Biografi Aan Merdeka Permana


Geus jauh, lengkah geus jauh
Jugjugeun teuing di mendi
Batur-batur geus naringgalkeun
Teu kaharti naon nu disungsi
Tapi batan ngajanteng
Mending ngalengkah Sabatae
Miharep sugan jeung sugan...

Aan jeung Carponna
Aan Merdéka Permana téh geus ngarang ti bubudak. Bisa jadi kapangaruhan ku nu jadi bapana, Suhandaatmadja almarhum. Bapana gé baréto jaman keur ngajar di SR Cikadut Bandung taun 1950-an sok kurung-karang, ngan tara tepika diangkleung-angkleung kana massmédia. Lamun ngarang lagu Sunda, cukup diajarkeun ka murid-muridna di SR Cikadut. Pon kitu deui lamun ngarang drama, cukup dilalakonkeun ku murid-muridna, biasana dina waktuna samen (naék kelas) Waktu Aan keur umur lima taun, ku bapana kungsi dibawa lalajo pintonan gending karesmén Langlayang Salaka Domas. Nu maénna para muridna, disutradaraan ku guruna. Di lemburna Gang Masjid, Cicadas Bandung,  bapana Aan aktip ngaluluguan nonoman Karang Taruna dina widang kasenian. Lian ti sok ngalatih kacapi suling, bapana Aan gé harita sok ngarang drama keur agustusan. Saban aya waktu rinéh, Aan “dipaksa” ku nu jadi bapa pikeun daék diajar lagu-lagu Sunda. Malah basa rombongan guru-guru ngayakeun piknik ka Surabaya, bapana Aan memekel kacapi. Di hareupeun pribumi, para guru di Surabaya, Aan nu umurna 7 taun, dipaksa dititah ngahaleung lagu Sunda. “Kudu dipaksa sabab sabenerna kuring éra kudu nembang hareupeun batur, urang Surabaya deuih …” ceuk Aan seuri. “Kuring tepikeun ka digebug sabab tadina mah keukeuh mugen,” ceuk Aan.
Tapi hartina, Aan téh sabenerna mah ti leuleutik  geus diwanohkeun kana rupa-rupa kasenian. Seni ngarang jeung seni sora. Sanajan ukur kagiatan tingkat RW, Aan mangsa SMP geus jadi pamaén réog. Dipintonkeun ari aya karesménan agustusan, atawa kagiatan-kagiatan di lembaga lokal. Tepikeun ka di SMA, kalan-kalan masih kénéh ngaréog.

 Aan jeung Karanganana
KEUR ukuran para ahli sastra mah, Aan Merdéka Permana teu nyongcolang-nyongcolang teuing, lamun mah teu togmol disebut goréng. Tapi ari sawatara ahli mah, saperti Ajip Rosidi, contona, leuwih loba moyok kana tulisan Aan, ti batan mujina. Ceuk ahli sastra dina umumna, tulisan Aan sok léléwodeh, sambarangan jeung teu investigativ. Mun nyieun karya sastra sok teu nyastra. Basana gé sok kamalayon, jeung loba basa anu salah ngalarapkeunana. Lamun nyieun tulisan sajarah, sok tara puguh sumberna, malah bisa ngacowkeun da nu maca salah pérsépsi. Nu diaku ku saréréa mah, Aan téh panulis anu produktif dibandingkeun jeung panulis sasamana. Kumaha henteu rék disebut kitu. Nulis carita pondok ti taun 1967, tepika ka kiwari (2010) masih ngeureuyeuh. Mun dijumlah-jamléh, moal kurang ti sarébu tulisan, luareun cerpén jeung artikel. Ti taun 1985 rajin nulis buku. Malah beuki dieu mah nulis bukuna beuki kerep. Ti 1999, malah saban taun teu kurang ti genep novel anu diterbitkeun. Ayeuna teu kurang ti 30 buku novel anu réngsé diterbitkeun, jaba ngurus penerbitan Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh.


Nama                  : Aan Merdeka Permana
Alamat                : Sukamiskin Bandung
Lahir                   : Bandung 16 November 1950
Pekerjaan           : Pengarang Buku/Majalah/Novel di Ujung Galuh
Karya                 : www.sajarahalternatif.blogspot.com
Tinggal                : Kota Bandung
Telepon              :  0811-235-345


1 komentar:

  1. ass kang.....punya ujung galuh dari awal sampai akhir?yg sudah dijilid dalam satu buku......tangerang

    BalasHapus