunami, atuh
ngarungsi ka jauhna.
“Abdi baluas, hariwang ninggalkeun kulawarga, matak ayeuna mah milih ngabéca wé di Pangandaran téh,” ceuk Sumpena. ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-16093244063568971582013-02-04T20:56:00.002-08:002013-02-04T20:56:29.234-08:00Investigasi Kebon Raya Bogor
Di Kebon Raya Bogor Ngaleuya Bahan Kageulisan
INVESTIGASI sajarah Pajajaran di wewengkon Bogor anu
ku tim investigasi Sajarah Allternatif dipilampah minggu kamari,
ngahasilkeun béja-béja anu mungguh matak pikaaguleun. Nu kapanggih di
wilayah Bogor, lain baé sajarah ngeunaan nu sifatna istana centris
Karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati baé, tapi manggihan béja-béja séjénna di saluareun kahirupan pulitik jeung tata nagara jaman Pajajaran.
“Naon margina para putri Pajajaran gareulis maranis eung camperenik?”
ceuk urang Kampung Pulo sawatara waktu samemehna. Nu nulis ngabigeu.
“Sabab dina jaman Pajajaran harita, bacacar ahli kecantikan, mun ceuk jaman harita mah,” omongna.
Atuh saterusna mah dararad Bah Juhana nerangkeun. Teu panjang-lébar,
teu gemet, tapi intina manéhna nerangkeun yén di Pajajaran harita
beunghar ku ramuan kageulisan. Cenah loba jenis tutuwuhan anu lamun
diramu dihijikun, bakal bisa dipaké ngarawat awak, ngarawat kulit
ngarawat beungeut jeung awét ngora. Kitu sababna cenah para putri dina
jaman Pajajaran baroga keureutan beungeut anu geulis jeung awét ngora.
Kabéh ogé cenah tina ramuan alami anu dihasilkeun tina tutuwuhan anu aya
di sabudeureun Pajajaran, kaasup nu aya dikebon raja.
“Tuh, di Kebun Raya Bogor, sakumna tutuwuhan jang kageulisan tepika
kiwari gé masih kénéh aya jeung euweuh nu leungit,” ceuk Bah Juhana.
Ngan sawaktu nu nulis ménta penjelasan sacara mérélé, Bah Juhana urang
Kampung Pulo harita nolak sapajodogan.
“Kahiji moal dipercaya, kaduana mun dipercaya sieun tutuwuhan di
Kebun Raya loba nu leungit,” pokna. Ceuk manéhna, geus wé da urang mah
cenah sok leuwih percaya kana produk deungeun batan nu aya di lembur
sorangan.
Jadi inget kana kajadian sawatara taun ka tukang. Kungsi aya urang
Sunda anu manggihan ramuan kageulisan tradisi masarakat Pajajaran.Basa
ku manéhna ditatawarkeun ku industri nasional, euweuh nu daék nampa da
teu percaya. Ari basa ditatawarkeun ka Nagri Koréa, mani babari
nyanggutna. Ayeuna hak patent ramuan Pajajaran geus gubrag ka bangsa
Koréa. “Jeung moal aya label Pajajaran,” ceuk Bah Juhana.
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-7009804490634762792013-01-25T19:37:00.001-08:002013-01-25T19:37:58.828-08:00Hartabaya Karuhun
AYA kurang-leuwih 400 karajaan nu bacacar di Nusantara, boh gedé boh
leutik. Mustahil tina sakitu lobana, teu barogaeun pakaya. Tapi lamun
enya aya, di mana ditareundeunna?
sawatara nomer anu kaliwat kungsi dipedar, loba karajaan Pajajaran
Leutik, anu nyumputkeun hartabaya Pajajaran sabab bisi dijabel ku musuh.
Ari anu disebut Pajajaran Leutik téh nyaéta karajaan-karajaan leutik
anu araya kénéh sabada burakna Pajajaran, saperti Karajaan Galih Pakuan
di Selaawi, Limbangan Garut. Aya ogé karajaan leutik anu diadegkeun
sabada Pajajaran burak, tur tugasna ngamankeun hartabaya Pajajaran tina
gangguan musuh. Salah sahiji di antarana nyaéta Karajaan Arcamanik di
mumunggang Gunung Manglayang. Ieu karajaan diadegkeun taun 1580, sataun
sabada Pajajaran burak. Nu jadi rajana Prabu Suryadiraksa Panangkaran.
Karajaan Arcamanik diadeghkeun sabab boga pancén nyumputkeun jeung
ngamankeun harta Pajajaran bisi dijabel ku musuh. Ieu kungsi jadi béja
papatalépa, tur ti taun 1920 kénéh (malah tepika kiwari), sok aya anu
rerencepan kula-kali, bisi enya di sabudeureun Gunung Manglayang aya
hartabaya Pajajaran. Nu sok kukulunuan “néangan hartabaya kuna” téh oge
aya anu daratang ka wilayah urut karaton Galih Pakuan di Limbangan tebéh
kalér sanggeus maranéhna apal kana sajarah lisan yén baheula Galih
Pakuan dipaké nyumputkeun harta Pajajaran.
urang Limbangan anu kungsi maranggihan pependeman saperti logam emas
jiga duit, cucuk gelung tona emas, ogé rupa-rupa perhiasan tina emas.
Malah aya penduduk anu boga daftar pependem,an nu aya di wilayah urut
Karaton Galih Pakuan.
“Tapi da sanés disumputkeun diruang di
handapeun taneuh jiga ceuk pamikiran urang. Mun mah enya aya, tangtu
disumputkeun sacara gaib,” ceuk kolot urang Selaawi, Limbangan.
Kajadian sarupa kieu, tangtu lain di tatar Sunda baé. Maksudna,
karajaan-karajaan anu bacacar di Nusantara, mana sanggup lana
kumelendang ogé, salian ti boga tatanan militér anu kuat, tatanan
ékonomi anu kuat, tangtu nagara boga pakaya anu kuat. Ngan sanggeus éta
karajaan leungit, naha hartabayana milu leungit deuih?
Henteu
kitu. Sakurang-kurangna tug ka kiwari, masih loba urang Indonésia anu
percaya yén Nusantara beunghar ku pakaya, boh anu dipendem disumputkeun
sacara demit, boh anu diteundeun sacara resmi. Geuning dina jaman Orba,
sawaktu nagara milu kapangaruhan ku krisis ékonomi global, loba isu
ngeunaan ayana harta Nusantara anu diteundeun di bank-bank dunya,
saperti di Swiss contona. Malah ku geder-peterna ieu isu, sawatara
pajabat nagara gé aya anu ngahaja ihtiar tetelepék ka nagri batur,
hayang muguhkeun aya euweuhna harta Nusantara di bank-bank
internasional.
Sawatara taun nu kaliwat, aya investigasi ti
salah-saurang wartyawan Nasional ngaran Safari ANS, barétona digawé jadi
wartawan Warta Ékonomi. Manéhna ngayakeun panalitian ngeunaan harta
Nusantara anu diteundeun di lembaga keuangan internasional, tur ngarasa
yakin yén bener, Indonésia téh boga hartabaya anu kawilang mucekil,
diteundeun sacara resmi ku Présidén Sukarno. Jumlahna sabaraha, moal
kaitung ku kalkulator gé cenah sabab dikitna kurang mun dibandingkeun
jeung béréndélan pakaya Nusantara. Ngan kumaha cara nyokotna, éta anu
jadi masalah.
Ceuk éta laporan, jang ngamankeun harta
Nusantara, Bung Karno ukur mercaya sababaraha urang, kitu gé lain aparat
nagara. Kitu gé lain bagéan ti kulawargana. Bung Karno hayang, éta
harta Nusantara, hiji waktu bisa dimangpaatkeun jang kamaslahatan
bangsa, lain dimonyah-monyah keur kapentingan pribadi atawa kelompok.
“Satungtung can manggihan pamaréntahan anu bisa dipercaya, anu jujur
digawé meleg-meleg keur kapentingan bangsa jeung nagara, harta Nusantara
anu aya di lembaga keuangan internasional ulah dicairkeun,” kitu ceuk
salah sahiji jalma anu kungsi nepungan Ujung Galuh tapi ménta ngaranna
tong diumumkeun. Isu ngeunaan harta Nusantara téh geus ti jaman béh ditu
kénéh, tapi sakitu ambarahayat di ieu nagara ngalaman pait-peuheurna
kahirupan, dimana loba rayat anu balangsak “harta Nusantara” teu kungsi
dicairkeun ku alesan aya kecap “ulah dicairkeun satungtung can manggihan
pamingpin anu jujur”.
Ceuk Safari ANS, anu dipercaya
dipihapéan harta Nusantara téh nyaéta hiji lembaga keuangan
internasional nu katelahna FED. Bung Karno dina ajamanna ngasongkeun
claim yén Indonésia boga saham badag harta Nusantara, kungsi diteundeun
ku para raja Nusantara.
Ceuk Bung Karno, baheula jaman para
Raja Nusantara jaya, maranéhna neundeun pakaya nagara ku rupa batangan
emas. Dina jaman Belanda, diteundeunna di De Javasche Bank (DJB), bank
sentral pamarintah kolonial Belanda di Batavia anu saterusna robah jadi
Bank Indonésia kiwari. Tapi aya ogé pakaya Nusantara bentuk batangan
emas anu dirampas ku VOC sacara paksa. Harta rampasan sarupa kitu,
harita kénéh diakut ka Belanda. Ngan sanggeus Belanda éléh perang dina
ngalawan Jerman, NAZI ngakut hartabaya Belanda ka Jerman. Dina Perang
Dunia II, Jerman diéléhkeun ku Amérika, atuh hartabaya Jerman (tina
ladang ngajabel ti Belanda) téh diboyong ka Amerika, anu saterusna
dipaké modal jang ngadegkeun The FED. Dina harti séjén, Indonésia boga
saham pakaya pikeun ngadegkeun lembaga keuangan internasional anu
katelahna The FED. Ieu lembaga anu tug ka kiwari jadi lembaga donor jang
kamajuan lembaga keuangan Amerika saperti IMF jeung World Bank téh, ku
Bung Karno kungsi disusul-susul. Bung Karno salaku Presidén RI, sacara
resmi ngayakeun rundingan jeung pangagung ti Amerika jeung Eropa. Eusi
rundingan, muguhkeun yén Indonésia boga pakaya di The FED tur salila éta
saham Indonésia terus-terusan digolangkeun jang kauntungan bisnis. Ku
kapinteran cacarita/diplomasi Bung Karno, ogé ku kayakinan nagara
Amerika jeung Eropa, yén bener aya harta Indonesia anu digolangkeun di
The FED, ngan lamun mah The FED teu mulangkeun atawa teu masrahkeun SHU,
ku sabab harta Indonésia asup kana harta pampasan perang. Ieu rundingan
téh katelahna Hiltron Agreement, lumangsung taun 1961. Usaha Bung
Karno, henteu cukup ku kitu. Samulangna tina éta rundingan, Bung Karno
ngajak ka sakumna bangsa-bangsa di dunya sangkan ngadegkeun hiji
beungkeutan ngeunaan sajarah antarbangsa di dunya. Bung Karno nyebutkeun
yén anu kudu milu néken kontrak dina traktat internasional éta téh
nyaéta ogé para utusan karajaan Sa Nusantara anu meleg-meleg ngabogaan
harta téa. Atuh sakumna raja-raja di dunya karumpul ngabahas ha lieu.
Utusan ti Indonésia dipercayakeun ka raja ti Karaton Solo. Ieu Raja
dianggap wijak. Samulangna tina tepung lawung jeung para raja di
sakulioah dunya, Raja Karaton Solo mikeun mandate ka Bung Karno. Tug ka
kiwari, anu boga hak nyokot dit harta Nusantara téh nyaéta Bung Karno.
Kitu anu kacatet di The FED. Ngan baé mun dina hiji waktu Bung Karno
tilar dunya saméméh nguruskeun harta Nusantara, bakal mikeun mandate ka
jalma anu dipercaya.
Hanjakalna tug ka danget kiwari di The FED can kacatet, saha anu narima mandate nyokot éta harta Nusantara téh.
“Bung Karno ukur ngabéjaan ka lembaga otoritas keuangan internasional
Trh FED, yén anu dipercaya ku manéhna téh geus aya, tur dibéré
cirri-cirina. Nu nyaho kana éta cirri “utusan Bung Karno” téh ukur para
patinggi The FED nu sacara turun-tumurun dipasrahkeun ka patinggi nu
ngagantikeunana.
Tug ka kiwari, di kantor The FED loba pagawé
anu lancara cacarita ku basa Indonésia. Ceuk urang The FED, hartabaya
karajaan nu aya di dunya, bakal aman salila 400 taun jeung henteu bisa
diganggu-gugat ku sing saha baé, kaasup ku Amerika anu ayeuna keur
kekelepekan butuh watagad badag jang nyalametkeun ékonomi dunya anu keur
kacow. ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-34756847101378797422013-01-24T05:39:00.002-08:002013-01-24T05:55:52.940-08:00Walungan Citanduy di palebah Kali Pucang
Banjar Karang Pamidangan
Ku HR.Hidayat Suryalaga )*
BANJAR téh kota transito, gerbang Sunda nu napel wates jeung Provinsi Jawa Tengah. Kota Banjar kudu sanggup ngawakilan beungeut budaya Sunda. Kota Banjar ogé kudu sanggup naratas jalan ékonomi sangkan bisa nepungkeun kamajuan pakidulan.
SACARA administratif wilayah Pamaréntahan Kota Banjar téh ngadegna anyar kénéh pisan. Mun ceuk babasan mah kakara saumur jagong. Najan kitu, sabenerna ari ditingali tina peta sajarah kabudayaan tatar Sunda mah, geus lila dipiwanohna. Nu nulis téh lahir di Banjarsari, hiji kota leutik nu teu pati jauh ti Kota Banjar. Taun 1950-an, kuring geus narima riwayat Banjar katut Walungan Citanduy jeung patempatan anu aya di sapanjang éta walungan. Nu sok caarita téh jalma anu geus karolot, nya kaasup bapa sorangan.
Ceuk arinyana, ceuk kamus basa Kawi mah, banjar téh hartina lingkungan. Ari ceuk kamus basa dina karawitan Sunda, banjar téh hartina runtuyan anu pinuh aturan. Dina istilah basa Indonésia ogé aya. Banjar nada, maksudna luhur handapna nada anu nungturun pinuh ku aturan. Dina basa militér, banjar téh ngabaris rapih ka tukang. Ceuk kamus Basa Sunda, banjar téh barang atawa pakarangan.Boh nuturkeun étimologi (kosakata) boh nurutkeun perlambang (heurmanetika), tétéla kecap banjar boga makna anu positif. Nyaéta ngagambarkeun tempat atawa lingkungan anu rapih ti mimiti dayeuh tepika ka poloksokna. Ku apal kana éta makna, jadi sawadina anu ngokolakeun Kota Banjar kudu tetep kudu bisa ngajaga Kota Banjar jadi tempat anu rapih, anu bérés, anu asri, sabab mun kayaananana rarujit jeung keumeuh, ngaranna geus lain banjar deui. Ngaran téh kudu luyu jeung kaayaanana. Banjar Patroman téh ngaran séjé jang Kota Banjar. Malah ari baheula mah, katelahna ogé Banjar Patroman, asal kecap tina banjar pataruman. Ari tarum téh hiji pepelakan anu tumuwuhna di sisi-sisi walungan. Nu matak aya katelah Walungan Citarum gé, bisa jadi di sapanjang éta walungan loba tangkal tarum. Ari tarum téh daunna sok dipaké warna pakéan. Laon bodas dicelep ku godogan daun tarum, nya bakal ngahasilkeun warna semu gondola.(indigo) atawa bulao kolot.Lamun Pataruman dihartikeun puseurna tangkal tarum, moal mah baheu;la di Banjar aya puseur industri lawon? Hal ieu perlu ditalungtik leuwih gemet. Malah lamun para ahli bisa nyieun panalungtikan, boa bakal leuwih netepkeun fungsi Kota Banjar salaku puseur industri tekstil bari boga warna ciri has Kota Banjar, nyaéta ku ngagunakeun warna tina daun tarum.(gradasi warna héjo tepikeun ka warna bulao kolot”, pan wewengkon Galuh baréto kakoncara puseurna batik ciamisan.
Nu écés, ti baheula mula gé Kota Banjar téh tetep jadi gerbang tatar Sunda tebéh wétan sabab Kota Banjar téh a[el-wates jeung wilayah Provinsi Jawa Tengah. Banjar téh kota transit anu nyambungkeun dua provinsi, yaéta Provinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Minangka kota transito, geus diguratkeun yén Kota Banjar kudu diwangun bari pinuh ku rarancang anu asak, ulah wawayagon. Urang gé percaya, tangtu Pemda Kota Banjar geu boga “cétak biru” anu ku urang saréréa kudu dirojong.sangkan ngawujud bari bener. Pemda Kota Banjar kudu soson-soson mere sosialisasi ka masarakat tepika sakumna warga apal kana peran anu kudu dipigawéna. Kota Banjar “pintu gerbang” Tatar Sunda tebéh wétan, kudu sanggup némbongkeun beungeut budaya anu has Sunda. Kota Banjar kudu sanggup ngawakilan “beungeut Sunda”. Minangka kota transito, Banjar ogé kudu sanggup jadi gerbangna kamajuan pakidulan. Ngaliwatan Banjar, jalan ka pakidulan kudu bangblas, nepungkeun sarana sosial-ékonomi kota jeung urang pakidulan bari jeung henteu ngaruksak lingkungan alam. Kapan dina mitologi Sunda mah, alam, tutuwuhan, gunung, walungan jeung sajabana sok dipersonifikasikeun salaku anggota badan manusa. Hal ieu ukur ngécéskeun yén konsép manusa anu nyobat jeung lingkungan téh kacida dalitna. Geuning ceuk kolot ogé “Diri urang téh nyaeta alam sagir kekembaranana alam kabir. Lamun kualitas ajén diri alam sagir hadé – alam kabir ogé bakal milu jadi hadé. Sabalikna upama kualitas ajén alam sagirna goréng – alam kabirna ogé bakal narima balukarna anu goréng. Kitu deui sabalikna alam kabir ruksak, lahir sagir manusa ogé bakal kapangaruhan jadi ruksak”. Konsép kesadaran lingkungan anu sakitu harmonis ieu, horéng ayeuna mah ampir disingkirkeun, diganti ku rupa-rupa kasarakahan dina ngaruksak alam. Ceuk Seyyed Hossein Nasr sosiolog-réligius ti Mesir ogé cenah, alam téh geus dijadikeun pelacur anu ajén dirina geus dikuras bébéakan demi kasarakahan manusa.
Baheula mah kasadaran urang kana perluna alam lingkungan téh, teu ngawates sakadar aya hubungan natural tapi dipasieup ku makna salaku berkah Illahi. Jagat raya kaasup eusina,geus mangrupa hiji harmonisasi aku pinuh ku aturan, kaharmonisan anu diciptakeun ku Sang Maha Kawasa. Ayeuna mah urang téh geus teu paham deui kana ageman atawa amanah Prabu Wastu Kancana ti Karajaan Galuh (1371-1475 Maséhi) anu ditulis dina prasasti Kawali VIII yén: “Ulah bobotoh bisi kokoro ( u;lah sarakah bisi sangsara).
Ieu di handap aya tarjamahan Al.Quran dina basa Sunda wangun pupuh nu disebut Nur Hidayahan
• Al Hajj. Surat ka-22 Ayat 18 Pupuh Dangdanggula: Bumi alam sadayana wiridan ngagungkeun asma Alloh SWT. • XVII/:22/18 Naha anjeun tacan kénéh yakin, saeusina alam jagat raya, wiridan ka Gusti Alloh, ka Alloh nya sumujud, saeusining bumi jeung langit, panonpoé jeung bulan, béntang katut gunung jeung sato anu ngarayap, kitu deui lolobana mungguh jalmi, nyembah Alloh Ta’ala. • XVII/:22/=18 Tapi loba ti antara jalmi, nu geus pasti katetepanana, diajab ku Gusti Alloh, diajab ku Nu Agung, jeung sing saha baé nya jalmi, ku Alloh sina hina, ‘mo aya nu nulung, taya anu ngangkat mulya. Satemenna Alloh sakersa ngajadi, sagala sakersa-Na. ***
)* Drs.HR Hidayat Suryalaga parantos ngantunkeun sawatara waktos kapengker.
Banjar Ceuk Vérsi
Invéstigasi Ujung Galuh
BANJAR téh geus jadi tempat anu ramé ti abad 12. Saméméh kajadian Pasunda Bubat, hubungan bilateral antara Sunda jeung Majapahit kacida dalitna. Ku sabab kitu, Darmaga Banjar harita jadi palabuan anu nepungkeun hubungan ékonomi antara Sunda jeung Majapahit. Ékspor batik Sunda ka Majapahit mayeng diayakeun.
KARAJAAN Majapahit geus mayeng meulian batik sunda ti Karajaan Galuh Ciamis. Jadi lamun di Ciamis kungsi sohor batik ciamisan, sabenerna sohorna téh ku alatan urang Majapahit kacida resepeunana ku corak batik Sunda. Kitu anu kaalaman dina abad 12, nyaéta samangsa hubungan bilateral antara Karajaan Sunda Galuh jeung Majapahit.
Ku naon antara Sunda jeung Majapahit perlu ngayakeun hubungan anu sakitu dalitna, éta ku sabab salian ti taat kana maklumat Darmasiksa ( ulah silih musuhan, kajaba kudu silih bantuan). Alesan anu kadua, boh Karajaan Sunda boh Karajaan Majapahit, sabenerna ku musuh-musuhna geus kajudi mangrupa sapasang paseuk kakuatan di Pulo Jawa. Kakuatan di wétan dicekel ku Majapahit jeung kakuatan di tatar kulon dicekel ku Karajaan Sunda. Ceuk para musuh-musuhna, Pulo Jawa bakal bisa direbut, saupama éta dua kakuatan dipisahkeun (ulah ngahiji).
Pihak Majapahit ogé sadar kana ieu hal téh. Kitu sababna, Majapahit teu weléh hayang ngayakeun hubungan anu dalit. Bubutuh ékonomi naon anu di Majapahit euweuh, nya nguyangna ka Galuh. Contona baé, sacara mayeng balanja batik sunda ti Karajaan Galuh. Lian ti kitu, Majapahit ogé mayeng balanja daun tarum ngaliwatan Darmaga Banjar. Ku sabab Majapahit loba butuheun daun tarum jang indutri tekstil di Jawa, atuh Karajaan Galuh, perlu muka kebon tarum saloba-lobana di sapanjang Walungan Citanduy. Jadi, henteu matak anéh, lamun baheula, Kota Banjar ogé katelahna Banjar Patroman, tina asal kecap Banjar Pataruman, atawa Banjar tempat tumuwuhna pelak tarum.
Baheula dina abad 12, kapal dagang Majapahit biasa turun jangkar di Darmaga Banjar, nurunkeun uyah pesenan Karajaan Sunda, bari sakalian naékkeun batik ratus-ratus pikul katut daun tarum.
Pegatna hubungan dagang antara Galuh jeung Majapahit téh sanggeus bitu Palagan Bubat. ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-11923110235335432362013-01-24T04:02:00.001-08:002013-01-24T04:06:41.260-08:00Silalatu Gunung Salak
1.Tepung jeung Ki Mas Tanu
WEWENGKON Bogor, 1600-an.
Basa Sanaya anjog ka sisi walungan, wanci geus ngagayuh ka magrib.
Kaayaan geus kacida medemna, bubuhan di palebah dinya mah harieum ku kakayon. Padahal mun mireungeuh ka luhur ngaliwatan sela-sela dangdaunan, saenyana langit teh tacan poek-poek teuing.
Ret Sanaya ka palebah walungan. Caina ombak-ombakan anca. Bangun¬na teh teu pati jero, ngan palebah dasarna tangtu loba batu cadas anu taringgul seukeut.
Sanaya ngahuleng sakedapan bari angger neuteup beungeut cai.
"Emh, mun aing kukucuprakan kitu bae, meureun ieu calana komprang teh geus baseuh deui bae. Mangkaning ieu tempat teh hawana mani kacida tiisna ..." cenah ngagerendeng sorangan.
Ku manehna diukur ku wangwangan. Ceuk itunganana, rubakna eta walungan teh moal leuwih ti lima deupa ( mun ceuk ukuran ayeuna mah sadeupa teh kurang leuwih 1,698 meter).
"Ke, ke, ke ... Tapi lamun ku aing diajlengan, kahontal moal kitu, nya?" Sanaya geus ngahuleng deui bae. Ras eta jajaka teh inget ka guruna di Lemahputih wewengkon Karat¬uan Talaga. Guruna anu nelahna Ki Santa dua taun ka tukang kungsi ngalatih dirina malar bisa ngajleng jauh.
"Sok etah ajlengan Walungan Cilanjung teh!" ceuk Ki Santa harita.
"Ajlengan? Leuh rubak kacida eta walungan teh. Boa kami tikose¬wad, Aki ..." walon Sanaya.
"Lamun keukeuh teu gableg kaludeung, nepi ka buluan belut oge sia mah moal boga pangabisa, Sanaya. Hayoh ajlengan siah!" Ki Santa sesentak semu keuheul ka muridna bari panon beureum bubuncelikan. Kumisna anu cokrom bodas jeung janggotna anu rambay nepi kana harigu teh katembong oyag-oyagan kabawakeun ku eundeurna sora.
Diomongan kitu Sanaya mah anggur ngahuleng. Sakeudeung panonna anu ngenclang herang kawas sorot panon heulang teh neuteup seukeut ka guruna.
"Hayoh siah, rek ngajleng atawa moal?" Ki Santa geus ngagerem deui bae. Malah ayeuna mah leungeunna make jeung ngajewang dahan selong anu ngaroyom ka sisi cai. Peletak! Peletak! Ukur sakali ngajewang, dahan selong anu sagede pigeulang kolot teh ngabeletak potong. Eta popotongan dahan selong teh diamang-amang kawas rek dipake neunggeul bobokong Sanaya.
"Ampun Aki!" Sanaya undur bari ngagorowok semu muringis.
Ngan ku sabab ku guruna hantem disingsieunan rek dibabuk bobokongna, atuh daek teu daek Sanaya ngaheumbatkeun tanaga. Lain tanaga satanaga-tanagana tapi tanaga anu dibarengan ku elmu Peucang Mesat.
Ceuk Ki Santa guruna, saliwat mah peucang teh siga sato anu letoy taya kahayang. Mun leumpang ngalenghoy jeung rundag-randeg bangun asa-asa loba kasieun. Teu kaop aya sora anu ngagorobas dina rungkun, peucang mah sok ngejat bangun reuwas jeung kasima. Tapi sakalina peucang lumpat, tarikna lir jamparing anu mesat tina gondewa.
Tah, elmu Peucang Mesat anu diciptakeun ku Ki Guru Santa oge mangrupa elmu lumpat anu niron-niron paripolah peucang.
"Pangabisa sato mah teu dibarengan ku akal deuleu. Sagalana ukur dipigawe ku dumasar kana naluri. Sabalikna, manusa mah kapan leubeut ku akal. Jadi saupama urang salaku manusa sanggup ngahijikeun akal jeung naluri, piraku pangabisa urang teu bisa ngaleu¬wihan sato?" ceuk Ki Santa mapagahan."Hayoh siah ngajleng!" omong Ki Santa bari ngamang-ngamang popotongan dahan selong deui.
Ari ku hantem dipaksa mah, Sanaya teu burung ngajleng. Hiji ...Dua ... Tilu .... Heup! Gajleng Sanaya ngajleng. Ngajlengna bari museurkeun tanaga tina pingping kana bitis, turun kana indung suku anu ditotolkeun semu jengke kana tungtung batu anu rada nonjol.
Gorobas, gajleng! Gajleng!
Sanaya tepi ka peuntas Walungan Cilanjung bari teu sakara-kara.
Sanaya atoh. Genep bulan latihan meuntasan walungan Cilanjung, kakara ayeuna bisa meuntas bari teu tikerebek. Padahal samemehna mah, meusmeus tigujubar, meusmeus tigujubar, sababaraha kali awakna rancucut ku cai.
Inget kana pangalaman dua taun nu kaliwat bieu, Sanaya seuri mesem. Enya harita teh geus bisa ngajlengan walungan. Tapi asana, da Walungan Cilanjung mah henteu rubak kawas walungan anu ieu. Katambah-tambah, basa ngalatih elmu Peucang Mesat meuntasan Walungan Cilanjung mah, aya ambahan keur ngawahan. Ari walungan nu ayeuna, di sapanjang sisi-sisi walungan teh mani rembet ku kakayon sabangsaning eurih jeung saliara. Malah mah tutuwuhan cucuk-cucukan oge mani bala di ditu di dieu. Atuh beh anggangna ti eta, dahan kareumbi jeung carik angin mani kekep, sasat ngahalangan manehna mun hayang ngajleng meuntasan eta walungan.........(hanca)
Parantos medal bukuna tiasa di pesen langsung kana FB Aan Merdeka Permana Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-83464371460895114602013-01-24T02:49:00.000-08:002013-01-24T02:50:21.767-08:00Situ Wanayasa
Loba Ngaran Tempat di Wanayasa
Sarua jeung di Cirebon
YÉN Wanayasa kungsi kaéréh ka Cirebon, bisa dibuktikeun ku lobana ngaran tempat di Wanayasa, sarua jeung ngaran tempat nu aya di Cirebon.
WANAYASA téh perenahna di suku Gunung Burangrang, malah ari sakitu juta taun mah, ayana di suku Gunung Sunda.. Sawaktu Gunung Sunda bitu, lebu vulkanikna ngajadikeun wilayah di sabudeureunanana jadi subur. Ogé nyiptakeun sababaraha cekungan dina aréal 100 km2 anu dipiwanoh kasebutna Cekungan Dano Bandung. Di tebéh kalér, cekungan urut dano Banmdung téh nyésa nya katelah Situ Wanayasa, hiji deui Situ Cibeber, pangparatan Situ Wanayasa.
Nepika kiwari can aya anu apal, sabaraha jerona Situ Wanayasa sabab ieu situ teu kungsi kagaringan teu jiga situ séjénna.
Saméméh Dalem Santri lahir, Situ Wanayasa mah geus kajojo. Jadi mun aya anu nyangka yén Situ Wanayasa dijieun ku Dalem Santri,rada héasé mercayana. Lamun mah Dalem Santri milu ngajaga malar Situ Wanayasa tetep dirumat, nya kakara percaya. Saperti anu kungsi dipilampah ku Éyang Tambak, dina abad 19 tetep narékahan sangkan Situ Wanayasa jejeg teu diruksak.
Legana situ téh aya kana 17 ha., ngan ayeuna kari 7 ha. Laleungit robah jinis jadi pasawahan. Baheula di tengah situ aya opat puncelut pasir, ayeuna kari hiji, katelahna Pasir Mantri. Padahal baheula di saban pasir aya makam kuna. Di Pasir Mantri aya dua makam kuna nyaéta makam Kiay Warga Nala (Kyai Agung) jeung makam Mas Bagus Jalani ( Kyai Gedé). Aya dalapan atawa salapan makam kuna séjénna deui tapi can kapaluruh makam saha éta.
Loba makam kuna jeung situs, ukur nandakeun yén ti baheula di sabudeureun Situ Wanayasa geus dipaké pusat kahirupan. Kungsi kapanggih kampak tina batu di Pasirkuda. Kapanggih batu Kasur, Batu Tanceb, Batu Tapak jeung arca nandi (sapi)_, ukur né¬télakeun yén penduduk Wanayasa kungsi ngagem agama Hindu. Diduga urut Karajaan Saung Agung.
Ceuk Carita Parahyangan jeung Bujangga Manik, dina jaman Pajajaran di dieu aya Karajaan Saung Agung, rajana Hyang Banaspati.
Karajaan Saung Agung mangrupa karajaan pamungkas ti Karajaan Sunda sabab saterusna ditalukkeun ku Cirebon sabab wilayah Jabar tebéh kalér mah dina 1530 geus dikawasa ku Cirebon. Ngaran Saung Agung ku Cirebon dirobah jadi Wanayasa. Di wilayah Cirebon jeung Kuningan tepika Majalengka, loba ngaran anu sarua, saperti Wanayasa, Sindangkasih, Ciracas, Cibuntu, Panembahan, Pawenang, Lemahduhur, Gandasoli, Leuwihujan, Gembong, Maniis, Plered, Palumbon, Bunder. Depok jeung réa-réa deui.
Di kiduleun Wanayasa wilayah Kacamatan Beber, Kabupatén Cirebon, aya tilu ngaran tempat, nyaéta Bakom, Karanganyar jeung Cipulus. Ngaran anu sarua ogé kapanggih di kiduleun Wanayasa, Purwakarta. *** Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0Situ, Pasawahan 41172, Indonesia-6.5979139999999994 107.47423900000001-6.6294609999999992 107.43389850000001 -6.566367 107.51457950000001tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-31412357411382159012013-01-18T05:56:00.001-08:002013-01-18T05:56:07.189-08:00Kawah Ciwidey
Kawah Cibuni Gunung Sepuh Tempat Kumpulna Para Karuhun Sunda
IEU mah ceuk kapercayaan sawatara jalma. Yén cenah
di Kawah Cibuni, wewengkon Gunung Sepuh, Ciwidey, dina saban taun dina
waktu-waktu anu geus ditangtukeun, para arwah karuhun Sunda sok kumpul
di dinya. Saha-saha baé arinyana téh? Moal apal mun disebutan hiji-hiji
mah sabab jumlahna leuwih ti saratus.
“Nya kitu lah, kedah we 140 arwah karuhun mah, ti sababaraha jaman,
kempel dina diménsi waktu anu sami,” ceuk Sudradjat (70) anu geus
sababaraha kali jarah ka éta tempat.
Waktu dikolongan, saha-saha baé arwah pra karuhun Sunda ti saban
jaman anu kumpul di ieu tempat téh, Sudradjat anggur malik nanya.
“Sok wé ku salira disebatan, ke mun leres, ku abdi diunggeukan,” pokna.
“Prabu Siliwangi?”
“Hadir.”
“Ibu Ratu Kidul?”
“Pasti hadir.”
Nu nulis ngahuleng da nginget-nginget saha karuhun anu kudu
disebutan. Ngan ceuk Sudradjat, geus wé teu kudu ditataan, da sasha gé
sami hadir, nya ti sababaraha pajamanan,” pokna.
Teu kudu anéh cenah. Ulah disaruakeun jeung alam urang, anu kru bisa
tepung jeung jalma sajaman. Di duny itu mah béda deui. Maranéhna bisa
nganjang ka jaman mana baé, nya bisa tarepung dina jaman anu sarua,
jaman ayeuna contona.
Tepungna dina saban taun, biasa dina tanggal 1 Suro. Karumpul
ngabadamikeun tepika mana manusa bisa nyieun tanggung-jawab dina
nyicingan dunya.
Ceuk Sudradjat, maranéhna téh ngarasa handeueul, sabab salila cicing
di dunya, teu ngarasa sampurna dina ngajaga dunya. Da cenah lamun
kongang mah, hayang uar-pangajak ka jalma anu ayeuna kumelendang di
dunya nyata, sangkan sing iatna dina ngajaga weuteuhna dunya.
“Tapi urang-urang kaseuseueuran kalah tibalik. Puguh itu nu hayang
ménta tulung jang nyalametkeun atawa miara dunya, ieu kalah sabalikna,
mun urang datang ka dieu téh kalahka eudeuk punta-pénta,” ceuk Sudradjat
seuri. Saban kaliwonan ramé nu ngadon jarah ka dieu. Atuh komo dina
pananggalan penting mah, ngaleut ka dieu téh, tatapa dibélaan katirisan
kaibunan,” ceuk Sudradjat.
Kawah Cibuni téh tempatna buni, rada jolok. Mun urang rék ulin ka
Situ Paténgan, saméméh gerbang karcis, aya jalan méngkol ngénca ka
handap. Jalanna hotmiks, bakal terus ka laut kidul Cidaun. Tujuh
kilometer kira-kira, nya anjog ka nu dimaksud. Teu sisi jalan, da kudu
asup ka jalan satapak (sabenerna motor geus asup), satengah kilometer ka
jero leuweung. Nya ieu Kawah Cibuni téh. Barudak ngora mah geus biasa
ulin ka dinya sabab pamandanganana éndah, jaba bisa mandi di cai panas
tujuh pancuran. Kawahna aya sababaraha jumpluk jeung teu bahaya. Atuh nu
ulin téh laluasa ajleng-ajlengan dina batu. Ngan kadé kudu ati-ati da
kawag téh ngagolak kénéh sorana gé aya nu gegebosan, aya anu ngahiung
jiga tukang putu. Leutak kawah rasana béda-béda. Aya nu semu amis, semu
asin, semu kesed jeung semu haseum. Tapi kabéh gé bisa dipaké ubar. Nu
matak ka dinya téh ogé aya anu rék natambakeun panyakit. Lolobana mah
panyakit tulang jeung kulit. Poé Minggu ramé kunu piknik. Tapi ari poé
séjénna mah lolobana anu rék tatamba jeung anu rék jarah atawa tatapa
téa. (AMP) ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-42483870755925129812013-01-18T04:50:00.000-08:002013-01-18T04:50:17.662-08:00GENDING Monggang
GENDING Monggang bogana urang Sunda, leungit ratusan taun lilana
ku sabab loba anu teu hayang, banda karuhun Sunda katembong ku umum.
Ayeuna, saeutik-saeutik rek disuaykeun deui.
RAJARESI Manik Maya, ti Karajaan Kendan kaasup
pamingpin nu masagi. Henteu ngan ukur ahli dina widang katatanagaraan
dina mangsana. Tapi deuih ahli dina nyiptakeun seni karawitan.
Salasahiji karyana anu nepi ka danget ieu masih keneh langgeng nyaeta
kasenian degung, anu mangsa harita disebut monggang. Waditrana ngan tilu
rupa, nyaeta jenglong, goong jeung bonang 18 nada. Anu disebut laras
palag, atawa istilah ayeuna mah, sok disebut laras pelog. Ari notasina
disebut bantayan lima, nyaeta petit (da), singgul (mi), barang (na),
galimeur (ti), bem (la), balik deui kana (da), anu disebut goong. Jadi,
urutan notasi jaman Rajaresi Manik Maya dina monggang atawa degung
buhun, nyaeta; petit, singgul, barang, galimeur, bem jeung goong.
Rajaresi Manik Maya dina nyiptakeun seni monggang memang henteu
sagawah, tapi dilebetan ku ajen-ajen spiritual nu sakral anu konsepna
nyokot tina awak sakujur (pancacuriga). Geura we, nada tina 18 bonang,
ieu teh taya lian tina mangrupa warna-warni sora ketug jantung jeung
asal-usul sora anu sumberna tina 18 titik babagian awak. Sarua deuih
jeung anu diwujudkeun dina jumlah aksara sunda kuno, kabehna ngabogaan
18 aksara. Sedengkeun ngaran laras palag, wancahan tina palahuan galuh
(galuh, hartina sora batin nu pangjerona, sora nu teu kaeunteupan ku
hawa nafsu). Jadi, palahuan galuh, mibanda harti, sora spiritual anu
dipake pikeun komunikasi jeung nu Maha Suci (atawa sora kaillahian).
Ari bantayan lima, masing-masing mibanda harti, nyaeta petit (silib),
singgul (sindir), barang (siloka), galimeur (symbol), bem (sasmita),
jeung goong (Gusti Nu Agung).
Nya kitu deui bahan metalurgi nu dipakena ngagunakeun logam parunggu,
hartina pangrungu atawa pangreungeu. Sacara garis badagna gamelan
monggang anu diciptakeun ku Rajaresi Manik Maya, bener-bener gamelan
adiluhung anu nyumponan konsep tri tangtu dina musikalogi, nyaeta etika,
estetika jeung mistika. Dina harti, gamelan monggang lain ngan saukur
keur reungeukeun tanpa eusi, tapi kudu dibarengan ku ngaekspresikeun
diri sangkan wawuh ka gustina. Sangkan salalawasna ngadeukeutkeun diri
jeung gustina ngaliwatan sora-sora nada anu memang sumberna tina ketug
jantung. Ajen palsapah eta anu memang hayang ditepikeun ku Maharesi
Manik Maya enggoning nyiptakeun gamelan monggang.
Matak pantes, dina mangsa harita, gamelan monggang ngan ukur dipake
dina upacara-upacara sakral kaagamaan jeung ritual-ritual kanagaraan.
Dina jaman Pajajaran ge, gamelan monggang teh sok ditabeuh keneh.
Pangpangna dina upacara-upacara kanagaraan, saperti dina upacara
ngawisuda raja, upacara probokta, upacara ngarolat, upacara miteket,
jeung upacara diwastu. Atawa dina upacara-upacara sakral minangka wujud
tina rasa sukur ka Nu Maha Ngersakeun, saperti upacara kuwera bakti,
upacara ngretakeun bumi lamba jeung upacara pasaduaan.
Ngan sanggeus Pajajaran burak, gamelan monggang teu pati jelas
ngilesna. Malah, bisa jadi, memang aya upaya-upaya pikeun ngaleungitkeun
monggang ti bumi Pajajaran. Sabab, salila ieu dina mangsa harita, apan
monggang teh geus dianggap simbol identitas nagara, matak rea anu hayang
numpur ludeskeun sagala bentuk anu aya patalina jeung identitas
Pajajaran. Utamana ti kalangan anu teu resep Karajaan Pajajaran nanjeur.
Nepi ka diakalan, di sababaraha lokasi mah dimitoskeun nabeuh goong
dijadikeun pacaduan anu lamun ditabeuh sok jadi matak. Ngan anehna, di
Karaton Surakarta mah, kungsi aya beja, aya gamelan anu kacida
dikaramatkeun jadi barang pusaka, disebutna gending monggang loros moyo.
Kakara dina jaman Dalem Cikundul, Tumenggung Candramanggala
ngawujudkeun deui gending monggang anu nitis ka Dalem Cikundul. Ngaranna
diganti jadi degung. Ieu teh dumasar kana alesan pikeun nyumputkeun
monggang Pajajaran anu dina jaman harita tetep loba pihak nu teu satuju
banda Pajajaran ditembongkeun ka umum. Pangpangna ti pihak Mataram anu
harita keur ngayakeun ekspansi di tatar Sunda. Nya ngawujud lagu-lagu
degung kawitan anu kainspirasi ku peristiwa Pasunda Bubat. Ieu tembong
dina judul lagu-lagu degung kawitan, jumlahna 18 lagu anu nyaritakeun
rombongan Karajaan Sunda Galuh Pingpinan Prabu Linggabuana waktu
nganteur Putri Citraresmi Diah Pitaloka dina lalampahan ka Bubat, ti
mimiti indit ti Karajaan Sunda nepi ka derna perang di tegal Bubat. Eta
carita teh diwujudkeun dina Putri Layar, Suyung (Surung Dayung),
Lalayaran, Ujung Laut, Mangu-mangu, Arang-arang, Wabango, Paningron,
Kinteul, Bueuk, Genre, Kurawul, Palangon, Lambang, Purwaganti, Kawitan,
Langensari, jeung Bangbrang Sinanga. Tangtu we, ieu lagu-lagu degung
kawitan nu jumlahna 18 lagu teh, kabeh ge henteu make rumpaka. Jadi teu
kaasup sekaran tapi mangrupa gendingan.
Dina kamekaran satuluyna, lagu-lagu degung kawitan diwariskeun deui
ka Wasitadireja. Ti dinya diteruskeun ku Ece Majid jeung Jayahaliman anu
ngayakeun rundingan jeung Dalem Pancaniti pedah aya ide rek
dirumpakaan.
Dalem Pancaniti satujueun, ngan judul-judulna kudu dirobah, ngarah
teu kapanggih ku pihak-pihak nu teu satujueun. Malum, mangsa harita
sakur seni anu jadi identitas Karajaan Pajajaran teu meunang hirup.
Ahirna lagu-lagu degung kawitan dirobah ngaranna, Ujung laut, jadi Ujung
Lautan, Suyung jadi Pasuyungan, jeung sajabana.
Ku ayana tarekah sarupa kitu, ahirna degung bisa ditabeuh deui, ngan
bonangna teu meunang 18 nada, diganti kunu 14 bonang, Bonang Mataram.
Nya kitu deui ancakna, teu meunang make ancak Pajajaran. Kudu diganti ku
ancak totem Mataram. Tapi, Dalem Pancaniti teu eleh kreatif,
nyumputkeun degung bonang 18 teh dina kacapi tembang Cianjuran, 18 snar,
sabab mangsa harita laras pelog anu 18 nada teu meunang ditabeuh.
Nyumputna dina tembang dedegungan.
Basa RHAA Wiranatakusumah (Dalem Haji) jadi Bupati Cianjur, degung
enya-enya dihirupkeun. Turta satuluyna dibawa ka Bandung. Ditabeuhna
henteu saukur di jero Kabupaten atawa pendopo, tapi bisa ditabeuh di
luar kabupaten. Anu sakral, dicepeng ku Abah Idi kalawan juru sekarna
Acicah. Ari anu duplikatna, bisa ditabeuh di luar, dipasrahkeun ka Abah
Oyo, kalawan ngadidik juru sekar anyar, di antarana Saodah.
Dina kamekaranana, degung anu ditabeuh di luar kabupaten beuki
ngalegaan ambahanana, ngadatangkeun generasi anyar, diantarana Carmedi.
Tangtu we, dina misi anu beda, degung teh diropea deui jadi kesenian
hiburan, nyaluyukeun jeung bubutuh jaman. Waditrana ditambah jeung
lagu-laguna ngasongkeun tema nu ayeuna. Ari nasib degung nu sakral
kumaha? Memang geus arang ditabeuh deui, tapi lain hartina leungit.
Sababaraha waktu ka tukang. Di Padepokan Sangkakala Pajajaran
lagu-lagu degung kawitan mimiti diwanohkeun deui ka generasi ngora dina
acara napakeun atawa ngawariskeun lagu-lagu degung kawitan. Harita aya 7
lagu degung kawitan anu diwariskeun, nyaeta lagu Kawitan, Bangbrang
Sinanga, Genre, Kinteul Bueuk, Wabango, Putri Layar, jeung Arang-arang.
Puguh we, rea anu hookeun, jeung ngarasa kasima. Pedah harita dipedar
eusining tina lagu-lagu degung kawitan, anu memang loba nyaritakeun
kajadian Bubat jeung kaayaan Karajaan Pajajaran sabada burak. Nya,
lagu-lagu degung kawitan ieu nu ku Bung Karno sok disebut “Bagai Suara
dari Kahyangan”. Sabab, Bung Karno mah apalna degung anu sok ditabeuh di
jero pendopo teh, nyaeta degung anu sakral tea, lain degung ka
ayeunakeun. Bung Karno kaasup tokoh anu lindeuk tur remen idek liher
jeung Dalem Haji dina mangsa harita, ti keur jaman sakola keneh di
Bandung. Hanjakal, ayeuna mah geus arang nu nabeuh, padahal mun seug
ngareungeukeun lagu-lagu degung kawitan bakal ngarasa ibarat
ngareungeukeun deui konser gending monggang nu ilang ratusan taun ka
tukang. (Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-62595255553131170012013-01-18T04:34:00.000-08:002013-01-18T04:34:10.100-08:00Karaton Karajaan Galih Pakuan.
Anu
diduga makamna Prabu Mundingwangi, raja Karajaan Galih Pakuan
pamungkas, aya di ponclot Gunung Pabeasan, Kacamatan Selaawi, Garut.
Loba anu daratang ka ieu tempat ti mimiti tatapa tepikeun ka kula-kali
ku ajaman di eta tempat kungsi dipake panyumputan harta Pajajaran.
Barangt-barang hiasan anu kapanggih di wilayah Pasirhuut sabab baheulana urut
Karaton Karajaan Galih Pakuan.
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-12066008038296454842013-01-18T04:07:00.000-08:002013-01-18T04:07:42.525-08:00Pasirhuut Pinuh Lalangse
Pasirhuut Lembur nu Pinuh Lalangse
LOBA nu hayang ngapimilik hiji lahan di Pasirhuut sabab diduga
ngandung pependeman harta Pajajaran. Angot dina taun 1940, aya nu macul
manggihan emas sagede peureup.
PASIRHUUT teh hiji lembur leutik, ngabawah ka
Kacamatan Balubur Limbangan. Ceuk salah-sahiji sumber ti kalangan Pemda
Garut, di eta tempat ka hareupna bakal dibangun kantor Pemda di mana
engke Kabupaten Garut Utara ngadeg.
Ngan anu jadi perhatian husus mah, lain ngeunaan beja sual bakal
ngadegna Kabupaten Garut Utara. Anu leuwih has deui mah, beja yen eta
wewengkon teh cenah pinuh ku lalangse.
Ceuk Aki Sahuri (80), di wewengkon Pasirhuut teh, baheulana, jauh ka
baheula aya karaton anu katelahna Galih Pakuan. Malah henteu jauh ti
dinya oge aya deui karaton sahandapeunana, katelahna Karaton Burak
Setra, kalawan nu jadi rajana Prabu Pati Gulang Diwangsa. Ari nu
ngaratuan di Galih Pakuan mah harita teh Prabu Wijaya Kusumah, putuna
Prabu Siliwangi. Ka beh dieunakeun katelahna Sunan Cipancar, pasareanana
aya di kuloneun Pasirhuut.
Ceuk Aki Sahuri, kira taun 1940-an, loba jalma ngalian taneuh
pajero-jero. Cenah maksudna mah neangan pependeman, sabab diduga di
handapeun Pasirhuut, beunghar ku pakaya karaton.
“Keur mah da dina taun eta kapendak aya perhiasan emas sakeupeul,
kapendak ku anu macul,” ceuk Aki Sahuri basa ngahaja ditepungan di
Pasirhuut. Nya cenah ti harita loba anu ngahaja ngali taneuh teh. Malah
loba jalma daratang ti kota, hayang meuli lahan tanah di Pasirhuut.
“Duka enya butuh keur muka tatanen, atawa keur muka paimahan, duka
dumeh kabongroy ku beja ngeunaan pependeman karaton bae, teu apal
peresis,” ceuk Aki Sahuri.
Kapercayaan pajah handapeun Pasirhuut aya pependeman emas jeung
inten, parat tepika budak ngora pantar Madu (27) tukang ojeg. Manehna
mah sasat percayaeun pisan. Ngan lamun mah teu ngarasa perlu milu
kula-kali, sabab Madu mah percaya, yen dina enyana aya pependeman,
tangtu moal bisa diala ari lain ku anu hakna mah.
“Sanget pisan, wewengkon Pasirhuut mah,” pokna. Nu disebut sanget
teh, dumeh di Pasirhuut mah remen aya kajadian aneh anu teu asup akal,
ti mimiti masalah sepele, tepikeun ka anu badag ceuk ukuran maranehna,
lain sakali dua kali kajadian. Nu ngadongengkeunana, lain ukur Jang Madu
tukang ojeg, dalah Pa Sasmita pangsiunan TNI oge, mani norolang
nyaritakeun kaanehan teh. Cenah hiji waktu aya tukang baso. Tujuanana
rek ngurilingan perumahan Pasirhuut natawarkeun daganganana. Ngan
samemeh anjog ka anu ditujul, di tengah jalan ngaliwat ka anu keur hajat
tatanggapan wayang. Sawatara nu lalajo gugupay mesen baso. Malah ahirna
loba anu maresen baso. Baso satanggungan, sarintakan beak dibareuli.
Tukang baso teu tulus muru perumahan da dagangana kaburu beak. Isukna
bae waktu ditalek naha peuting kamari teu dagang ka perumahan. Waktu
tukang baso bebeja yen kaburu beak di nu hajat, warga perumahan
pungak-pinguk, naha saha nu hajat da peuting kamari mah euweuh raramean
di lapang maenbal teh? Tapi tukang baso keukeuh nyarita yen di lapang
maenbal yakin aya balandongan jeung noyek nu lalajo.
“Lapang maenbal teh kaereh ka karaton kapungkurna mah,” ceuk Aki Sahuri bari nuduh-nuduhkeun lebah-lebahna legana karaton.
Ceuk Aki Sahuri, boh Galih Pakuan boh Burak Setra, duanana oge
karajaan anu kaerah ka Pajajaran. Sawaktu Pajajaran burak dirurug balad
ti Banten, urang Pajajaran ngungsi ka ditu ka dieu, di antarana lumpatna
ka wewengkon Pasirhuut. Kituna teh bari marawa pakaya karajaan,
dibungkus ku samping, disolendangkeun dina taktak welasan atawa boa
puluhan jalma. Eta pakaya Pajajaran anu diwengku ku emas, inten, perak
jeung sajabana, dipendem di hiji wewengkon di Pasirhuut, teu jauh ti
karaton. Tapi Galih Pakuan oge ahirna dijorag ku balad Banten, tepikeun
ka urang Pajajaran katut pangeusi Galih Pakuan ge milu bubar katawuran.
Pakaya Pajajaran sawareh tetep disumputkeun di Pasirhuut, sawarehna
deui, malah lolobana, dibawa ngungsi ka Karajaan Arcamanik, wewengkon
kaler Kota Bandung. Nu matak di wewengkon lembur Arcamanik oge dipercaya
aya pependeman Pajajaran (aos Ujung Galuh No.5).
“Upami ku anu kawenehan, di tengah lapang maenbal sok katawis aya
adegan karaton, namung teu katingali aya nu nyicingan. Muhun da ku margi
ngarungsi tea,” ceuk Aki Sahuri. Anu leuwih aneh deui ti eta, dina
mangsa-mangsa anu tangtu, jalma nu kawenehan teh sok mireungeuh aleutan
jalma anu ngungsi bari ngabengkot ku babawaan pependeman tea.
Tinggolontrangna sora logam anu paketrok dipapanggul kadenge atra cenah.
Pon kitu deui sora huam-hiemna aleutan kuda, matak kukurayeun anu
ngadenge.
Beja anu matak narik ati (angot ku tukang ngukumpul pependeman kuno
mah), nyaeta perkara disumputkeunana makuta Raja Pajajaran anu katelahna
Binokasih Sanghyang Pake. Kapan aya anu nyebutkeun ieu makuta anu
kuduna dibawa ka Sumedanglarang teh, ku Jayaperkosa, disumputkeun di
dieu, ari anu dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun mah, anu ngahaja meunang
nyieun deui. Ceuk sawatara catetan tradisional, polah Jayaperkosa
nyimpangkeun makuta raja Pajajaran tepika henteu tepi ka Sumedanglarang,
mungguh matak mawa riweuh. Keur anu apal kana rusiahna mah, jadi
piomongeun, kaasup Prabu Wijayakusumah raja Galih Pakuan oge ngiring
Selaawi, Sésa Galih Pakuan
wilayah Pasirhuut, Limbangan, aya anu nyieun tugu kujang, duka saha da
urang lembur teu apaleun. Ngan cenah ieu dijieun ku anu kungsi kukurusuk
ka dinya tur boga anggapan ieu teh tanah karamat. Pasirhuut dipercaya
baheulana urut lokasi Karaton Karajaan Galih Pakuan.
URANG Selaawi baréto hubungan sosial-ékonomina leuwih deukeut ka
Sumedanglarang jeung Cirebon batan ka Timanganten atawa ka Galih Pakuan.
Malah tepikeun ka awal abad 19 mah, mun urang Selaawi hayang ka
Cirebon, milih jalan téh ka kalér, nyaéta ka Cibugel, terus ngalér
tepikeun ka anjog ka Situraja, terus bangblas ka Kadipatén.
SELAAWI perenahna di Kabupatén Garut tebéh kalér, kaléreun Kacamatan
Limbangan. Ti sisi jalan Limbangan, teu jauh-jauh teuing. Kitu lah,
sapuluhan kilométer mah aya. Jalanna lucir sanajan rada heureut gé. Tapi
da ari mobil mah larsup. Aya ojég, aya angkutan pedésaan. Motor pribadi
pasulibreng pagancang-gancang da puguh jalanna mulus. Lamun diteruskeun
ka tebéh kalér, bakal anjog ka Cibugel. Malah mun diteruskeun beuki ka
kalér, nya bakal anjog ka wewengkon Kabupaten Sumedang. Selaawi téh
ayeuna mah jadi wilayah kacamatan. Tapi da ari Selaawi anu asli mah,
ayeuna gé aya, mangrupa lembur kuna. Disebut kitu, sabab ti keur jaman
Pajajaran kénéh ogé ngaran Selaawi mah geus aya.
“Selaawi nu asli mah, nya ieu ukur sacangkéwok, mun ayeuna mah wewengkonna salega wilayah RT,” ceuk Amir urang Lembur Selaawi.
Amir téh bibit-buitna mah ti sabrang, nyaéta ti Boné, Sulawesi. Ngan
Amir ngarasa aya hubungan jaman baheula antara Boné jeung Sunda. Pék wé
bandungan cenah, di Sunda aya jenis opieun anu katelahna bugis. Naha
cenah maké disebut bugis? Puguh aya jujutanana, nyaéta tina ngaran salah
sahiji suku-bangsa nu aya di Sulawesi, suku Bugis. “Nu matak abdi
ngahaja bumén-bumén di dieu, seja nyusud tapak lacak karuhun,” ceuk
Amir. Sual Amir nyusud lacak karuhun, keun éta mah urang pedar ka
hareup. Ngan ceuk Amir, di wewengkon Selaawi téh loba pisan titinggal
jaman baheula. Éta mah cenah henteu kudu anéh. Ari sababna, apanan
Selaawi mah asup ka wewengkon Karajaan Galih Pakuan. Ari Galih Pakuan,
sanajan umurna jauh leuwih kolot, tapi béh dieu béh dieu mah nyaéta
sanggeus abad 15, kaéréh ka Pajajaran.
Loba kagiatan sosial-ékonomi di Galih Pakuan. Boh hubungan ékonomi
jeung puseur nagara, nyaéta Pakuan (Bogor kiwari), boh jeung nagri-nagri
luareun Pajajaran.
“Minangka conto, di Selaawi seueur penduduk anu ngagaduhan barang
kuna titinggal Galih Pakuan tapi éta banda kuna gaduh ciri-ciri karya
seni Cina. Éta henteu kedah anéh, margi dina jaman Karajaan Galih
Pakuan, seueur kadongkapan ku padagang-padagang ti daratan Cina,” ceuk
Amir. Ceuk Amir deui, Cina-cina anu ngayakeun hubungan dagang jeung
Galih Pakuan téh, loba anu teu baralik deui ka nagrina, malah tepikeun
ka baranahan. Sawatara masarakat Limbangan malah nyebutkeun, taun-taun
béh dieu, aya Cina beunghar anu gawéna meulian lahan tanah anu ngandung
patilasan kuna. Ieu pangusaha téh kabéjakeun ngukumpul barang-barang
kuna, dikumpulkeun di Limbangan da cenah di dieu rék ngadegkeun museum.
Bisa jadi manéhna resep kana sajarah, jeung kabeneran keur narékahan
hayang nyusud karuhunna di Limbangan.
“Dugika taun 60’an mah, seueur pangusaha Cina di Selaawi sareng
Limbangan. Upami aya istilah encék pindring, tiasa janten di Limbangan
sareng Selaawi, seueur Cina anu usahana ngulinceran pilemburan, dagang
encit, dagang alat rumah-tangga, ditatanggung bari mawa kolontong
disadakeun,” ceuk tokoh ti Limbangan.
“Ayeuna di Bandung atawa di kota-kota badag loba Cina. Padahal ari
mimitina mah Cina téh lain jol ti Bandung, tapi di wewengkon-wewengkon
samodél Limbangan jeung Cicaléngka,” ceuk tokoh Limbangan nerangkeun.
Ceuk inyana, jauh saméméh Bandung aya, karaméan mah malah geus karasa di
Limbangan. Terus maju ka kulon, saperti ka Cicaléngka, ka Ujungberung,
kakara ka Bandung, nyaéta sanggeus ngadeg Kota Bandung.
“Pék wé talungtik, kuburan Cina pangkolotna lain Cikadut Bandung tapi
Cicaléngka,” pokna. Ceuk ieu tokoh, tepikeun ka taun 50’an, di
Cicaléngka masih kénéh aya kuburan Cina, katelahna Santiong. Ku
kamekaran pakumbuhan, kuburan Cina di Cicaléngka dipindahkeun ka Nagrég.
Ayeuna mah, Santiong téh ukur ngaran lembur, kuburan mah geus euweuh,”
omongna deui. Cina-cina di Limbangan, di Selaawi, atawa di
wewengkon-wewengkon padésaan, taun 60’an dialusiran. “Pan jaman Bung
Karno aya aturan, bangsa asing, kaasup Cina teu meunang cicing di
padésaan,” ceuk Mang Soléh, urang Balubur Limbangan.
Sumedanglarang-Cirebon
Ceuk Amir, tepikeun ka awal abad 20, hubungan sosial-ékonomi urang
Selaawi lain ka Limbangan atawa ka Garut, tapi ka wilayah
Sumedanglarang. Jaman harita, lalampahan téh babarina ka wewengkon
Sumedang. Loba barang hasil-bumi ti Selaawi, diakutna ka Sumedang. Mun
geus anjog ka Sumedang, teu hésé lalampahan ka Kadipatén atawa ka
Cirebon mah.
Sanggeus jaman Islam, hubungan jeung Cirebon jauh leuwih raket ti
batan ka wewengkon séjénna. Ceuk kolot-kolot baheula urang Selaawi,
baheula lamun bulan Mulud, urang Selaawi ngaleut ngeungkeuy
ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, seja jarah ka makam Sunan
Gunungjati. Ti Selaawi nu boga kuda iangna kana kuda, nu teu boga nya
milih mancal. Laleumpang mapay jalan padati muru ka tebéh kalér.
Ngaliwatan Cibugel, mun méngkol ngénca bakal anjog ka Maronggé, mun
méngkol ngatuhu, bakal anjog ka Tomo, bangblas ka Situraja. Ti dinya
muru Kadipatén.
“Geus tepi ka Kadipatén mah, geus nyampak tutumpakan karéta api, nya ariang ka Cirebon tarumpak karéta,” ceuk tokoh Limbangan.
Sabenerna, masing jaman kiwari gé, rék muru wewengkon Sumedang mah
bakal dianggap praktis ngaliwatan Cibugel, batan kudu ka Cileunyi heula
mah. Malah jalan téh ari tepikeun ka Cibugel mah, ti Limbangan téh
kawilang lucir sanajan leutik gé. Ukur di tapel-wates antara Kabupatén
Garut jeung Kabupatén Sumedang rada renjul téh tapi da geus ka wewengkon
Sumedang mah, jalan téh mulus deui.
Yén hubungan jeung Cirebon leuwih raket batan jeung wilayah séjénna,
bisa dibuktikeun ku lobana urang Garut anu aya kokocoran ti Cirebon.
Malah di sawatara tempat nu aya di Limbangan, loba makam karamat anu
dipendem di dinya téh, baheula inohong ti Cirebon. Ceuk Amir, teu kudu
anéh. Sabab dina jaman kamekaran Islam, urang Cirebon loba ngajugjug ka
wewengkon Galih Pakuan pikeun ngislamkeun urang dieu. Galih Pakuan kudu
leuwih loba kapangaruhan ku Cirebon batan ku Pajajaran, anu harita
dianggap embung asup Islam. ***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-19851634574797695412013-01-18T03:46:00.002-08:002013-01-18T03:46:45.699-08:00Prabu Surawisesa
Prabu Surawisesa Nyalametkeun Makuta Binokasih
LOBA pisan versi di luar catetan sajarah resmi ngeunaan
lalampahan Prabu Surawisesa sabada turun tahta ti Pajajaran teh. Tapi
dina enas-enasna, kabeh nyebutkeun yen eta raja Pajajaran kadua teh,
ngumbara ka ditu ka dieu, tepikeun ka ahirna ngajanggelek jadi hiji
tokoh anu katelahna Eyang Jaya Perkosa.
TEU pati loba anu nyaritakeun, sanggeus Prabu
Surawisesa turun tahta ti karajaan Pajajaran taun 1555 M. Jeung naha
bet kudu nyerenkeun karajaan ka Ratu Sakti, lain ka putrana? Atawa
memang enya, da Prabu Surawisesa mah teu gaduheun putra, matak dibikeun
ka dulur ge.
Ngan anu jadi panasaran, sanggeus teu jadi raja di Pajajaran, terus
lunta. Lunta kamana atuh ieu raja nu kungsi disebut-sebut Mundinglaya
Dikusumah ku juru pantun teh bet ngiles kitu wae? Padahal saenyana,
umurna can kolot-kolot teuing, karek 50 taunan. Umur sakitu, dina mangsa
harita mah, meureun can kasebut rempo, malah bisa jadi masih keneh
belekesenteng.
Jadi asa aneh, can waktuna pangsiun, bet ujug-ujug nyerenkeun kakawasaan bari jeung lain ka anakna sorangan.
Kacindekan saheulaanan, Prabu Surawisesa henteu boga budak. Aya eta
oge nu curiga yen putrana Sang Prabu teh nyaeta Tanduran Manik. Hanjakal
embungeun neruskeun tapak lacak bapana, kalah milih jadi rahayat biasa,
jadi ajar resi, teu kabita ku kapangkatan.
Ari pangna Prabu Surawisesa mikeun kakawasaan ka Ratu Sakti,
saenyana, lain pedah geus bosen jadi raja atawa geus cape teuing ngurus
karajaan, tapi aya tujuan sejen anu nyamuni, anu jigna mah pikeun
nyalametkeun Karajaan Pajajaran.
Dina mangsa harita, ku datangna bangsa asing ka wilayah Nusantara
geus ngabalukarkeun aweuhan pulitik mimiti panas. Ekspansi marebutkeun
wilayah kakawasaan geus mimiti ngancam kana katengtreman saban karajaan.
Ku kituna, pikeun ngayonan eta ancaman, Prabu Surawisesa mah geus
taki-taki ku ngayakeun hubungan dagang internasional nu munggaran jeung
pihak Portugis. Pihak Prabu Surawisesa pesen alat senjata, ari pihak
Portugis menta disadiaan hasil bumi anu memang kacida ngaleuya di bumi
Pajajaran.
Tapi teu saeutik, ari pihak raja-raja pribumi sejen mah nganggapna ka
Prabu Surawisesa teh, cenah geus sakongkol jeung Portugis, anu dianggap
bakal ngancam kana integritas wilayah. Padahal ukur hubungan dagang
biasa.
Hiji kauntungan keur pihak asing mah, utamana bangsa Walanda. Situasi
sarupa kitu teh malah dipake kaulinan pikeun ngayakeun pulitik adu
domba. Karajaan Banten, kaasup nu babari kahasut ku propokasi Walanda,
nepi ka ngamusuhan ka Pajajaran. Katambah-tambah deuih, antara Pajajaran
jeung Banten teh, najan saampar, tapi dina mangsa harita masing-masing
nyekel ageman nu beda. Anu dijadikeun dadasar ideologis nagarana
sewang-sewangan.
Beuki nambahan kauntungan wae pikeun Bangsa Walanda mah. Target utama
ngancurkeun Pajajaran, salah sahiji karajaan anu kawilang rohaka di
Nusantara dina mangsa harita, teu kudu cape-cape, bisa nginjeum leungeun
ka Karajaan Banten. Jeung ieu dibuktikeun ku Banten dibantuan ku
karajaan-karajaan sejenna anu saideologi.
Ningali galagat teu hade sarupa kitu, nya ti harita Prabu Surawisesa
nyerenkeun kakawasaan ka Ratu Sakti. Ti dinya, Sang Prabu Surawisesa anu
kacida ngahargaanana ka para luluhurna, mimiti ngiles ninggalkeun
Pajajaran. Ngalesotkeun baju karajaan. Nyamur jadi rahayat biasa, bari
ngalanglangan sakabeh karajaan anu kabawah ka Pajajaran. Sajeroning
ngalanglang kalawan gunta-ganti ngaran, kituna teh henteu ngan saukur
tambuh laku, tapi deuih bari jeung nyieun gerakan bawah tanah nepakeun
rupa-rupa taktik pertahanan anu jadi andelan Pajajaran. Anu maksudna
sangkan karajaan-karajaan leutik bawahan Pajajaran bisa salawasna
taki-taki jeung siap sayaga ngayonan rupa-rupa bancang pakewuh anu bakal
disangharaeupan.
Hanjakal, saditinggalkeun ku Prabu Surawisesa, Karajaan Pajajaran di
Pakuan Bogor bet kalah ngalaman krisis kapamingpinan. Anu ahirna
ngalaman burak dina mangsa Prabu Sang Nusia Mulya Suryakancana atawa
Prabu Karaseda (1579 M).
Dina mangsa harita, Prabu Surawisesa umurna geus nincak 70 taunan.
Nya, basa karaton Pakuan di Bogor dikosongkeun ku Prabu Suryakancana,
apan Prabu Surawisesa anu nyalametkeun rajakaya karajaan, kayaning
makuta Sanghyang Pake Binokasih katut asesoris karajaan sejenna anu
bahanna tina emas 24 karat. Ceuk sakaol mah, nepi ka ayeuna ge masih
keneh aman di hiji tempat anu ngaranna kampung Simpen, wilayah Garut.
Diperenahkeun di jero guha atawa di jero taneuh anu kacida
dirusiahkeunana. Dina UGa-07 mah, pajah Makuta Binokasih teh
disumputkeunana di wewengkon Pasirhuut, Limbangan. Teu dibikeun ka
Karajaan Sumedanglarang kawas ceuk pangakuan sejarawan resmi.
Sanajan sacara de fakto Pakuan Pajajaran geus burak, tapi ari
eksistensi secara de jure mah masih keneh dipertahankeun jeung
kasalametkeun, ku cara nguatan barikade di karajaan-karajaan jieunan
Pajajaran anu diwariskeun ngaliwatan turunan langsung ti Prabu
Siliwangi. Eta kabeh karajaan anu dipingpin ku para putra Prabu
Siliwangi, kalawan gemet salawasna dilanglang, diaping jeung diriksa ku
Prabu Surawisesa anu geus nyamur kalawan jujuluk Batara Lengser.
Dina taun 1600-an, kakawasaan Karajaan Cirebon beuki nyered ka kulon,
nga-deukeutan Sumedang. Tangtu we, ieu teh bakal jadi ancaman kana
integritas wilayah Sumedanglarang, salah sahiji karajaan bawahan
Pajajaran anu masih keneh kaitung kuat. Ku kituna, Sang Batara Lengser,
gancang nyieun kakuatan di Sumedanglarang.
Pikeun ngahalangan ambisi Cirebon ngarebut wilayah Sumedanglarang,
Sang Batara Lengser anu jadi panasehat Karajaan Sumedanglarang gancang
nyieun strategis politis. Salian ti ngangkat Pangeran Geusan Ulun alias
Angkawijaya anu kungsi digedekeun di Cirebon, oge ngadegkeun karaton di
Kutamaya minangka puseur pamarentahan.
Ku diangkatna Pangeran Geusan Ulun anu masih keneh kaitung boga garis
katurunan ti Cirebon pikeun mingpin Sumedanglarang, geus
ngabalukarkeun Cirebon ngarasa reugreug, nepi ka ahirna ngabatalkeun
paniatanana mumusuhan jeung Sumedanglarang.
Dina kapamingpinan Geusan Ulun, Sang Batara Lengser kacida pisan
dipikolotna, nepi ka kungsi dibere gelar Mbah atawa Panembahan Eyang
Rama. Tapi ari di kalangan rahayat mah leuwih katelah Eyang Jayaperkosa,
atawa Terong Peot, jeung Kondang Hapa.
Pantes rek dilandih kitu ge, da dina mangsa harita, umur Sang Batara
Lengser atawa Eyang Jayaperkosa geus henteu ngora deui. Nincak kana umur
80 taunan. Tapi masih keneh katingali jagjag belejag. Bubuhan tara
cicing, pangpangna mah dina ngawariskeun rupa-rupa elmuning strategi
ngatur nagara jeung taktik perang ka para prajurit. Ongkoh Eyang
Jayaperkosa ge ngabogaan pasukan husus anu lobana 400 urang minangka
prajurit petingan. Atawa rider mun dina mangsa kiwari mah.
Matak wajar, mun Sumedanglarang ngajanggelek jadi karajaan anu kacida
dipikaserab dina kapamingpinan Pangeran Geusan Ulun anu diaping ku
Eyang Jaya Perkosa. Anu bisa disebutkan minangka dwi tunggalna
Sumedanglarang.
Puncakna dina perang Ganeas kira taun 1618-1620 M waktu ngayonan
pasukan Cirebon pimpinan Pangeran Girilaya, anu dipancing ku diculikna
Prameswari Karajaan Cirebon, Harisbaya ku Pangeran Geusan Ulun. Anu
saenyana, eta perang teh jieunan Eyang Jayaperkosa. Eyang Jaya Perkosa
anu harita umurna mimiti nincak 100 taun, masih keneh neuteuli ka
Cirebon jeung Banten anu geus ngancurkeun Pajajaran. Nya di Karaton
Kutamaya, inyana nyieun siasat kumaha sangkan Banten jeung Cirebon bisa
diadu. Da geuning, antukna mah anu perang teh bet kalahka Pasukan
Cirebon jeung Pasukan Banten. Pihak Sumedanglarang mah kalah lalajo we,
da basa narima serangan ti Cirebon teh menta bantuan ka Banten. (Dadan Sungkawa)***
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com2tag:blogger.com,1999:blog-7911313787243729976.post-13717173438890120692013-01-14T06:02:00.001-08:002013-01-14T06:02:30.855-08:00 MAKAM KARUHUN SUNDA
MAKAM KARUHUN SUNDA (1)
Mulai sekarang kita harus
mengenal asal usul kita supaya tidak kehilangan identitas sebagai bangsa
Indonesia terutama orang Sunda atau yang mengaku orang Sunda
1. Pangeran Jayakarta (Rawamangun Jakarta)
2. Eyang Prabu Kencana (Gunung Gede, Bogor)
3. Syekh Jaenudin (Bantar Kalong)
4. Syekh maulana Yusuf (Banten)
5. Syekh hasanudin (Banten)
6. Syekh Mansyur (Banten)
7. Aki dan Nini Kair (Gang Karet Bogor)
8. Eyang Dalem Darpa Nangga Asta (Tasikmalaya)
9. Eyang Dalem Yuda Negara (Pamijahan Tasikmalaya)
10. Prabu Naga Percona (Gunung Wangun Malangbong Garut)
11. Raden Karta Singa (Bunarungkuo Gn Singkup Garut)
12. Embah Braja Sakti (Cimuncang, Lewo Garut)
13. Embah Wali Tangka Kusumah (Sempil, Limbangan garut)
14. Prabu Sada Keling (Cibatu Garut)
15. Prabu Siliwangi (Santjang 4 Ratu Padjadjaran
16. Embah Liud (Bunarungkup, Cibatu Garut)
17. Prabu Kian Santang (Godog Suci, garut)
18. Embah Braja Mukti (Cimuncang, Lewo Garut)
19. Embah Raden Djaenuloh (Saradan, Jawa Tengah)
20. Kanjeng Syekh Abdul Muhyi (Pamijahan Tasikmalaya)
21. Eyang Siti Fatimah (Cibiuk, Leuwigoong Garut)
22. Embah Bangkerong (Gunung Karantjang)
23. Eyang Tjakra Dewa (Situ Lengkong, Pandjalu Ciamis)
24. Eyang Prabu Tadji Malela (Gunung Batara Guru)
25. Prabu Langlang Buana (Padjagalan, Gunung Galunggung
26. Eyang Hariang Kuning (Situ Lengkong Pandjalu Ciamis)
27. Embah Dalem Salinggih (Cicadas, Limbangan Garut)
28. Embah Wijaya Kusumah (Gunung Tumpeng Pelabuhan Ratu)
29. Embah Sakti Barang (Sukaratu)
30. Syekh Abdul Rojak Sahuna (Ujung Kulon Banten)
31. Prabu Tjanar (Gunung Galunggung)
32. Sigit Brodjojo (Pantai Indramayu)
33. Embah Giwangkara (Djayabaya Ciamis)
34. Embah Haji Puntjak (Gunung Galunggung)
35. Dewi Tumetep (Gunung Pusaka Padang, Ciamis)
36. Eyang Konang Hapa (Dayeuh Luhur, Sumedang)
37. Embah Terong Peot (dayeuh Luhur, Sumedang)
38. Sang Hyang Hawu /Embah Jaya Perkosa(dayeuh luhur sumedang)
39. Prabu Geusan Ulun (Dayeuh Luhur, Sumedang)
40. Nyi Mas Ratu harisbaya (Dayeuh Luhur, Sumedang)
41. Eyang Anggakusumahdilaga (Gunung Pusaka Padang Ciamis)
42. Eyang Pandita Ratu Galuh Andjarsukaresi (Nangerang)
43. Embah Buyut Hasyim (Tjibeo Suku Rawayan, Banten)
MAKAM KARUHUN SUNDA (2)
Eyang mangkudjampana (Gunung Tjakrabuana, Malangbong Garut)
Embah Purbawisesa (Tjigorowong, Tasikmalaya)
Embah Kalidjaga Tedjakalana (Tjigorowong, Tasikmalaya)
Embah Kihiang Bogor (Babakan Nyampai, Bogor)
Aki Wibawa (Tjisepan, Tasikmalaya)
Embah wali Mansyur (Tomo, Sumedang)
Prabu Nagara Seah (Mesjid Agung Tasikmalaya)
Sunan Rumenggang (Gunung Batara Guru)
Embah Hadji Djaenudin (Gunung Tjikursi)
Eyang Dahian bin Saerah (Gunung ringgeung, garut)
Embah Giwangkarawang (Limbangan Garut)
Nyi Mas Layangsari (Gunung Galunggung)
Eyang Sunan Cipancar (Limbangan garut)
Eyang Angkasa (Gunung Kendang, Pangalengan)
Embah Kusumah (Gunung Kendang, Pangalengan)
Eyang Puspa Ligar (Situ Lengkong, Panjalu Ciamis)
Kimandjang (Kalapa 3, Basisir Kidul)
Eyang Andjana Suryaningrat (Gunung Puntang Garut)
Gagak Lumayung (Limbangan Garut)
Sri Wulan (Batu Hiu, Pangandaran Ciamis)
Eyang Kasepuhan (Talaga Sanghiang, Gunung Ciremai)
Aki manggala (Gunung Bentang, Galunggung)
Ki Adjar Santjang Padjadjaran (Gunung Bentang, Galunggung)
Eyang Mandrakuaumah (Gunung Gelap Pameungpeuk, Garut)
Embah Hadji Muhammad Pakis (Banten)
Eyang Boros Anom (Situ Lengkong, Pandjalu Ciamis)
Embah Raden Singakarta (Nangtung, Sumedang)
Raden Rangga Aliamuta (Kamayangan, Lewo-Garut)
Embah Dalem Kasep (Limbangan Garut)
Eyang Imam Sulaeman (Gunung Gede, Tarogong)
Embah Djaksa (Tadjursela, Wanaraja)
Embah Wali Kiai Hadji Djafar Sidik (Tjibiuk, Garut)
Eyang Hemarulloh (Situ Lengkong Pandjalu)
Embah Dalem (Wewengkon, Tjibubut Sumedang
Embah Bugis (Kontrak, Tjibubut Sumedang)
Embah Sulton Malikul Akbar (Gunung Ringgeung Garut)
Embah Dalem Kaum (Mesjid Limbangan Garut)
Mamah Sepuh (Pesantrean Suralaya
Mamah Kiai hadji Yusuf Todjiri (Wanaradja)
Uyut demang (Tjikoneng Ciamis)
Regregdjaya (Ragapulus)
Kiai Layang Sari (Rantjaelat Kawali Ciamis)
Embah Mangun Djaya (Kali Serayu, Banjarnrgara)
Embah Panggung (Kamodjing)
Embah Pangdjarahan (Kamodjing)
Syekh Sukri (Pamukiran, Lewo Garut)
MAKAM KARUHUN SUNDA (3)
Embah Dipamanggakusumah (Munjul, Cibubur)
Aki Mandjana (Samodja, Kamayangan)
Eyang Raksa Baya (Samodja, Kamayangan)
Embah Dugal (Tjimunctjang (
Embah Dalem Dardja (Tjikopo)
Embah Djaengranggadisastra (Tjikopo)
Nyi Mas Larasati (Tjikopo)
Embah Dalem Warukut (Mundjul, Cibubur)
Embah Djaya Sumanding (Sanding)
Embah Mansur Wiranatakusumah (Sanding)
Embah Djaga Alam (Tjileunyi)
Sembah Dalaem Pangudaran (Tjikantjung Majalaya)
Sembah Dalem Mataram (Tjipantjing)
Eyang Nulinggih (Karamat Tjibesi, Subang)
Embah Buyut Putih (Gunung Pangtapaan, Bukit Tunggul)
Embah Ranggawangsa (Sukamerang, bandrek)
Eyang Yaman (Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
Embah Gurangkentjana(Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
Embah Gadjah Putih (Tjikawedukan Gunung wangun)
Ratu Siawu-awu (Gunung Gelap, pameungpeuk Sumedang)
Embah Mangkunegara (Cirebon)
Embah Landros (Tjibiru Bandung)
Eyang latif (Tjibiru Bandung)
Eyang Penghulu (Tjibiru Bandung)
Nyi Mas Entang Bandung (Tjibiru Bandung)
Eyang Kilat (Tjibiru Bandung)
Mamah Hadji Umar (Tjibiru Bandung)
Mamah Hadji Soleh (Tjibiru Bandung)
Mamah Hadji Ibrahim (Tjibiru Bandung)
Uyut Sawi (Tjibiru Bandung)
Darya binSalmasih (Tjibiru Bandung)
Mmah Hadji Sapei (Tjibiru Bandung)
Embah Hadji Sagara Mukti (Susunan Gunung Ringgeung)
Eyang Istri (Susunan Gunung Ringgeung)
Eyang Dewi Pangreyep (Gunung Pusaka Padang Garut)
Ratu Ayu Sangmenapa (Galuh)
Eyang Guru Adji panumbang (Tjilimus Gunung Sawal)
Eyang Kusumah Adidinata (Tjilimus Gunung Sawal)
Eyang Rengganis (Pangandaran Ciamis)
Ki Nurba’in (Sayuran, Gunung Tjikursi)
Buyut Dasi (Torowek Tjiawi)
Embah Buyut Pelet (Djati Tudjuh Kadipaten)
Embah Gabug (Marongge)
Eyang Djayalaksana (Samodja)
Nyi Mas Rundaykasih (Samodja)
Nyi Mas Rambutkasih (Samodja)
MAKAM KARUHUN SUNDA NU TERAKHIR
Eyang Sanghiang Bongbangkentjana (Ujung Sriwinangun)
Eyang Adipati Wastukentjana (Situ Pandjalu Ciamis)
Eyang Nila Kentjana (Situ Pandjalu, Ciamis)
Eyang Hariangkentjana (Situ Pandjalu Ciamis)
Embah Dalem Tjikundul (Mande Cianjur)
Embah Dalem Suryakentjana (PantjanitiCianjur)
Embah Keureu (Kutamaneuh Sukabumi)
Ibu Mayang Sari (Nangerang Bandrek Garut)
Eyang Prabu Widjayakusumah (Susunan Payung Bandrek Garut)
Embah Sayid Kosim (Gunung Alung Rantjapaku)
Embah Bang Sawita (Gunung Pabeasan Limbangan Garut)
Uyut Manang Sanghiang (Banten)
Eyang Ontjar (Nyampai Gunung Bungrangrang)
Eyang Ranggalawe (Talaga Cirebon)
Ibu Siti Hadji Djubaedah (Gunung Tjupu Banjar Ciamis)
Mamah Sepuh ((Gunung Halu Tjililin Bandung)
Embah Sangkan Hurip (Ciamis)
Embah Wali Abdullah (Tjibalong Tasikmalaya)
Mamah Abu (Pamidjahan Tasikmalaya)
Embah Dalem Panungtung Hadji Putih Tunggang Larang Curug Emas (Tjadas Ngampar Sumedang)
Raden AstuManggala (Djemah Sumedang)
Embah Santiung (ujung Kulon Banten)
Eyang Pandita (Nyalindung Sumedang)
Embah Durdjana (Sumedang)
Prabu Sampak Wadja (Gunung Galunggung Tasikmalaya)
Nyi Mas Siti Rohimah/Ratu Liongtin (Jambi Sumatera)
Eyang Parana (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
Eyang Singa Watjana (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
Eyang Santon (Kulur Tjipatujah, tasikmalaya)
Eyang Entjim (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
Eyang Dempul Wulung (Djaga Baya Ciamis)
Eyang Dempul Walang (Djaga Baya Ciamis)
Eyang Giwangkara (Djaga Baya Ciamis)
Embah Wali Hasan (Tjikarang Bandrek, Lewo Garut)
Embah Raden Widjaya Kusumah (Tjiawi Sumedang)
Dalem Surya Atmaja (Sumedang)
Eyang Rangga Wiranata (Sumedang)
Eyang Mundinglaya Dikusumah (sangkan Djaya, Sumedang)
Eyang Hadji Tjampaka (Tjikandang, Tjadas Ngampar Sumedang)
Eyang Pangtjalikan (Gunung Ringgeung Garut)
Eyang Singa Perbangsa (Karawang)
Embah Djaga Laut (Pangandaran)
Raden Ula-ula Djaya (Gunung Ringgeung Garut)
Raden Balung Tunggal (Sangkan Djaya, Sumedang)
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/09076339914973773110noreply@blogger.com0