Jumat, 18 Januari 2013

Selaawi, Sésa Galih Pakuan

Selaawi, Sésa Galih Pakuan
Di wilayah Pasirhuut, Limbangan, aya anu nyieun tugu kujang, duka saha da urang lembur teu apaleun. Ngan cenah ieu dijieun ku anu kungsi kukurusuk ka dinya tur boga anggapan ieu teh tanah karamat. Pasirhuut dipercaya baheulana urut lokasi Karaton Karajaan Galih Pakuan.


URANG Selaawi baréto hubungan sosial-ékonomina leuwih deukeut ka Sumedanglarang jeung Cirebon batan ka Timanganten atawa ka Galih Pakuan. Malah tepikeun ka awal abad 19 mah, mun urang Selaawi hayang ka Cirebon, milih jalan téh ka kalér, nyaéta ka Cibugel, terus ngalér tepikeun ka anjog ka Situraja, terus bangblas  ka Kadipatén.

SELAAWI  perenahna di Kabupatén Garut tebéh kalér, kaléreun Kacamatan Limbangan. Ti sisi jalan Limbangan, teu jauh-jauh teuing. Kitu lah, sapuluhan kilométer mah aya. Jalanna lucir sanajan rada heureut gé. Tapi da ari mobil mah larsup. Aya ojég, aya angkutan pedésaan. Motor pribadi pasulibreng pagancang-gancang da puguh jalanna mulus. Lamun diteruskeun ka tebéh kalér, bakal anjog ka Cibugel. Malah mun diteruskeun beuki ka kalér, nya bakal anjog ka wewengkon Kabupaten Sumedang.  Selaawi téh ayeuna mah jadi wilayah kacamatan. Tapi da ari Selaawi anu asli mah, ayeuna gé aya, mangrupa lembur kuna. Disebut kitu, sabab ti keur jaman Pajajaran kénéh ogé ngaran Selaawi mah geus aya.
“Selaawi nu asli mah, nya ieu ukur sacangkéwok, mun ayeuna mah wewengkonna salega wilayah RT,” ceuk Amir urang Lembur Selaawi.
Amir téh bibit-buitna mah ti sabrang, nyaéta ti Boné, Sulawesi. Ngan Amir ngarasa aya hubungan jaman baheula antara Boné jeung Sunda. Pék wé bandungan cenah, di Sunda aya jenis opieun anu katelahna bugis. Naha cenah maké disebut bugis? Puguh aya jujutanana, nyaéta tina ngaran salah sahiji suku-bangsa nu aya di Sulawesi, suku Bugis. “Nu matak abdi ngahaja bumén-bumén di dieu, seja nyusud tapak lacak karuhun,” ceuk Amir. Sual Amir nyusud lacak karuhun, keun éta mah urang pedar ka hareup. Ngan ceuk Amir, di wewengkon Selaawi téh loba pisan titinggal jaman baheula. Éta mah cenah henteu kudu anéh. Ari sababna, apanan Selaawi mah asup ka wewengkon Karajaan Galih Pakuan. Ari Galih Pakuan, sanajan umurna jauh leuwih kolot, tapi béh dieu béh dieu mah nyaéta sanggeus abad 15, kaéréh ka Pajajaran.
Loba kagiatan sosial-ékonomi di Galih Pakuan. Boh hubungan ékonomi jeung puseur nagara, nyaéta Pakuan (Bogor kiwari), boh jeung nagri-nagri luareun Pajajaran.
“Minangka conto, di Selaawi seueur penduduk anu ngagaduhan barang kuna titinggal Galih Pakuan tapi éta banda kuna gaduh ciri-ciri karya seni Cina. Éta henteu kedah anéh, margi dina jaman Karajaan Galih Pakuan, seueur kadongkapan ku padagang-padagang ti daratan Cina,” ceuk Amir. Ceuk Amir deui, Cina-cina anu ngayakeun hubungan dagang jeung Galih Pakuan téh,  loba anu teu baralik deui ka nagrina, malah tepikeun ka baranahan. Sawatara masarakat Limbangan malah nyebutkeun, taun-taun béh dieu, aya Cina beunghar anu gawéna meulian lahan tanah anu ngandung patilasan kuna. Ieu pangusaha téh kabéjakeun ngukumpul barang-barang kuna, dikumpulkeun di Limbangan da cenah di dieu rék ngadegkeun museum. Bisa jadi manéhna resep kana sajarah, jeung kabeneran keur narékahan hayang nyusud karuhunna di Limbangan.
“Dugika taun 60’an mah, seueur pangusaha Cina di Selaawi sareng Limbangan. Upami aya istilah encék pindring, tiasa janten di Limbangan sareng Selaawi, seueur Cina anu usahana ngulinceran pilemburan, dagang encit, dagang alat rumah-tangga, ditatanggung bari mawa kolontong disadakeun,” ceuk tokoh ti Limbangan.
“Ayeuna di Bandung atawa di kota-kota badag loba Cina. Padahal ari mimitina mah Cina téh lain jol ti Bandung, tapi di wewengkon-wewengkon samodél Limbangan jeung Cicaléngka,” ceuk tokoh Limbangan nerangkeun. Ceuk inyana, jauh saméméh Bandung aya, karaméan mah malah geus karasa di Limbangan. Terus maju ka kulon, saperti ka Cicaléngka, ka Ujungberung, kakara ka Bandung, nyaéta sanggeus ngadeg Kota Bandung.
“Pék wé talungtik, kuburan Cina pangkolotna lain Cikadut Bandung tapi Cicaléngka,” pokna. Ceuk ieu tokoh, tepikeun ka taun 50’an, di Cicaléngka masih kénéh aya kuburan Cina, katelahna Santiong. Ku kamekaran pakumbuhan, kuburan Cina di Cicaléngka dipindahkeun ka Nagrég. Ayeuna mah, Santiong téh ukur ngaran lembur, kuburan mah geus euweuh,” omongna deui. Cina-cina di Limbangan, di Selaawi, atawa di wewengkon-wewengkon padésaan, taun 60’an dialusiran. “Pan jaman Bung Karno aya aturan, bangsa asing, kaasup Cina teu meunang cicing di padésaan,” ceuk Mang Soléh, urang Balubur Limbangan.

Sumedanglarang-Cirebon
Ceuk Amir, tepikeun ka awal abad 20, hubungan sosial-ékonomi urang Selaawi lain ka Limbangan atawa ka Garut, tapi ka wilayah Sumedanglarang. Jaman harita, lalampahan téh babarina ka wewengkon Sumedang. Loba barang hasil-bumi ti Selaawi, diakutna ka Sumedang. Mun geus anjog ka Sumedang, teu hésé lalampahan ka Kadipatén atawa ka Cirebon mah.
Sanggeus jaman Islam, hubungan jeung Cirebon jauh leuwih raket ti batan ka wewengkon séjénna. Ceuk kolot-kolot baheula urang Selaawi, baheula lamun bulan Mulud, urang Selaawi ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, seja jarah ka makam Sunan Gunungjati. Ti Selaawi nu boga kuda iangna kana kuda, nu teu boga nya milih mancal. Laleumpang mapay jalan padati muru ka tebéh kalér. Ngaliwatan Cibugel, mun méngkol ngénca bakal anjog ka Maronggé, mun méngkol ngatuhu, bakal anjog ka Tomo, bangblas ka Situraja. Ti dinya muru Kadipatén.
“Geus tepi ka Kadipatén mah, geus nyampak tutumpakan karéta api, nya ariang ka Cirebon tarumpak karéta,” ceuk tokoh Limbangan.
Sabenerna, masing jaman kiwari gé, rék muru wewengkon Sumedang mah bakal dianggap praktis ngaliwatan Cibugel, batan kudu ka Cileunyi heula mah. Malah jalan téh ari tepikeun ka Cibugel mah, ti Limbangan téh kawilang lucir sanajan leutik gé. Ukur di tapel-wates antara Kabupatén Garut jeung Kabupatén Sumedang rada renjul téh tapi da geus ka wewengkon Sumedang mah, jalan téh mulus deui.
Yén hubungan jeung Cirebon leuwih raket batan jeung wilayah séjénna, bisa dibuktikeun ku lobana urang Garut anu aya kokocoran ti Cirebon. Malah di sawatara tempat nu aya di Limbangan, loba makam karamat anu dipendem di dinya téh, baheula inohong ti Cirebon. Ceuk Amir, teu kudu anéh. Sabab dina jaman kamekaran Islam, urang Cirebon loba ngajugjug ka wewengkon Galih Pakuan pikeun ngislamkeun urang dieu. Galih Pakuan kudu leuwih loba kapangaruhan ku Cirebon batan ku Pajajaran, anu harita dianggap embung asup Islam.  ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar