Kamis, 10 Januari 2013

Seni Buhun bag 1


Pantun Pajajaran Ku: Anis Djatisunda

PANTUN ditilik tina kaca mata seni mah mangrupa hiji wangunan (genre) seni teater tutur. Lantaran purah ngagarapna dina midangkeun pintonanana teh, ku cara ngadongeng atawa nyaturkeun carita atawa lalakon-lalakon klasik Sunda sabari nabeuh kacapi minangka piriganana. Nu midangkeun garapanana teh disebut Juru Pantun atawa Tukang Pantun. Malah dina naskah Sunda Kuno Lontar kropak-630 nu judulna Sanghyang Siksa Kandang Karesian mah nu ditulis dina taun 1518 Masehi, disebutna teh prepantun. “Hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, Banyakcatra,Siliwangi, Haturwangi: prepantun tanya”.
Sebutan pantun, jaman ka tukang mah rata-rata ditujukeunana teh kana kacapi nu dipake mirigna tea. Nepika dina dekade  taun 1950-an sebutan kitu teh masih keneh lumangsung. Tapi mimiti dekade taun 1950-an mah sebutan kacapi nu leuwih dipikawanoh teh. Sanggeusna Mang Koko almarhum ngapopulerkeun kacapi minangka salah sahiji parabot kasenian sunda nu cara nabeuhna diajarkeun di Konservatori Karawitan jeung Lembaga-lembaga seni sunda sejenna.
Ti harita mah antara kecap pantun jeung kecap kacapi teh mimiti dianggap teu sarua, tapi aya anu nganggap pantun teh mangrupa garapan gabungan antara dongeng jeung parabot kacapi. Datang ka aya kirata nu nyebutkeun, pantun teh cenah asal tina kecap papan jeung tungtun, manggul papan jelemana ditungtun. Alesanana, bongan tukang pantun karereaanana sok nu lolong.
Sejen ti kitu oge nu ngahartikeunana tina kecap papan jeung panungtun, lantaran cenah dina lalakon-lalakon pantun teh loba nu ngandung tuntunan hirup. Lebah dieu mah, deuk dikiratakeun kumaha ge taya nu ngalarang. Ngan bae nu kawilag pentingna mah, asal eta sakur pamanggih teh kudu di barung ku hasil panangluntikan nu ngadeudeukeutkeun otentik jeung ilmiah, ulah ngan ukur dipapantes ku alatan hayang dipajar akhli.
Dina mangsa-mangsa katukang seni Pantun teh harirup pisan di saban pakumbuhan di wewengkon Jawa Barat, saperti di Sumedang, Ciamis, Majalengka, Tasikmalaya, Garut, Bogor, Sukabui, Rangkasbitung, jsb. Luyu jeung khasanah daerahna sewang-sewangan. Tapi kiwari mah kulantaran beuki meuweuhna penetrasi budaya eksotik nu “mijagat” (global), Seni Pantun teh beuki ngurangan, malah nu panglobana mah nu geus laleungit.
Sejen deui di Desa Kanekes kabupaten Lebak Propinsi Banten, tepatna dilingkungan masyarakat “Urang Rawayan” (Baduy). Nepi ka kiwari sejen ti sebutan pantun kana kacapi nger keneh teh, oge vitalitas seni Pantunna masih keneh eksis. Sabab pikeun arinyana mah pidangan Pantun teh lain ngan wungkul kasenian pikeun hiburan, tapi mibanda fungsi nu rupa-rupa nu patali jeung kahirupan sapopoe arinyana. Kayaning keur ngubaran pare di huma, ngaruat imah, upacara ngareremokeun, sudat, kawalu, geseran, parawari ulin, ngunjal, majikkeun jsb. Hal ieu teh gumulung dina pranata budaya kahirupan arinyana nu napakdina kayakinan Sunda Wiwitan agama ageman arinyana.
Balik deui kana etimologi (asal-usul sesebutan) Pantun. Dina taun 1972, kuring meunang katerangan ti Sesepuh Bogor, Rd. Moehtar Kala(alm). Ceuk inyana di Bogor mah Pantun teh mangrupa kekecapan basa Bogor Kuno, nu hartina ceunah “enggesan” atawa “nu geus kaliwat”, jadi pintonan Pantun di Bogor mah, hartina teh pintonan carit-carita atawa kajadian-kajadian nu geus kaliwat. Contona Pantun Mundinglaya Dikusumah, hartina Carita Mundiglaya Dikusumah nu geus kaliwat, atawa enggeusanana kajadian Mundinglaya Dikusumah, Pantun Ngahiyangna Pajajaran = Carita enggeusanana Ngahiyangna Pajajaran atawa nyaritakeun kajadian Ngahiyangna Pajajaran dina waktu nu geus kaliwat.
Mun nilik kana harti kecap “carita nu geus kaliwat”, ieu mibanda sasaruaan jeung kecap “sajarah” nu asalna tina kecap basa-Arab. Cindekna harti kecap Pantun teh keur urang Sunda baheula mah, sateuacan basa sunda dirembesan ku basa-Arab, hartina teh sarua jeung kecap Sajarah jaman kiwari, saenggeusna basa sunda digadabah ku basa-Arab.
Hal sarupa kitu teh bisa kaharti, lantaran atmosfir pranata budaya urng sunda bihari dina sistem pamiaraan sajarah karuhunna teh, moal jiga cara kiwari tangtuna ge; ku cara pangajaran di sakola, penataran, maca buku-buku jsb. Tapi kulantaran jaman harita mah sagalana masih keneh singsarwa basajan (saderhana), geusan nanjrekeun sikep ngajenan Karuhun teh ku jalan dicaturkeun ngaliwatan seni pantun tea.
Sikep ngajenan karuhun kitu, teu wungkul mangrupa kawajiban kalangan menak bae, tapi oge kaasup ti kalangan somahan (rahayat). Ku ayana tahapan masyarakat sarupa kitu, kadar seni pantun ge dibedakeun mana keur pintonkeuneun hareupeun para menak, mana nu keur para somahan. Lebah dieu dina catetan Aki Uyut Baju Rambeng (Tokoh Pantun Bogor-Gunung Kendeng) mah, khusus Pantun Pajajaran Tengah (Pantun Bogor),dina jaman masih keneh jayana Pakuan Pajajaran Bogor, aya dua jinis nu disebut Pantun Gede jeung Pantun Leutik.
Pantun Gede mangrupa carita nu pinuh ku Uga jeung rasiah-rasiah nagara, pintonkeunana keur para menak di Paseban Pamintonan  Pakuan Pajajaran. Ari Pantun Leutik, carita atawa lalakonna mah bisa sarua keneh jeung Pantun Gede, tapi ngan ukur crit llampahan Karuhun sabeuleugeunjeurna, tapi tanpa dieuyeuban ku Uga, rsiah nagara jeung sabangsana. Nu aya paling oge tungtunan nu sipatna mngrupamedia keur nydarkeun nu nongtonna. Pantun Leutik khusus pintonan keur para somah (rahayat) boh di komplek Pakuan, oge di wilayah-wilayah Kabopatian atawa kapuunan sabuder kakawasaan Pajajaran.
Tug nepi ka kiwari, sok sanajan ngan kari mangrupa naskah-naskah lalakon, Pantun Bogor pencaran Aki Uyut Baju Rambeng nu di wariskeun ka Rd. Moehtar kala (alm), Pantun Gede jeung Pantun Leutik teh masih keneh aya. Najan lalakonna sarua, tapi loba perbedaanana. Sabab Pantun Gede mah kaasup mibanda ajen anu kacida sakralna, teu bisa di baca ku sagawayah jelema ari lain nu kawaris mah.
Mun nalungtik iraha mimiti ayana Pantun, sigana can aya para akhli sajarah sunda nu manggihan sumberna. Rata-rata nu pareng maca teh ukur nyendung kana naskah Sisa Kandang Karesian bae. Sabab dina eta naskah nuditulis taun 1518 M, kacatet jaman eta geus kacaritakeun aya pantun.
Dina naskah Pantun Gede Aki Buyut Baju Rambeng kacaritakeun, di Pakuan Pajajaran jaman pamarentahan Raja Prabu Wisnu Brata (Rakean Darma Siksa Prabu Sanghyang Wisnu-Th. 1175-1297 M ?), aya salasaurangturunan raja anu mubus ka Gunung Kendeng, tuluy nagmuridkeun cara-cara Mantun. Inyana cenah boga murid 7 urang nu salajuna nyebar ka daerha Cirebon, ka Rangkasbitung, ka Majalengka, ka Sumedang, ka Ciamis, ka Karawang, ka Bekasi. Tah cenah mah ti mimiti harita di Tatar Sunda mimiti yana Pantun. Jadi mun kitu ti abad ka-13 ge Seni Pantun teh geus aya, ngan bae kumaha gaya mantunna jaman harita, teu aya katerangan.
Sakumaha hartina tea, Pantun teh sarua jeung Sajarah. Ajen sarupa kitu teh ari keur warga masyarakat adat nu araya di wilayah Bogor, Banten Kidul jeung Sukabumi Kidul mah, masih keneh di paliara, sok sanajan dina ajen nu geus mimiti kagerus ku waktu. Kitu deui dina ajen Pantun-na, kiwari mah ngan ukur kari di lingkungan Masyarakat Urang Rawayan (Baduy) nu masih keneh rada weuteh teh. Sabab arinyanana mah masih keneh napak dina kayakinan Sunda Wiwitan tea sacara kukuh. Sedengkeun Juru Pantun daerah saluareunnana mah, jigana geus kakontaminasi ku pangaruh-pangaruh sejen, nepika jiwa pantun nu aslina geus teu pati dipaliara. Ku ayana kitu, mun kiwari nyiar Juru Pantun anu mampuh mantun numutkeun cara-cara pantun baheula, geus moal manggihan.
Ngan bae, ieu mah saukur conto. Dina jaman taun 1930-han di Bogor masih keneh aya “Juru Pantun Sisi Jalan” nyaeta Aki Cilong. Inyana mah mun mantun teh lalakonna acak-acakan sapotong-sapotong, nyaritakeun jaman Pajajaran Bogor. Malah mantunna tara matuh, salawasna sok pipindahan. Aya hal anu anehna, mun kabeneran aya urang Walanda liwat. Pantun inyana gancang dicaruk tarik pisan, sabari tungkul inyana kukulutus ngusir eta Walanda make basa sunda Bogor “Mantog sia kebo bule, mantog...!” Kaanehan sejenna, mun mantunna deuk pindah tempat, sorana geunah pisan ngahaleuangkeun kalimat-kalimat nu matuh : “Najan patinghaleuang sisi jalan, moal kapanggih ku para aji, moal katorah ku bujangga. Nya kabuka kunu ngaliwat sabari mulang, tapi weruh disemuna, eujeung nyaho dijogona, laju raong anu marenta dilalakonkeun......!”   


Kiwari.
kamarana atuh Juru Pantun nu marantunkeun Sunja Jaya?
meureun. Batur.....!
Uga Aki Cilong can wayah ngawaruga,
Can wayah daratang anu raong menta dilalakonkeun,
lalakon Sunda mulang deui purbatisti purbajatina,
bari dibayuan ku dangdanan wanda anyar nu mijagat,
tanda gandang tnjeur Sunda ngimbangan jaman, Pun...!***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar