Sabtu, 12 Januari 2013

Karajaan Pananjung Pangandaran 1

Ieu foto Guha Lanang urut Karaton Karajaan Pananjung

Déwi Rengganis
Ngaranna di Mana-mana

DÉWI Rengganis téh hiji putri geulis ti Karajaan Pananjung, Pangandaran. Ngaranna aya di mana-mana. Salian ti kajojo di Pangandaran, ogé kasabit-sabit di wewengkon Ciwidey jeung di Banyumas.

SABAN bulan Mulud ka Cirengganis anu aya di Cagar Alam Pananjung Pangandaran, sok aya anu ngadon mandi da éta cenah dipercaya mawa awét ngora kana awak. Teu sakadar mandi dina cai nyusu sisi laut anu caina tiis kacida, da maranéhna ogé sok bari ngado’a. Anu sok ngayakeun ritual di Cirengganis téh ogé masarakat Jawa Tangah anu datang ti Cilacap jeung ti Kabupatén Banyumas atawa ti tempat-tempat séjénna nu aya di Jateng.
Naha urang Jateng daratang ka patilasan Déwi Rengganis? Sabab ceuk sakaol, Déwi Rengganis anu bumén-bumén di Pangandaran sabab jadi permésuri Raja Karajaan Pananjung téh bibit-buitna mah ti Banyumas, Jawa Tengah. Jadi, teu kaleuleuwihi mun aya urang Banyumas, Cilacap jeung sabudeureunana ngarasa turunan téh. Maranéhna hormat pisan la Déwi Rengganis.
“Di wewengkon Banyumas ogé seueur patilasan Déwi Rengganis. Mangga geura, Tim invéstigasi UGa dongkap ka Banyumas ...” ceuk turis ti Bumi Ayu.
Baheula dina jamanna Déwi Rengganis, acan aya istilah Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur. Dina jaman Karajaan Galuh, apanan Banyumas téh kaéréh ka Galuh. Hartina, Déwi Rengganis téh nya urang Galuh, ngan dumukna di wewengkon Banyumas.
Ceuk vérsi urang Pangandaran, Déwi Rengganis téh permésuri Prabu Anggalarang, ti Karajaan Pananjung, Pangandaran. Nasibna ngalaman goréng, kalunta-lunta tepikeun ka nyamur jadi juru ibing Ronggéng Gunung, sabab dibeberik ku kekentong bajo Cilacap anu ngaranna Suraboma. Si Boma téh kapentang asmara, teu kuat mireungeuh kageulisan Déwi Rengganis sawaktu diintip mandi. Gara-gara bogoh ka permésuri raja, karaton gé tepikeun ka diburak-barik, rahayatna bubar katawuran jeung sawaréh dibinasa ku Si Rampog bangwarah.
Di Pangandaran, Déwi Rengganis téh jadi lambang kageulisan. Sing saha awéwé anu hayang geuwat meunangkeun jodo, hayang awét ngora jeung hayang dipikanyaah ku salaki, nya kudu mandi di Cirengganis anu aya di Cagar Alam Pananjung.
Di Situ Paténgan atawa Patenggang, Kabupatén Bandung, Déwi Rengganis jadi lambang cinta. Di Situ Paténgan aya batu anu dingaranan Batu Cinta, tempat papanggihna Déwi Rengganis jeung Kéan Santang (?). Di dieu gé aya kapercayaan, yén sing saha anu hayang awét jodo, kudu ulin di Situ Paténgan. Nu keur laki-rabi bakal hirup tepikeun ka pakétrok iteuk, nu keur bobogohan gé bakal laksana ka balé nyungcung. Kitu cenah.
Tapi, naha enya Déwi Rengganis boga kekuatan cinta keur larapkeuneun ka anu séjén?
Ieu di handap béréndélan omongan-omongan Déwi Rengganis, ceuk basa asli dina jaman inyana hirup. Kapanggih tina catetan kuna anu diampihan ku kolot nu mangkuk di wewengkon pakidulan.

Ari élmu mah teu migaduh
mung ari rék miara kamolékan mah teu sesah
mapagan haté tur sabar
réla nuangkeun sagala rupi nu katampi
iklas meunang cocoba naon baé
teras ngabdi ka Gusti Hyang
nu saéstuning, mung ieu
molékna diri téh gagaduhan MantenNa
Suhungkeun, dinadahkeun
supados hégar tur bingar ...

Encé mah sanes mantenna ti Sunda
Mung Encé mah mikacinta ka Sunda
Encé mung marengkeun
sing ditepikeun kadugina
kedah tara hilap ka bihari-bihara
anu malampungkeun
ceug dugika kiwari-kiwara
miara eusi pangajiwa
muarakeun mikacinta
sanés ku boborna, kedah jeung babarna
mugia léngkah ngabuka satuluyna
tina kasalametan
turning sajahtera
Sakitu baé

Sampurasun! ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar