Kamis, 24 Januari 2013

Situ Wanayasa

Loba Ngaran Tempat di Wanayasa
Sarua jeung di Cirebon


YÉN Wanayasa kungsi kaéréh ka Cirebon, bisa dibuktikeun ku lobana ngaran tempat di Wanayasa, sarua jeung ngaran tempat nu aya di Cirebon.
WANAYASA téh perenahna  di suku Gunung Burangrang, malah ari sakitu juta taun mah, ayana di suku Gunung Sunda.. Sawaktu Gunung Sunda bitu, lebu vulkanikna ngajadikeun wilayah di sabudeureunanana jadi subur. Ogé nyiptakeun sababaraha cekungan dina aréal 100 km2 anu dipiwanoh kasebutna Cekungan Dano Bandung. Di tebéh kalér, cekungan urut dano Banmdung téh nyésa nya katelah Situ Wanayasa, hiji deui Situ Cibeber, pangparatan Situ Wanayasa.
Nepika kiwari can aya anu apal, sabaraha jerona Situ Wanayasa sabab ieu situ teu kungsi kagaringan teu jiga situ séjénna.
Saméméh Dalem Santri lahir, Situ Wanayasa mah geus kajojo. Jadi mun aya anu nyangka yén Situ Wanayasa dijieun ku Dalem Santri,rada héasé mercayana. Lamun mah Dalem Santri milu ngajaga malar Situ Wanayasa tetep dirumat, nya kakara percaya. Saperti anu kungsi dipilampah ku Éyang Tambak, dina abad 19 tetep narékahan sangkan Situ Wanayasa jejeg teu diruksak.
Legana situ téh aya kana 17 ha., ngan ayeuna kari 7 ha. Laleungit robah jinis jadi pasawahan. Baheula di tengah situ aya opat puncelut pasir, ayeuna kari hiji,  katelahna Pasir Mantri. Padahal baheula di saban pasir aya makam kuna. Di Pasir Mantri aya dua makam kuna nyaéta makam Kiay Warga Nala (Kyai Agung) jeung makam Mas Bagus Jalani ( Kyai Gedé). Aya dalapan atawa salapan makam kuna séjénna deui  tapi can kapaluruh makam saha éta.
Loba makam kuna jeung situs, ukur nandakeun yén ti baheula di sabudeureun Situ Wanayasa geus dipaké pusat kahirupan. Kungsi kapanggih kampak tina batu di Pasirkuda. Kapanggih batu Kasur, Batu Tanceb, Batu Tapak jeung arca nandi (sapi)_, ukur né¬télakeun yén penduduk Wanayasa kungsi ngagem agama Hindu.  Diduga urut Karajaan Saung Agung.
Ceuk Carita Parahyangan jeung Bujangga Manik, dina jaman Pajajaran di dieu aya Karajaan Saung Agung, rajana Hyang Banaspati.
Karajaan Saung Agung mangrupa karajaan pamungkas ti Karajaan Sunda sabab saterusna ditalukkeun ku Cirebon sabab wilayah Jabar tebéh kalér mah dina 1530 geus dikawasa ku Cirebon. Ngaran Saung Agung ku Cirebon dirobah jadi Wanayasa. Di wilayah Cirebon jeung Kuningan tepika Majalengka,  loba ngaran anu sarua, saperti Wanayasa, Sindangkasih, Ciracas, Cibuntu,  Panembahan, Pawenang, Lemahduhur, Gandasoli, Leuwihujan, Gembong, Maniis, Plered, Palumbon, Bunder. Depok jeung réa-réa deui.
Di kiduleun Wanayasa wilayah Kacamatan Beber, Kabupatén Cirebon, aya tilu ngaran tempat, nyaéta Bakom, Karanganyar jeung Cipulus. Ngaran anu sarua ogé kapanggih di kiduleun Wanayasa, Purwakarta. ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar