Jumat, 18 Januari 2013

Pasirhuut Pinuh Lalangse


Pasirhuut Lembur nu Pinuh Lalangse

LOBA nu hayang ngapimilik hiji lahan di Pasirhuut sabab diduga ngandung pependeman harta Pajajaran. Angot dina taun 1940, aya nu macul manggihan emas sagede peureup.


PASIRHUUT teh hiji lembur leutik, ngabawah ka Kacamatan Balubur Limbangan. Ceuk salah-sahiji sumber ti kalangan Pemda Garut, di eta tempat ka hareupna bakal dibangun kantor Pemda di mana engke Kabupaten Garut Utara ngadeg.
Ngan anu jadi perhatian husus mah, lain ngeunaan beja sual bakal ngadegna Kabupaten Garut Utara. Anu leuwih has deui mah, beja yen  eta wewengkon teh cenah  pinuh ku lalangse.
Ceuk Aki Sahuri (80), di wewengkon Pasirhuut teh, baheulana, jauh ka baheula aya karaton anu katelahna Galih Pakuan. Malah henteu jauh ti dinya oge aya deui karaton sahandapeunana, katelahna Karaton Burak Setra, kalawan nu jadi rajana Prabu Pati Gulang Diwangsa. Ari nu ngaratuan di Galih Pakuan mah harita teh Prabu Wijaya Kusumah, putuna Prabu Siliwangi. Ka beh dieunakeun katelahna Sunan Cipancar, pasareanana aya di kuloneun Pasirhuut.
Ceuk Aki Sahuri, kira taun 1940-an, loba jalma ngalian taneuh pajero-jero. Cenah maksudna mah neangan pependeman, sabab diduga di handapeun Pasirhuut, beunghar ku pakaya karaton.
“Keur mah da dina taun eta kapendak aya perhiasan emas sakeupeul, kapendak ku anu macul,” ceuk Aki Sahuri basa ngahaja ditepungan di Pasirhuut. Nya cenah ti harita loba anu ngahaja ngali taneuh teh. Malah loba jalma daratang ti kota, hayang meuli lahan tanah di Pasirhuut.
“Duka enya butuh keur muka tatanen, atawa keur muka paimahan, duka dumeh kabongroy ku beja ngeunaan pependeman karaton bae, teu apal peresis,” ceuk Aki Sahuri.
Kapercayaan pajah handapeun Pasirhuut aya pependeman emas jeung inten, parat tepika budak ngora pantar Madu (27) tukang ojeg. Manehna mah sasat percayaeun pisan. Ngan lamun mah teu ngarasa perlu milu kula-kali, sabab Madu mah percaya, yen dina enyana aya pependeman, tangtu moal bisa diala ari lain ku anu hakna mah.
“Sanget pisan, wewengkon Pasirhuut mah,” pokna. Nu disebut sanget teh, dumeh di Pasirhuut mah remen aya kajadian aneh anu teu asup akal, ti mimiti masalah sepele, tepikeun ka anu badag ceuk ukuran maranehna, lain sakali dua kali kajadian. Nu ngadongengkeunana, lain ukur Jang Madu tukang ojeg, dalah Pa Sasmita pangsiunan TNI oge, mani norolang nyaritakeun kaanehan teh. Cenah hiji waktu aya tukang baso. Tujuanana rek ngurilingan perumahan Pasirhuut natawarkeun daganganana. Ngan samemeh anjog ka anu ditujul, di tengah jalan ngaliwat ka anu keur hajat tatanggapan wayang. Sawatara nu lalajo gugupay mesen baso. Malah ahirna loba anu maresen baso. Baso satanggungan, sarintakan beak dibareuli. Tukang baso teu tulus muru perumahan da dagangana kaburu beak. Isukna bae waktu ditalek naha peuting kamari teu dagang ka perumahan. Waktu tukang baso bebeja yen kaburu beak di nu hajat, warga perumahan pungak-pinguk, naha saha nu hajat da peuting kamari mah euweuh raramean di lapang maenbal teh? Tapi tukang baso keukeuh nyarita yen di lapang maenbal yakin aya balandongan jeung noyek nu lalajo.
“Lapang maenbal teh kaereh ka karaton kapungkurna mah,” ceuk Aki Sahuri bari nuduh-nuduhkeun lebah-lebahna legana karaton.
Ceuk Aki Sahuri, boh Galih Pakuan boh Burak Setra, duanana oge karajaan anu kaerah ka Pajajaran. Sawaktu Pajajaran burak dirurug balad ti Banten, urang Pajajaran ngungsi ka ditu ka dieu, di antarana lumpatna ka wewengkon Pasirhuut. Kituna teh bari marawa pakaya karajaan, dibungkus ku samping, disolendangkeun dina taktak welasan atawa boa puluhan jalma. Eta pakaya Pajajaran anu diwengku ku emas, inten, perak jeung sajabana, dipendem di hiji wewengkon di Pasirhuut, teu jauh ti karaton. Tapi Galih Pakuan oge ahirna dijorag ku balad Banten, tepikeun ka urang Pajajaran katut pangeusi Galih Pakuan ge milu bubar katawuran. Pakaya Pajajaran sawareh tetep disumputkeun di Pasirhuut, sawarehna deui, malah lolobana, dibawa ngungsi ka Karajaan Arcamanik, wewengkon kaler Kota Bandung. Nu matak di wewengkon lembur Arcamanik oge dipercaya aya pependeman Pajajaran (aos Ujung Galuh No.5).
“Upami ku anu kawenehan, di tengah lapang maenbal sok katawis aya adegan karaton, namung teu katingali aya nu nyicingan. Muhun da ku margi ngarungsi tea,” ceuk Aki Sahuri. Anu leuwih aneh deui ti eta, dina mangsa-mangsa anu tangtu, jalma nu kawenehan teh sok mireungeuh aleutan jalma anu ngungsi bari ngabengkot ku babawaan pependeman tea. Tinggolontrangna sora logam anu paketrok dipapanggul kadenge atra cenah. Pon kitu deui sora huam-hiemna aleutan kuda, matak kukurayeun anu ngadenge.
Beja anu matak narik ati (angot ku tukang ngukumpul pependeman kuno mah), nyaeta perkara disumputkeunana makuta Raja Pajajaran anu katelahna Binokasih Sanghyang Pake. Kapan aya anu nyebutkeun ieu makuta anu kuduna dibawa ka Sumedanglarang teh, ku Jayaperkosa, disumputkeun di dieu, ari anu dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun mah, anu ngahaja meunang nyieun deui. Ceuk sawatara catetan tradisional, polah Jayaperkosa nyimpangkeun makuta raja Pajajaran tepika henteu tepi ka Sumedanglarang, mungguh matak mawa riweuh. Keur anu apal kana rusiahna mah, jadi piomongeun, kaasup Prabu Wijayakusumah raja Galih Pakuan oge ngiring ngagelendeng. ***    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar