Jumat, 18 Januari 2013

GENDING Monggang


GENDING Monggang bogana urang Sunda, leungit ratusan taun lilana ku sabab loba anu teu hayang, banda karuhun Sunda katembong ku umum. Ayeuna, saeutik-saeutik rek disuaykeun deui.

RAJARESI Manik Maya, ti Karajaan Kendan kaasup pamingpin nu masagi. Henteu ngan ukur ahli dina widang katatanagaraan dina mangsana. Tapi deuih ahli dina nyiptakeun seni karawitan. Salasahiji karyana anu nepi ka danget ieu masih keneh langgeng nyaeta kasenian degung, anu mangsa harita disebut monggang. Waditrana ngan tilu rupa, nyaeta jenglong, goong jeung bonang 18 nada. Anu disebut laras palag, atawa istilah ayeuna mah, sok disebut laras pelog. Ari notasina disebut bantayan lima, nyaeta petit (da), singgul (mi), barang (na), galimeur (ti), bem (la), balik deui kana (da), anu disebut goong. Jadi, urutan notasi jaman Rajaresi Manik Maya dina monggang atawa degung buhun, nyaeta; petit, singgul, barang, galimeur, bem jeung goong.
Rajaresi Manik Maya dina nyiptakeun seni monggang memang henteu sagawah, tapi dilebetan ku ajen-ajen spiritual nu sakral anu konsepna nyokot tina awak sakujur (pancacuriga). Geura we, nada tina 18 bonang, ieu teh taya lian tina mangrupa warna-warni sora ketug jantung jeung asal-usul sora anu sumberna tina 18 titik babagian awak. Sarua deuih jeung anu diwujudkeun dina jumlah aksara sunda kuno, kabehna ngabogaan 18 aksara. Sedengkeun ngaran laras palag, wancahan tina palahuan galuh (galuh, hartina sora batin nu pangjerona, sora nu teu kaeunteupan ku hawa nafsu). Jadi, palahuan galuh, mibanda harti, sora spiritual anu dipake pikeun komunikasi jeung nu Maha Suci (atawa sora kaillahian).
Ari bantayan lima, masing-masing mibanda harti, nyaeta petit (silib), singgul (sindir), barang (siloka), galimeur (symbol), bem (sasmita), jeung goong (Gusti Nu Agung).
Nya kitu deui bahan metalurgi nu dipakena ngagunakeun logam parunggu, hartina pangrungu atawa pangreungeu. Sacara garis badagna gamelan monggang anu diciptakeun ku Rajaresi Manik Maya, bener-bener gamelan adiluhung anu nyumponan konsep tri tangtu dina musikalogi, nyaeta etika, estetika jeung mistika. Dina harti, gamelan monggang lain ngan saukur keur reungeukeun tanpa eusi, tapi kudu dibarengan ku ngaekspresikeun diri sangkan wawuh ka gustina. Sangkan salalawasna ngadeukeutkeun diri jeung gustina ngaliwatan sora-sora nada anu memang sumberna tina ketug jantung. Ajen palsapah eta anu memang hayang ditepikeun ku Maharesi Manik Maya enggoning nyiptakeun gamelan monggang.
Matak pantes, dina mangsa harita, gamelan monggang ngan ukur dipake dina upacara-upacara sakral kaagamaan jeung ritual-ritual kanagaraan. Dina jaman Pajajaran ge, gamelan monggang teh sok ditabeuh keneh. Pangpangna dina upacara-upacara kanagaraan, saperti dina upacara ngawisuda raja, upacara probokta, upacara ngarolat, upacara miteket, jeung upacara diwastu. Atawa dina upacara-upacara sakral minangka wujud tina rasa  sukur ka Nu Maha Ngersakeun, saperti upacara kuwera bakti, upacara ngretakeun bumi lamba jeung upacara pasaduaan.
Ngan sanggeus Pajajaran burak, gamelan monggang teu pati jelas ngilesna. Malah, bisa jadi, memang aya upaya-upaya pikeun ngaleungitkeun monggang ti bumi Pajajaran. Sabab, salila ieu dina mangsa harita, apan monggang teh geus dianggap simbol identitas nagara, matak rea anu hayang numpur ludeskeun sagala bentuk anu aya patalina jeung identitas Pajajaran. Utamana ti kalangan anu teu resep Karajaan Pajajaran nanjeur. Nepi ka diakalan, di sababaraha lokasi mah dimitoskeun nabeuh goong dijadikeun pacaduan anu lamun ditabeuh sok jadi matak. Ngan anehna, di Karaton Surakarta mah, kungsi aya beja, aya gamelan anu kacida dikaramatkeun jadi barang pusaka, disebutna gending monggang loros moyo.
Kakara dina jaman Dalem Cikundul, Tumenggung Candramanggala ngawujudkeun deui gending monggang anu nitis ka Dalem Cikundul. Ngaranna diganti jadi degung. Ieu teh dumasar kana alesan pikeun nyumputkeun monggang Pajajaran anu dina jaman harita tetep loba pihak nu teu satuju banda Pajajaran ditembongkeun ka umum. Pangpangna ti pihak Mataram anu harita keur ngayakeun ekspansi di tatar Sunda. Nya ngawujud lagu-lagu degung kawitan anu kainspirasi ku peristiwa Pasunda Bubat. Ieu tembong dina judul lagu-lagu degung kawitan, jumlahna 18 lagu anu nyaritakeun rombongan Karajaan Sunda Galuh Pingpinan Prabu Linggabuana waktu nganteur Putri Citraresmi Diah Pitaloka dina lalampahan ka Bubat,  ti mimiti indit ti Karajaan Sunda nepi ka derna perang di tegal Bubat. Eta carita teh diwujudkeun dina Putri Layar, Suyung (Surung Dayung), Lalayaran, Ujung Laut, Mangu-mangu, Arang-arang, Wabango, Paningron, Kinteul, Bueuk, Genre, Kurawul, Palangon, Lambang, Purwaganti, Kawitan, Langensari, jeung Bangbrang Sinanga. Tangtu we, ieu lagu-lagu degung kawitan nu jumlahna 18 lagu teh, kabeh ge henteu make rumpaka. Jadi teu kaasup sekaran tapi mangrupa gendingan.
Dina kamekaran satuluyna, lagu-lagu degung kawitan diwariskeun deui ka Wasitadireja. Ti dinya diteruskeun ku Ece Majid jeung Jayahaliman anu ngayakeun rundingan jeung Dalem Pancaniti pedah aya ide rek dirumpakaan.
Dalem Pancaniti satujueun, ngan judul-judulna kudu dirobah, ngarah teu kapanggih  ku pihak-pihak nu teu satujueun. Malum, mangsa harita sakur seni anu jadi identitas Karajaan Pajajaran teu meunang hirup. Ahirna lagu-lagu degung kawitan dirobah ngaranna, Ujung laut, jadi Ujung Lautan, Suyung jadi Pasuyungan, jeung sajabana.
Ku ayana tarekah sarupa kitu, ahirna degung bisa ditabeuh deui, ngan bonangna teu meunang 18 nada, diganti kunu 14 bonang, Bonang Mataram. Nya kitu deui ancakna, teu meunang make ancak Pajajaran. Kudu diganti ku ancak totem Mataram. Tapi, Dalem Pancaniti teu eleh kreatif, nyumputkeun degung bonang 18 teh dina kacapi tembang Cianjuran, 18 snar, sabab mangsa harita laras pelog anu 18 nada teu meunang ditabeuh. Nyumputna dina tembang dedegungan.
Basa RHAA Wiranatakusumah (Dalem Haji) jadi Bupati Cianjur, degung enya-enya dihirupkeun. Turta satuluyna dibawa ka Bandung. Ditabeuhna henteu saukur di jero Kabupaten atawa pendopo, tapi bisa ditabeuh di luar kabupaten. Anu sakral, dicepeng ku Abah Idi kalawan juru sekarna Acicah. Ari anu duplikatna, bisa ditabeuh di luar, dipasrahkeun ka Abah Oyo, kalawan ngadidik juru sekar anyar, di antarana Saodah.
Dina kamekaranana, degung anu ditabeuh di luar kabupaten beuki ngalegaan ambahanana, ngadatangkeun generasi anyar, diantarana Carmedi. Tangtu we, dina misi anu beda, degung teh diropea deui jadi kesenian hiburan, nyaluyukeun jeung bubutuh jaman. Waditrana ditambah jeung lagu-laguna ngasongkeun tema nu ayeuna. Ari nasib degung nu sakral kumaha? Memang geus arang ditabeuh deui, tapi lain hartina leungit.
Sababaraha waktu ka tukang. Di Padepokan Sangkakala Pajajaran lagu-lagu degung kawitan mimiti diwanohkeun deui ka generasi ngora dina acara napakeun atawa ngawariskeun lagu-lagu degung kawitan. Harita aya 7 lagu degung kawitan anu diwariskeun, nyaeta lagu Kawitan, Bangbrang Sinanga, Genre, Kinteul Bueuk, Wabango, Putri Layar, jeung Arang-arang. Puguh we, rea anu hookeun, jeung ngarasa kasima. Pedah harita dipedar eusining tina lagu-lagu degung kawitan, anu memang loba nyaritakeun kajadian Bubat jeung kaayaan Karajaan Pajajaran sabada burak. Nya, lagu-lagu degung kawitan  ieu nu ku Bung Karno sok disebut “Bagai Suara dari Kahyangan”. Sabab, Bung Karno mah apalna degung anu sok ditabeuh di jero pendopo teh, nyaeta degung anu sakral tea, lain degung ka ayeunakeun. Bung Karno kaasup tokoh anu lindeuk tur remen idek liher jeung Dalem Haji dina mangsa harita, ti keur jaman sakola keneh di Bandung. Hanjakal, ayeuna mah geus arang nu nabeuh, padahal mun seug ngareungeukeun lagu-lagu degung kawitan bakal ngarasa ibarat ngareungeukeun deui konser gending monggang nu ilang ratusan taun ka tukang. (Dicutat tina Majalah  Sasakala Sunda Ujung Galuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar