Jumat, 18 Januari 2013

Prabu Surawisesa


Prabu Surawisesa Nyalametkeun Makuta Binokasih

LOBA pisan versi di luar catetan sajarah resmi ngeunaan lalampahan Prabu Surawisesa sabada turun tahta ti Pajajaran teh. Tapi dina enas-enasna, kabeh nyebutkeun yen eta raja Pajajaran kadua teh, ngumbara ka ditu ka dieu, tepikeun ka ahirna ngajanggelek jadi hiji tokoh anu katelahna Eyang Jaya Perkosa.


TEU pati loba  anu nyaritakeun, sanggeus Prabu Surawisesa turun tahta ti karajaan Pajajaran taun 1555 M.  Jeung naha bet kudu nyerenkeun karajaan ka Ratu Sakti, lain ka putrana? Atawa memang enya, da Prabu Surawisesa mah teu gaduheun putra, matak dibikeun ka dulur ge.
Ngan anu jadi panasaran, sanggeus teu jadi raja di Pajajaran, terus lunta. Lunta kamana atuh ieu raja nu kungsi disebut-sebut Mundinglaya Dikusumah ku juru pantun teh bet ngiles kitu wae? Padahal saenyana, umurna can kolot-kolot teuing, karek 50 taunan. Umur sakitu, dina mangsa harita mah, meureun can kasebut rempo, malah bisa jadi masih keneh belekesenteng.
Jadi asa aneh, can waktuna pangsiun, bet ujug-ujug nyerenkeun kakawasaan bari jeung lain ka anakna sorangan.
Kacindekan saheulaanan, Prabu Surawisesa henteu boga budak. Aya eta oge nu curiga yen putrana Sang Prabu teh nyaeta Tanduran Manik. Hanjakal embungeun neruskeun tapak lacak bapana, kalah milih jadi rahayat biasa, jadi ajar resi, teu kabita ku kapangkatan.
Ari pangna Prabu Surawisesa mikeun kakawasaan ka Ratu Sakti, saenyana, lain pedah geus bosen jadi raja atawa geus cape teuing ngurus karajaan, tapi aya tujuan sejen anu nyamuni, anu jigna mah pikeun nyalametkeun Karajaan Pajajaran.
Dina mangsa harita, ku datangna bangsa asing ka wilayah Nusantara geus ngabalukarkeun aweuhan pulitik mimiti  panas. Ekspansi marebutkeun wilayah kakawasaan geus mimiti ngancam kana katengtreman saban karajaan.
Ku kituna, pikeun ngayonan eta ancaman, Prabu Surawisesa mah geus taki-taki ku ngayakeun hubungan dagang internasional nu munggaran jeung pihak Portugis.  Pihak Prabu Surawisesa pesen alat senjata, ari pihak Portugis menta disadiaan hasil bumi anu memang kacida ngaleuya di bumi Pajajaran.
Tapi teu saeutik, ari pihak raja-raja pribumi sejen mah nganggapna ka Prabu Surawisesa teh, cenah geus sakongkol jeung Portugis, anu dianggap bakal ngancam kana integritas wilayah. Padahal ukur hubungan dagang biasa.
Hiji kauntungan keur pihak asing mah, utamana bangsa Walanda. Situasi sarupa kitu teh malah dipake kaulinan pikeun ngayakeun pulitik adu domba. Karajaan Banten, kaasup nu babari kahasut ku propokasi Walanda, nepi ka ngamusuhan ka Pajajaran. Katambah-tambah deuih, antara Pajajaran jeung Banten teh, najan saampar, tapi dina mangsa harita  masing-masing nyekel ageman nu beda. Anu dijadikeun dadasar ideologis nagarana sewang-sewangan.
Beuki nambahan kauntungan wae pikeun Bangsa Walanda mah. Target utama ngancurkeun Pajajaran, salah sahiji karajaan anu kawilang rohaka di Nusantara dina mangsa harita, teu kudu cape-cape, bisa nginjeum leungeun ka Karajaan Banten. Jeung ieu dibuktikeun ku Banten dibantuan ku karajaan-karajaan sejenna anu saideologi.
Ningali galagat teu hade sarupa kitu, nya ti harita Prabu Surawisesa nyerenkeun kakawasaan ka Ratu Sakti. Ti dinya, Sang Prabu Surawisesa anu kacida ngahargaanana ka para luluhurna, mimiti ngiles ninggalkeun Pajajaran. Ngalesotkeun baju karajaan. Nyamur jadi rahayat biasa, bari ngalanglangan sakabeh karajaan anu kabawah ka Pajajaran. Sajeroning ngalanglang kalawan gunta-ganti ngaran, kituna teh henteu ngan saukur tambuh laku, tapi deuih bari jeung nyieun gerakan bawah tanah nepakeun rupa-rupa taktik pertahanan anu jadi andelan Pajajaran. Anu maksudna sangkan karajaan-karajaan leutik bawahan Pajajaran bisa salawasna taki-taki jeung siap sayaga ngayonan rupa-rupa bancang pakewuh anu bakal disangharaeupan.
Hanjakal, saditinggalkeun ku Prabu Surawisesa, Karajaan Pajajaran di Pakuan Bogor bet kalah ngalaman krisis kapamingpinan. Anu ahirna ngalaman burak dina mangsa Prabu Sang Nusia Mulya Suryakancana atawa Prabu Karaseda (1579 M).
Dina mangsa harita, Prabu Surawisesa umurna geus nincak 70 taunan. Nya, basa karaton Pakuan di Bogor dikosongkeun ku Prabu Suryakancana, apan Prabu Surawisesa anu nyalametkeun rajakaya karajaan, kayaning makuta Sanghyang Pake  Binokasih katut asesoris karajaan sejenna anu bahanna tina emas 24 karat. Ceuk sakaol mah, nepi ka ayeuna ge masih keneh aman di hiji tempat anu ngaranna kampung Simpen, wilayah Garut. Diperenahkeun di jero guha atawa di jero taneuh anu kacida dirusiahkeunana. Dina UGa-07 mah, pajah Makuta Binokasih teh disumputkeunana di wewengkon Pasirhuut, Limbangan. Teu dibikeun ka Karajaan Sumedanglarang kawas ceuk pangakuan sejarawan resmi.
Sanajan sacara de fakto Pakuan Pajajaran geus burak, tapi ari eksistensi secara de jure mah masih keneh dipertahankeun jeung kasalametkeun, ku cara nguatan barikade di karajaan-karajaan jieunan Pajajaran anu diwariskeun ngaliwatan turunan langsung ti Prabu Siliwangi. Eta kabeh karajaan anu dipingpin ku para putra Prabu Siliwangi, kalawan gemet salawasna dilanglang, diaping jeung diriksa ku Prabu Surawisesa anu geus nyamur kalawan jujuluk Batara Lengser.
Dina taun 1600-an, kakawasaan Karajaan Cirebon beuki nyered ka kulon, nga-deukeutan Sumedang. Tangtu we, ieu teh bakal jadi ancaman kana integritas wilayah Sumedanglarang, salah sahiji karajaan bawahan Pajajaran anu masih keneh kaitung kuat. Ku kituna, Sang Batara Lengser, gancang nyieun kakuatan di Sumedanglarang.
Pikeun ngahalangan ambisi Cirebon ngarebut wilayah Sumedanglarang, Sang Batara Lengser anu jadi panasehat Karajaan Sumedanglarang gancang nyieun strategis politis. Salian ti ngangkat Pangeran Geusan Ulun alias Angkawijaya anu kungsi digedekeun di Cirebon, oge ngadegkeun karaton di Kutamaya minangka puseur pamarentahan.
Ku diangkatna Pangeran Geusan Ulun anu masih keneh kaitung boga garis katurunan ti Cirebon pikeun mingpin  Sumedanglarang, geus ngabalukarkeun  Cirebon ngarasa reugreug, nepi ka ahirna ngabatalkeun paniatanana mumusuhan jeung Sumedanglarang.
Dina kapamingpinan Geusan Ulun, Sang Batara Lengser kacida pisan dipikolotna, nepi ka kungsi dibere gelar Mbah atawa Panembahan Eyang Rama. Tapi ari di kalangan rahayat mah leuwih katelah Eyang Jayaperkosa, atawa Terong Peot, jeung Kondang Hapa.
Pantes rek dilandih kitu ge, da dina mangsa harita, umur Sang Batara Lengser atawa Eyang Jayaperkosa geus henteu ngora deui. Nincak kana umur 80 taunan. Tapi masih keneh katingali jagjag belejag. Bubuhan tara cicing, pangpangna mah dina ngawariskeun rupa-rupa elmuning strategi ngatur nagara jeung taktik perang ka para prajurit. Ongkoh Eyang Jayaperkosa ge ngabogaan pasukan husus anu lobana 400 urang minangka prajurit petingan. Atawa rider mun dina mangsa kiwari mah.
Matak wajar, mun Sumedanglarang ngajanggelek jadi karajaan anu kacida dipikaserab dina kapamingpinan Pangeran Geusan Ulun anu diaping ku Eyang Jaya Perkosa. Anu bisa disebutkan minangka dwi tunggalna Sumedanglarang.
Puncakna dina perang Ganeas kira taun 1618-1620 M waktu ngayonan pasukan Cirebon pimpinan  Pangeran Girilaya, anu dipancing ku diculikna Prameswari Karajaan Cirebon, Harisbaya ku Pangeran Geusan Ulun. Anu saenyana, eta perang teh jieunan Eyang Jayaperkosa. Eyang Jaya Perkosa anu harita umurna mimiti nincak 100 taun, masih keneh neuteuli ka Cirebon jeung Banten anu geus ngancurkeun Pajajaran. Nya di Karaton Kutamaya, inyana nyieun siasat kumaha sangkan Banten jeung Cirebon bisa diadu. Da geuning, antukna mah anu perang teh bet kalahka Pasukan Cirebon jeung Pasukan Banten. Pihak Sumedanglarang mah kalah lalajo we, da basa narima serangan ti Cirebon teh menta bantuan ka Banten. (Dadan Sungkawa)***   

2 komentar:

  1. naha dina eta guaran eyang jaya perkosa, eyang terong peot, kondang hapa jalmina eta eta keneh, abdi maos dina nagarakretabhumi, benten cenah rai raka, mana nu leres/mendekati leresna. panginten mbah sayang hawu ge eta eta keneh. manawi aya penjelasana. haturnuhun

    BalasHapus
  2. Apanan eces dina naskah carita parahyangan, yen prabu surawisesa jayaprakosa teh satutasna mulang perang salila 14 taun, teu dugi naunan pupus.

    BalasHapus