Koruptor Karajaan Sunda Nyarumput di Situ Gedé
POLAH-polah culika saperti ngagasab pakaya nagara, ti jaman Karajaan Sunda ogé geus aya. Koruptor ti jaman ka jaman, nyarumputna téh di wewengkon anu kiwari jadi Situ Gedé, Tasikmalaya.
TONG boroning urang Tasikmalaya, dalah nu séjén gé ka Situ Gedé mah geus arapaleun. Ari Situ Gedé téh, hiji objék wisata alam, perenahna di Kota Tasikmalaya. Saban poé peré jadi pangjugjugan jalma. Angot dina Lebaran jeung Taun Baru mah, loba acara jang pameungkeut turis. Sapopoéna sok diaruseupan kalawan gratis, kajaba mayar asup ka lokasi anu teu pati mahal.
Ngan deuih tong boroning urang luar, dalah urang Tasikmalayana ogé, ari kana riwayat Situ Gedé mah loba anu teu arapaleun. Kanyahoan sotéh duméh ka redaksi UGa krang-kring urang Tasikmalaya anu nelepon, cenah ménta dipangdongéngkeun Sasakala Situ Gedé.
Maluruh riwayat Situ Gedé mémang rada susah. Euweuh catetan resmi anu bisa dipaké sumber inpormasi. Manggihan sawatara kolot-kolot nu aya di sabudeureun situ, paling apal dina kajadian-kajadian jaman Belanda atawa Jepang. Kajadian béh ditu béh ditu anu jadi pangaresep udagan tim invéstigasi UGa, teu arapaleun.
“Sanés teu aya anu apal kétah, ngan riwayat Situ Gedé mah, tos lami ditutup ku para karuhun, disumputkeun dibuni-buni teu kénging aya anu terang ...” ceuk Sumaji (60). Sumaji mah sabenerna lain urang Tasikmaaya tulén, da manéhna mah pituin urang Pangandaran. Ngan manéhna saeutik-saeutik nyaho riwayat Situ Gedé jaman baheula pisan, ladang paméré ti kolot-kolot urang dinya.
“Tos maot ari nu masihan riwayat mah.”
“Sok atuh béjakeun ka abdi, Mang ...” ceuk UGa.
“Har, nya teu bisa, pan ceuk karuhun di dieu gé ulah diuar-uar, kudu tetep disumputkeun dina lalangsé,” ceuk Sumaji.
“Naha maké kudu disumput-sumput?”
“Sabab riwayat di ieu tempat téh henteu matak agul keur para turunanana,” ceuk Sumaji.
“Enya, pédah naon maké dianggap teu mawa kaagul keur jalma kiwari téh?” UGa haben tetelepék, tur ahirna anu pajah kudu dibuni-buni téh disingraykeun teu kahaja.
Jadi, kieu cenah riwayatna téh.
Ngajengléngna Situ Gedé mah anyar pisan, sabab ayana kakara dina taun 1530 Maséhi, nyaéta sabada aya hiji gunung di éta wewengkon bitu rohaka. Éta gunung, jaman harita disebutna Gunung Pancawanaya. Naha ayeuna gunung téh aya kénéh ngan geus ganti ngaran, teu écés.
Sanggeus Gunung Pancawayana bitu, ti jero taneuh ngaburial cai, lila ku lila ngabentuk talaga atawa situ, nya Situ Gedé kiwari ngaranna.
Di Situ Gedé tug ka kiwari aya hiji pilemburan. Sabenerna éta kasebut pilemburan kuna, sabab ti baheula gé, nyaéta ti saméméh aya situ, ari lembur mah geus aya. Malah nu disebut baheula téh nyaéta ti jaman pasca Karajaan Tarumanagara kénéh.
Ti taun 1119 Maséhi, di éta tempat geus aya lembur, ngaranna Sinjang Moyang. Bisa jadi deuih, ngaran Sinjang Moyang mimiti dipiwanohna mah béh dieuna deui, nyaéta sanggeus di éta tempat kungsi aya kajadian géhgér. Ka éta tempat dina taun 1501 Maséhi datang sabubuhan pasukan karajaan Galuh, dibantuan ku karajaan-karajaan leutik nu aya di wewengkon antara Garut-Tasikmalaya jeung Ciamis harita, ngarurug, merangan jeung ngabinasa pangeusi lembur. Ukur barudak leutik anu teu dibinasa mah.
Naha maké dirurug ku saban karajaan? Sabab Lembur Sinjang Moyang ti baheula kénéh geus dicuriga dipaké nyarumputna para koruptor. Saban pangagung karajaan anu ngagasab pakaya nagara, lumpatna téh ka Lembur Sinjang Moyang. Naha deuih pangeusi Sinjang Moyang dadaékanan ngilungan jalma jahat? Sabab urang lembur Sinjang Moyang tina ladang ngilungan jalma jahat téh maranéhna boga kauntungan, nyaéta narima bagi hasil atawa peresénan ti para pajabat korup téa.
Ladang tina nyumputkeun pajabat korup, teu weudeu Lembur Sinjang Moyang jadi medah-meduh. Raja Miri, nyaéta tua kampung Sinjang Moyang, hirupna medah-meduh teu bina ti kahirupan hiji raja baé. Nu matak dilandi Raja Miri, bisa jadi hirupna towéksa teu bina ti kahirupan raja baé. Tapi deuih, ngaran Raja Miri ogé bisa jadi lantaran manéhna téh lain turunan joré-joré, da manéhna aya getih turunan ti para Raja Galuh. Malah ka luhurna mah, masih kénéh nyambung jeung Tarumanagara. Dina taun 1119 Maséhi aya sabubuhan turunan ménak ti Tarumanagara sumebar mencar ka ditu ka dieu, di antarana aya anu bubuara di éta tempat, nurunkeun anak-incu-buyut jeung saterusna. Ngan teuing kumaha mimitina, ujug-ujug saréréa samiuk, Lembur Sinjang Moyang merenahkeun manéh jadi tempat nyumputna koruptor. Heug mangka ti jaman ka jaman lalakonna téh. Dina jaman Karajaan Sunda/Galuh aya anu nyumput bari mawa pakaya nagara kayaning emas, inten, berlian. Pon kitu deui urang Karajaan Kéndan. Parat, tepikeun ka jaman Pajajaran. Sinjang Moyang téh hartina panutup karuhun. Paripolah karuhun kudu dipindingan ulah diuar-uar. Mun enya hartina kitu, bis jadi ngaan Sinjang Moyang mah lahirna téh béh dieu béh diu nyaéta dilandi ku para turunan anu embung wiwirang karuhun diuar-uar. Bisa jadi meureun satutas taun 1501, riwayat lembur téh ditutup-tutup. Kilang kitu, lain hartina polah “nyumputkeun koruptor” jadi leungit, da kabiasaan mah terus manjang. Buktina dina jaman Pajajaran anu kajadianana béh dieu, angger we kabiasaan nulungan pajabat korup mah teu dileungitkeun. ***