Sabtu, 12 Januari 2013

Karajaan Pananjung Pangandaran 2

Guha Rengganis

Geus Dipapagahan
Tong Ngadegkeun Karaton
di Basisir Pananjung


KU ingkang rama Prabu Haur Kuning ti Galuh, geus diomat-omatan, ulah nyieun karaton di Pananjung sabab bakal loba mamalana. Ngan baé Radén Anggalarang kumeukeuh ngadegkeun Karajaan jeung Karaton Pananjung.

KAJADIANANA dina abad 16. Di jojontor Basisir Pananjung, Pangandaran ngadeg hiji karajaan, Pananjung ngaranna.
Bisa jadi ngaran pananjung geus aya saméméh karajaan katut karatonna diadegkeun. Pananjung téh asal kecap tina “tanjung”, nyaéta gugusun taneuh anu ngajojontor ka tengah laut. Tanjung téh sabalikna tina teluk. Pan ari anu disebut teluk mah, laut anu asup kana lengkungan daratan. Lamun mireungeuh kana kar atawa peta, écés pisan, aya babagian daratan anu ngajojontor ka laut, nya nu kiwari jadi Cagar Alam Pananjung téa.
Dina jamanna Karajaan Pananjung, ngaran pangandaran acan dipiwanoh. Pangandaran mah ceuk sakaol, tina asal kecap pangan jeung andar-andar. Harti sagemblengna nyaéta hiji tempat paragi jalma néangan pakasaban.
Wewengkon Pananjung, ti jaman béh ditu kénéh ogé geus biasa didatangan ku jalma, sabab tempatna anu asri. Pendudukna geus aya deuih, sanajan ancal-ancalan. Arusahana kana lintar atawa jadi pamayang. Bajo atawa rampog laut gé geus biasa hanjat ka Basisir Pananjung. Maranéhna nu daratangna ti Cilacap, geus biasa punta-pénta bari maksa ku alesan jang kaamanan.
Basa Radén Anggalarang hayang bubuara ka éta wewengkon, angot sanggeus boga niat hayang ngadegkeun karajaan, ku ingkang rama Prabu Haur Kuning ti Galuh, sabenerna mah teu disatujuan. Alesan mah, bisi diganggu jalma jahat. Ngan baé Radén Anggalarang kumeukeuh bari ngasongkeun alesan rék tarapti jaga diri.
Sawaktu ngaboyong ingkang garwa Déwi Rengganis ka pakidulan, Radén Anggalarang ngadegkeun karaton. Karatonna nyamuni pisan sabab diadegkeun di jero guha. Ayeuna, éta guha masih kénéh aya, katelahna Guha Lanang.
Mémang Raden Anggalarang téh kawilang tarapti. Ngadegkeun karaton nyamuni pisan. Jalma saliwat moal aya anu apal yén di jero guha aya hiji karaton agréng. Meunang sababaraha waktu mah, bajo laut nu dikekentongan ku Suraboma, henteu apaleun yén di Pananjung ngadeg karaton agréng.
Ngan baé béh dieu béh dieu, kalangan bajo ngarasa héran. Saan waktu ka éta tempat loba jalma bubuara. Wewengkon Pananjung beuki ramé jiga-jiga di dinya aya kahirupan nu pikabetaheun. Puguh gé enya pikabetaheun sabab ayeuna Pananjung aya anu ngurus aya anu ngatur. Rahayat diatur kasejahteraaan, diatur pakasabanana, diatur hak jeung kawajibanana.
Saking ku héran, sababaraha urang anggota bajo ngintip-ngintip, ngan weléh rahayat teu betus. Malah ku sabab keuheul, pamustunganana rahayat diancam-ancam, malah digunasika. Mireungeuh loba rahayat dibinasa, atuh nu séjén tingberetek lumpat. Lumpatna téh ka lingkungan karaton di jero guha. Ari geus kitu mah kabokér baé yén di jero guha aya karaton.
Suraboma ngajorag malah ngancam-ngancam bakal ngamusnakeun pangeysi karaton mun teu daék méré kauntungan.
Prabu Anggalarang éléh déét, batan rayat jadi korban, mending méré séba da rejeki mah bisa disiar.
Meunang sakitu lilana Karajaan Pananjung aman sabab Raja sanggup méré kagenahan ka para bajo. Ngalaman riweuh deui téh sanggeus Suraboma ngintip Déwi Rengganis keur mandi. ***

Batu Kaldé (Titinggal Tarumanagara Ahir)


TEU jauh ti Guha Lanang nu aya di Kompléks Cagar Alam Pananjung, aya situs candi anu ku urang dinya disebutna Candi Batu Kaldé. Méré ngaran Batu Kaldé sabenerna mah henteu pas, sabab mun mireungeuh arca nu aya di dinya, sabenerna éta arca sapi (nandi ceuk Hindu).
Lamun aya arca nandi, écés, Batu Kaldé dijieun jang sesembahan Hindu.
Batu Kaldé taya patalina jeung Karajaan Pananjung. Saméméh Karajaan Pananjung ngadeg, Candi Batu Kaldé mah geus aya. Karajaan Pananjung ngadeg dina abad 16, ari Candi Batu Kaldé mah ngadeg dina abad 8 atawa peresisna dina taun 793 Maséhi. Candi Batu Kaldé diadegkeun ku Resi Sriwaksuwishu, anu ogé ngadegkeun candi Hindu di Karajaan Tarumanagara ahir. Ti Tarumanagara, ieu resi ngalalana ngadatangan sakur patempatan anu pendudukna acan baroga agama. Jadi, Batu Kaldé diadegkeun di Pananjung téh, sabab harita penduduk Pananjung can boga agama.
Candi Batu Kaldé jaman harita aktip dipake sesembahan. Harita mah ngawangun hiji adegan dijieun tina batu umpak, ka luhurna muncugug, jangkungna aya kana genep méterna, rubaknasalapangan volley mun ayeuna mah. Di hareupeun rohangan, aya batu pangcalikan. Mun hayang diuk dina éta batu, kudu mapay batu umpak jang tétécéan. Di sisi katuhu jeung kénca aya batu tempat neundeun sasaji.
Dina jaman Karajaan Pananjung, Batu Kaldé masih kénéh dipiara dipaké muja, ngan lain ku nagara, sabab ari nagara mah teu ngagem Hindu tapi ngagem agama Sunda. Ngan baé pihak nagara tetep nangtayungankana kabébasan ngagem agama ka rahayatna. ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar