Biografi Abah Jalma Sableng


"Hirup mah heuheuy jeung heuheuy"

Abah Jalma Sableng, ti umur tujuh taun geus weureu seubeuh kaluar-asup pasantrén, ari geblos kalah wawuh jeung tuyul, genderewo, kuntilanak katut sabangsana. Ku kolot-kolotna gé satengah dilapurkeun da asup ka pasantrén ari hasilna kitu patut. Tapi éta kamampuh teu dipiceun, malah mah dianggap hiji kabeungharan pangaweruh, yén tétéla dunya téh teu dieusian kunu eucreug wungkul , da lamun eucreug kabéh mah meureun moal ramé, jiga budak parawan petingan anu teu boga pangalaman hirup nu jembar. Abah Jalma Sableng jadi loba mireungeuh yén dunya téh eusina kumplit, aya bebeneran aya kajahatan atawa nu bener pacorok silih tindih jeung nu jahat, tepikeun ka hésé apal mana nu bener jeung mana nu jahat saking ku ngahijina. Tapi ceuk Abah Jalma Sableng ku cara kitu, karasa jadi loba wawasan. Nu tadina euweuh dina palajaran di pasantrén malah jadi kanyahoan. Aan Merdéka Permana mikaresep ka jalma sableng jiga kitu, nu matak dirékrut sina ngasuh Majalah Ujung Galuh, sina ngasuh blog Sajarah Alternatif, ngabring jeung bagundalna papada jalma sableng.

Nama       : Mochammad Ghazwan  ( Abah Jalma Sableng )
Lahir         : Ciamis, 05 Juni 1978
Hobi         : Membantu di segala bidang
Pekerjaan : Desain Grafis, Desain interior/exterior, Owner Advertising, Tour guide,
                  Pengamat Dunia spiritual
Karya      :  www.sajarahalternatif.blogspot.com
Kantor     : CV putra padjadjaran mandiri Bandung

2 komentar:

  1. Waduh... Geus siga Ki Joko Bodo we euy Kang Abuy....

    Ulin ka dieu: cucusutiaman@blogspot.com

    BalasHapus
  2. manstap lah c abah.....
    iraha ek mulang k pasantren bah....?

    BalasHapus