Jumat, 18 Januari 2013

Kawah Ciwidey

Kawah Cibuni Gunung Sepuh Tempat Kumpulna Para Karuhun Sunda

IEU mah ceuk kapercayaan sawatara jalma. Yén cenah di Kawah Cibuni, wewengkon Gunung Sepuh, Ciwidey, dina saban taun dina waktu-waktu anu geus ditangtukeun, para arwah karuhun Sunda sok kumpul di dinya. Saha-saha baé arinyana téh? Moal apal mun disebutan hiji-hiji mah sabab jumlahna leuwih ti saratus.
“Nya kitu lah, kedah we 140 arwah karuhun mah, ti sababaraha jaman, kempel dina diménsi waktu anu sami,” ceuk Sudradjat (70) anu geus sababaraha kali jarah ka éta tempat.
Waktu dikolongan, saha-saha baé arwah pra karuhun Sunda ti saban jaman anu kumpul di ieu tempat téh, Sudradjat anggur malik nanya.
“Sok wé ku salira disebatan, ke mun leres, ku abdi diunggeukan,” pokna.
“Prabu Siliwangi?”
“Hadir.”
“Ibu Ratu Kidul?”
“Pasti hadir.”
Nu nulis ngahuleng da nginget-nginget saha karuhun anu kudu disebutan. Ngan ceuk Sudradjat, geus wé teu kudu ditataan, da sasha gé sami hadir, nya ti sababaraha pajamanan,” pokna.
Teu kudu anéh cenah. Ulah disaruakeun jeung alam urang, anu kru bisa tepung jeung jalma sajaman. Di duny itu mah béda deui. Maranéhna bisa nganjang ka jaman mana baé, nya bisa tarepung dina jaman anu sarua, jaman ayeuna contona.
Tepungna dina saban taun, biasa dina tanggal 1 Suro. Karumpul ngabadamikeun tepika mana manusa bisa nyieun tanggung-jawab dina nyicingan dunya.
Ceuk Sudradjat, maranéhna téh ngarasa handeueul, sabab salila cicing di dunya, teu ngarasa sampurna dina ngajaga dunya. Da cenah lamun kongang mah, hayang  uar-pangajak ka jalma anu ayeuna kumelendang di dunya nyata, sangkan sing iatna dina ngajaga weuteuhna dunya.
“Tapi urang-urang kaseuseueuran kalah tibalik. Puguh itu nu hayang ménta tulung jang nyalametkeun atawa miara dunya, ieu kalah sabalikna, mun urang datang ka dieu téh kalahka eudeuk punta-pénta,” ceuk Sudradjat seuri. Saban kaliwonan ramé nu ngadon jarah ka dieu. Atuh komo dina pananggalan penting mah, ngaleut ka dieu téh, tatapa dibélaan katirisan kaibunan,” ceuk Sudradjat.
Kawah Cibuni téh tempatna buni, rada jolok. Mun urang rék ulin ka Situ Paténgan, saméméh gerbang karcis, aya jalan méngkol ngénca ka handap. Jalanna hotmiks, bakal terus ka laut kidul Cidaun. Tujuh kilometer kira-kira, nya anjog ka nu dimaksud. Teu sisi jalan, da kudu asup ka jalan satapak (sabenerna motor geus asup), satengah kilometer ka jero  leuweung. Nya ieu Kawah Cibuni téh. Barudak ngora mah geus biasa ulin ka dinya sabab pamandanganana éndah, jaba bisa mandi di cai panas tujuh pancuran. Kawahna aya sababaraha jumpluk jeung teu bahaya. Atuh nu ulin téh laluasa ajleng-ajlengan dina batu. Ngan kadé kudu ati-ati da kawag téh ngagolak kénéh sorana gé aya nu gegebosan, aya anu ngahiung jiga tukang putu. Leutak kawah rasana béda-béda. Aya nu semu amis, semu asin, semu kesed jeung semu haseum. Tapi kabéh gé bisa dipaké ubar. Nu matak ka dinya téh ogé aya anu rék natambakeun panyakit. Lolobana mah panyakit tulang jeung kulit. Poé Minggu ramé kunu piknik. Tapi ari poé séjénna mah lolobana anu rék tatamba jeung anu rék jarah atawa tatapa  téa. (AMP) ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar