Kamis, 10 Januari 2013

Panalungtikan


Diduga Lambang Bandera Pajajaran Dina Tetengger Makam Kuna


IEU di handap diterangkeun filosofi bandera anu diduga “bandera Pajajaran”, atwa bisa jadi umbul-umbul.

DI Gunung Nagara, Cisompet, pakidulan Garut, di hiji mumunggang pasir, kapanggih kumpulan artefak anu dikira-kira eta teh kompleks makam kuna. Di sawatara tetenggerna, aya tulisan kaligrafi anu bisa kabaca jeung eusina bisa dikira-kira. Ari dina salah sahiji tetengger mah kapanggih aya lambang anu ku tim investigasi Ujung Galuh, diduga lambang bandera Pajajaran.
Ceuk panapsiran tim investigasi Ujung Galuh, baheula, Pajajaran teh boga bandera karajaan. Lambangna bintang juru dalapan. Bandera teh pulas dasarna hideung meles tapi di sisi-sisi juru opatna bodas. Ari gambar bintangna pulas koneng, sisi-sisina bulao. Bandera Pajajaran teh katelahna Pramu gya’ha. Hartina: pramu = sapiruntuyan, gya’ha = sababad (silih-wangi). Ditarjamahkeun ku panapsiran, hartina: ngahiji dina kaayaan anu satata dina harkat. Nu nyiptakeun lambang dina bandera ngaranna Ki Parwitha Teuleum Agung.
Harita, teu sagawayah jalma bisa ngelebetkeun bandera, kajaba lamun keur nyanghareupan peperangan, bandera Pajajaran pasti ngelebet jang nambah sumanget.
Teu sagawayah jalma ngapimilik bandera. Bandera ukur dipasang di karajaan-karajaan, ti mimiti karajaan puseur, tepikeun ka karajaan leutik nu kaereh ka Pajajaran. Upacara bandera jiga anu sok dipilampah dina jaman kiwari, teu kapanggih dina jaman Pajajaran mah. Ngan ku ayana lambang bandera, dipiharep sakumna urang Pajajaran boga patekadan dina mikacinta kana tata, mikacinta ka prabu, mikacinta kana alam, mikacinta ka dulur, mikacinta ka batur salembur jeung sakabehna. Eta kudu ditetepkeun jeung ditancebkeun dina hate masing-masing nu ngarasa reueus ka Pajajaran. 
Juru dalapan ceuk sebutan urang Pajajaran harita mah disebutna curuk dalapan. Eta kabacana kieu: 1. mayunan tha’ta (mentang ti hareup), 2. kamma mur’ta (balad ti urang), 3. Pri’arthi tegep (gagah ti harti), 4. Simandang corak (warna ti harta),5. Walas alang (welas ti asih),6. Gih’gih kerep ( manceg ti wibawa), 7. Sama’nga pikertha (terap ti pekerti), 8. Imbhar’merta  (waris di urang-urang keneh). Naon maksud eta jajaran kalimah, masih keneh keur dipaluruh ku tim. Ngan nu eces, ieu kabeh aya harti anu leuwih jembar jeung lamun kudu merele, bakal jadi artikel anu kacida panjangna. Naon sababna bandera make dasar hideung, bentangna pulas koneng, eta ge aya maksudna. Ka hareup mun geus kapanggih panapsiranana, hade urang terangkeun. Tapi da ieu teh deuih sabenerna ukur mangrupa hasil panalungtikan anu sipatna panapsiran tina ladang maca lambang jeung aksara dina tetengger. Hasilna can tangtu sarua jeung panalungtikan katut panapsiran mun batur ngayakeun panalungtikan. Saperti ceuk pamanggih R.Lalam Wiranatakusumah, budayawan. Ceuk inyana basa dipenta pamanggihna, sakanyahona, di Pajajaran mah euweuh bandera, aya oge umbul-umbul. Lamun mah dina tetengger anu kapanggih aya gambar bintang juru dalapan, bisa jadi eta mah lambang nagara, lain bandera. Can tangtu lambang Pajajaran deuih. “Sabab Pajajaran teh nagara faderasi. Loba nagara bagian anu ngabawah ka Pajajaran tur baroga lambang sewang-sewangan. Ngan panalungtikan tim investigasi Ujung Galuh, tetep kudu dirojong ku panalungtikan ti pihak sejenna malar hasilna leuwih jembar,” ceuk Lalam.   ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar