Jumat, 11 Januari 2013

Investigasi Perang Bubat(2)


Teu Kabéh Narima kana “Béja Anyar”

KURING nyieun novel Perang Bubat téh dumasar kana pesenan salah sahiji penerbit Nasional. “Kang Aan, mun pangnyieunkeun Perang Bubat …” ceuk salah saurang redaktur buku, ngahaja datang ka imah.
“Leuh, kudu nyaritakeun naon atuh, pan geus loba pengarang anu nyarieun novel nu maké latar tukang Perang Bubat téh? Kajaba mun penerbit daék nadah résikona?”
Nyarita kitu téh sabab sabenerna kuring geus sapuluh taun nalungtik ihwal Perang Bubat. Salila ieu, kuring nyaho kana Perang Bubat téh anu sumberna tina Kitab Kidung Sundayana. Karasa asa basajan teuing. Mun ceuk bahasa Indonésia “terlalu hitam putih”. Urang Sunda digambarkeun jadi nu boga lalakon, urang Majapahit para penjahatna, diluluguan ku Gajah Mada. Ku sabab ratus-ratus taun urang Sunda (sabenerna mah nyahona kakara taun 1920-an, sabab naskah asli, kungsi dibawa heula ku VOC ka nagrina, kakara bisa dibaca ku urang dina 1920-an), nya ieu wé nu dipercaya téh. Atuh balukarna, urang Sunda terus kanyenyerian. Maké pantrang di Sunda aya ngaran anu ngaharib-harib kana ngaran ti wétan. Euweuh Jl.Gajah Mada, euweuh Jl.Hayam Wuruk, euweuh Jl.Majapahit, jeung sajabana.
Naskah Kidung Sundayana jiga lalakon sinetron. Mani karasa dramatisna. Geura baé: Sanggeus Prabu Linggabuana gugur di pangperangan, bres Putri Dyah Pitaloka maéhan manéh dina raraga mertahankeun harga diri bangsa (mangga pilari, naha di Sunda aya tradisi “hara-kiri” dina ngajaga martabat? Sabab dina agama Sunda, disebutkeun nu paéh ngahaja, bakal dialungkeun ka Mandala anu panghinana).
Ku ayana kapanasaran éta kuring “nalungtik” sosoranganan. Penelitian gaya sorangan wé, teu dipandu ku paélmuan kalangan akademisi (ongkoh mun nalungtikna jiga akademisi, meureun kudu aya dana ratusan juta rupia, ti mana kuring boga duit sakitu?).
Tina hasil investigasi gaya kuring, goréhél loba anu kapanggih, yén geuning Perang Bubat téh loba vérsina. Nu ditulis dina novel Perang Bubat versi kuring, tangtu nimbulkeun kontroversi, utamana keur anu panatik kana béja nu geus jadi babon sajarah. Basa lounching buku di Aula Surat Kabar Pikiran Rakyat Bandung, teu euleum-euleum Prof Dr Jakob Sumardjo nyebutkeun “Buku ini menyesatkan dan jangan dibaca”. Hiji kelompok budaya anu aya di Ciamis gé, sarua harak ka kuring. Ceuk Surat Kabar Priangan nu medal di Ciamis, buku-buku kuring rék diduruk. Kuring gé rék dilaporkeun ka Gubernur sangkan karya-karya kuring ulah édar di Jawa Barat. Bonusna: kuring teu meunang ngalanto ka wewengkon Astana Gedé Kawali, tempat “korban Perang Bubat dipusarakeun”.
Tetela, teu kabeh jalma resep narima beja anyar. Samemeh milu ngabuktikeun bener-henteuna geus langsung mere vonis.   (Teraskeuneun) *** 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar